Pais Tumbung
Ilustrasi kéngéng Mang Nanang. |
Baréto, keur anyaran ngumbara di wewengkon Krésék Tangerang—umur gé karék duapuluhtaunan—kuring kungsi diheureuyan ku urang dinya. Harita sirah téh jangar. Geus diubaran ku obat warung teu cageur waé. Ka Astra salah saurang kokolot ngabéjaan. Cenah “Nyeri sirah mah ubaran ku pais tumbung, geura moal kusi lila gé cageur...” pokna teu siga-siga.
“Naon pais tumbung téh...?“ kuring teu ngarti puguh karék ngadéngé.
“Ka si Kanah geura tanyakeun, déwékna mah bogaeun, hég ménta....” jawab Ka Astra deui.
Kajurung ku hayang cageur, kuring nanyakeun ka Téh Kanah. Ari Téh Kanah téh nu boga imah tempat kuring kos. Umurna tilu puluh taunan, karék boga budak hiji. Basa kuring nanya, inyana sajongjongan mah kerung. Tapi tuluy seuri kawas kagugu.
“Ari kitu si aka téh hayang pais tumbung....?“ pokna.
“Enya keur ubar sirah....” jawab kuring daria.
“Hég waé ku kami dibéré, ari hayang mah....”
“Asa kumaha pais tumbung téh, ngeunah?“
“Ngeunah pisan... matak hayang deui....” Téh Kanah bari nyikikik némbalna téh.
“Sok atuh, teu kuat sirah....” ceuk kuring
“His.., montong ayeuna..., engké peuting ngarah jojong. Ari jojong mah ngeunah....” Téh Kanah angger seuri.
Teu papanjangan, da cenah kudu peuting. Geus kitu mah kuring gogolehean di enggon.
Isukna Téh Kanah nyampeurkeun, kawas ngahaja ngaheureuyan. “Majar hayang pais tumbung, naha peuting didadago euweuh?” pokna.
“Kasaréan.....” jawab kuring. “Ayeuna wé atuh bari sarapan....geus asak?”
“Asak mah asak, ngan moal jojong wayah kieu mah.... kudu engké peuting hayang ngeunah pisan mah....” ceuk Téh Kanah bari teu weléh seuri, malah bari gumeulis.
Ku kuring diobrolkeun ka si Nurjén—batur ulin—soal Téh Kanah rék méré pais tumbung téh. Si Nurjén nyakakak.
“Hah.... dia rék dibéré pais tumbung ku Téh Kanah? Atuh untung.... kami gé hayang dibéré mah....” cenah.
“Ari kitu, naon pais tumbung téh....?” kuring jadi panasaran.
Si Nurjén lalaunan ngajawabna téh, bari ngahéhéh. “Tumbung téh bobogaanana awéwé, paranti kiih....” cenah.
Jadol téh.... paingan....
Ti harita, soal pais tumbung téh sok jadi heuheureuyan. Téh Kanah angger pokna téh “Lain hayang pais tumbung...?” cenah.
Ku kuring sok ditémbalan “Ah si Tétéh mah ngabibita wungkul....”
Téh Kanah nyikikik gumeulis “Engké peuting nya, ngarah jojong....” jawabna angger kitu.... [] Mang Nanang
Komentar
Posting Komentar