Bewara Sangkan Teu Ngaremeh

Bewara nu dijieun ku Anami jeung Raihan. (sundaonline/egg)

Ku lantaran di urang loba keneh jalma nu can sadar kana pereluna meakkeun alas waktu barangdahar, Anami (21) jeung Raihan (17) mah nekad  nulis bewara dina kertas HVS, tuluy eta bewara ditapelkeun kana dingding deukeut meja parasmanan. Peta kitu teh dilaksanakeun basa  acara halal bihalal di imahna, Sanggar Indah Banjaran Kabupaten Bandung, Salasa (29/7).

“Alhamdulillah, sakur lalawuh anu ngagelar dina meja parasmanan teh taya nu mubajir,” cek Anami anu dibarengan ku Raihan.

Memang, cek Anami jeung Raihan, asa teu genah basa nulis eta bewara teh. Cek pikirna, sopan atawa henteu upami nyieun bewara sarupa kitu? Tapi da mun teu nekad kitu mah ke kawas nu atos-atos, tuangeun teh seueur nu kapiceun, janten mubajir. “Ngan alhamdulillah dina waktosna mah, reaksina ti balarea kana eta bewara teh sae, taya nu janten bendu,” Anami ngajentrekeun.

Barina oge, saur Ibu Djamilah (71), naon salahna nyieun bewara sarupa kitu? Puguh alus. Ngarah urang teu ngaremeh lamun keur dahar. Apan saur sepuh kapungkur oge ulah sok ngaremeh. “Basa keur leutik, Mamah sok mindeng ningali Mama sareng Abu ngagetrik budak leutik anu daharna ngaremeh,” saurna kalayan daria.

Eta ninina Anami jeung Raihan teh ngajentrekeun, ari ngaremeh teh henteu hade, sabab tetela miceunan sangu. Jadi kaasupna mubajir. Biasana barudak leutik lamun keur dahar sorangan anu sok ngaremeh teh. Tapi, ketang, ayeuna mah lain barudak lemet bae nu sok ngaremeh teh, dalah kolot-kolotna oge sok ngaremeh. Tingali we di nu acara hajatan. Apan dina tempona acara ramah-tamah teh loba anu ngaremeh. “Enya ngaremehkeun kana kadaharan anu geus meunang hese cape disadiakeun ku nu boga hajat,” Ibu Djamilah rada harus soantenna. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer