Mumul Macul, Duit Purutul



Bener kudu kreatif. Ari ku kreatif mah Kurnia Sudrajat, S.Pd (39) oge bisa hirup jeung huripna. Sanajan geus leuwih ti sapuluh taun jadi guru honorer di Desa Sirnasari Kacamatan Leles Kabupaten Cianjur, manehna teu burung mampuh mayar cicilan motor saban bulanna.
“Lamun teu kreatif mah atuh kumaha mayar cicilan motor,” cek Sudrajat basa pareng ngawangkong jeung sundaonline.com.

Kurnia Sudrajat make jeket beureum. (sundaonline/egg)

Anu dimaksud kreatif ku Sudrajat teh nya eta perkara pakasaban. Saestuna, seug ngandelkeun duit ladang tina ngahonor di sakola mah matak eungap mayar cicilan motor teh. Ngan ku sabab Sudrajat daek ngawayahnakeun maneh kana tatanen, nya alhamdulillah, duit ladang ngahonor teh weuteuh, beuteung seubeuh deuih, geus puguhning ari imah mah pageuh. “Da mun mumul macul mah, duit nu aya oge meureun purutul,” cek Sudrajat bari ngabelengeh seuri.

Salila ieu, Sudrajat ukur mateahkeun lahan anu aya titinggal ti nu jadi bapa. Teu lega cenah lahanna teh, da sawareh geus dijual basa almarhum bapana perlu waragad pikeun lalandong di Rumah Sakit Kebonjati Bandung. Cek Sudrajat, lahan anu aya teh dipake pepelakan, kayaning melak tangkal cengek, cabe, jagong, sampeu, suuk, gedang, cau, kalapa, kawung, pare, jeung sajabana. “Tangkal kai oge abdi melak,” pokna. 

Kurnia Sudrajat maraban domba kukutanana. 
(sundaonline/egg)
Lolobana tina hasil panen teh dijual ka bandar. Lian ti pepelakan, Sudrajat oge miara hayam jeung domba. Tangtu wae tina hasil ingon-ingon oge lumayan mucekil. Komo ari usumna agustusan mah, Sudrajat katut pamajikanana sok ngahaja dagang sate di tempat kariaan tepung taunna kamerdekaan Republik Indonesia. Hasilna? Dobel kauntungan. Sabab, cek Sudrajat, daging satena, nya eta daging hayam jeung daging dombana, tina hasil ingon-ingonna.

Teu kasawang ti anggalna. Basa sakola keneh Sudrajat teu nyipta-nyipta rek resep kana tatanen. Asalna mah Sudrajat meh teu boga cita-cita. Dijurungkeun jadi guru ku bapana oge mugen. Komo kana tatanen mah. “Pun bapa teh kapungkurna kapala sakola. Matakna ngadorong-dorong abdi pikeun jadi guru,” Sudrajat netelakeun. Kakara kapikireun teh sabada bapana tilar dunya, taun 2005. Pangpangna mah sanggeus boga anak jorojoy bae Sudrajat jeung pamajikanana hayang jadi guru. Ti harita maranehna ngajar jadi guru honorer, bari tuluy neruskeun sakolana ka paguron luhur, tug ka jadi sarjanana. Sajeroning ngajar, hatena miharep sugan jeung sugan tereh diangkat jadi Pegawai Negeri Sipil (PNS). Ngan edas, tug ka kiwari Sudrajat katut pamajikanana tacan wae meunang pengangkatan.

Indungna Sudrajat keur ngala honje.
(sundaonline/egg)
Dua anakna beuki dieu beuki gede, waragad pikeun pangabutuhna oge beuki ngagedean. Ari gajih salaku honorer teu bisa mapakan pangabutuhna. Sawatara lila mah Sudrajat liwung. Untungna, nu jadi indung jeung mitohana teu petot-petot mirosea. Indung jeung mitohana teh ahli tatanen. Tiap panen arinyana teu weleh mauran ka nu jadi anak. Ti dinya Sudrajat sadar kana untungna daek pepelakan. Dirojong ku nu jadi pamajikan, antukna Sudrajat mitembeyan guyang leutak di sawah jeung bobolokot di kebon. Hasilna nyugemakeun. Pikeun Sudrajat, tatanen teh geus ngabukti jadi solusi finansial. Nya ti danget eta mah Sudrajat katut pamajikanana ngarasa jongjon ngajar di sakola teh. “Alhamdulillah, tina pepelakan teh tos kapetik hasilna kaala buahna,” cek Sudrajat kebek ku kabungah.

Ngan kudu ngawayahnakeun, lian ti ngariksakeun pepelakan teh, saban mulang ti sakola Sudrajat kudu hanjat ka pasir ngala jukut jang parab domba. Pon nya kitu samemeh indit ka sakola oge Sudrajat kudu marab heula hayam. Mun teu kitu, nya bakal purutul tea. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer