Hartina Sunda dina Basa Sunda
Sunda hartosna panundaan (tempat nunda). Tiasa disebat ogé leuit. | sasakalabudaya.blogspot.com |
Ieu seratan téh dumasar kana pedaran inohong Sunda, Hidayat Suryalaga, anu diwawancara ku Endang GG, di bumina, taun 1990. Aya 25 hartosna Sunda anu diwengku ku opat basa; Basa Sangsakerta, Basa Kawi, Basa Jawa sareng Basa Sunda. Anu dipedar di dieu nya éta hartosna Sunda numutkeun Basa Sunda. Wilujeng ngama’naan.
Sunda hartosna alus. Kecap alus tuduh kana kaayaan nu dipikaresep, dipikahayang. Pangajén kana ‘alus’ atanapi ‘goréng’, kalebet pangajén étika. Alus hartosna luyu sareng nu dirarancang, mangpaat. Hasil nu ‘alus’, teu weléh pada narékahan sangkan kahontal. Ku kituna sanés Sunda, upami henteu alus, atanapi goréng. Dina kecap ‘alus’, parantos ngandung ajén éstétika.
Sunda hartosna punjul. Kécap punjul ngandung ma’na onjoy atanapi aya leuwihna ti nu biasa. Punjul tuduh kana kwalitas, kana préstasi. Ku kituna sanés Sunda, upami hirupna henteu aya punjulna (niléy pleus), henteu mibanda kwalitas (ajén diri, jati diri), dalah upami téa mah ukur ‘biasa-biasa’ ogé saleresna teu kalebet Sunda. Da Sunda mah hartosna punjul. Kecap punjul ogé ngandung ma’na sanggup diuji, dibalapkeun préstasi jati dirina, sanggup nyanghareupan persaingan hirup.
Sunda hartosna senang. Ma’na kecap senang tuduh kana kaayaan batin, katumarimaan, tiasa sukuran ka Nu Maparin kaayaan. Batinna tengtrem-ayem (tenang/teu gugup), bungah henteu kendat ngedalkeun pujian ka Gusti Nu Mahasuci. Ku kituna teu merenah nyebat Sunda, upami hirupna ngan marungkawut ngukut kabingung, luhlah sareng humandeuar (ngarasula/rumahuh bari ngomong nandakeun kasusah/hoream), irén-panastrén (sirik jeung panas haté), aral subaha (aral=teu sugema ku kayaan, aral subaha=aral pisan/frustrasi).
Sunda hartosna sugema. Kecap ‘sugema’ tuduh kana kaayaan haté nu atoh tur tumarima, ku lantaran nu diangen-angen (kahayang) kalaksanakeun. Nu mawi tiasa kahontal ‘sugema’ tangtos baé éta téh hasil tarékah. Rasa sugema, mung aya di manusa nu terang kana ‘wates kamampuh dirina’. Anu ajol-ajolan (ngajol/luncat/ngajleng kawas anjing nu dicangcang ajol-ajolan nenjo ucing) ngalangkungan kamampuh dirina, tétéla moal pendak sareng ‘sugema’. Manusa nu kaancikan rasa ‘sugema’, hirupna moal lénjong titatarajong, moal galideur (luak-lieuk/teu jongjon/sumoréang lantaran aya kamelang). Ku kituna sanés Sunda, upami hirupna teu acan nyumponan kana ma’na sugema.
Sunda hartosna panuju, tuduh kana pangajén ti nu sanés ka diri urang. Kecap panuju tuduh yen nu dipigawé ku urang saluyu sareng nu dipikahayang ku nu sanés. Ku kituna némbongkeun yén éta jelema mampuh campur di masarakatna. Tiasa ngayakeun komunikasi sosial sareng lingkungan sabudeureunana. Ku kituna teu merenah disebat Sunda, upami hirupna ukur cawadeun, atanapi pikacuaeun, pikasebeleun batur. Tétéla ma’na kecap panuju raket tumalina sareng tatakrama hirup kumbuh manusa.
Sunda hartosna lalaki kasép, tegep. Kecap ‘kasép, tegep’ tuduh kana kaayaan paroman, raray, rarahi anu nimbulkeun batur resep, nyaah. Kasép atanapi tegep tuduh kana kaayaan lahiriah. Ku kituna sanés Sunda upami lahiriahna pikageuleuheun, pikacuaeun, pikaijideun batur.
Sunda hartosna awéwé geulis. Geulisna istri tuduh kana sajumlahna kaayaan sareng pasipatan nu hadé nu nyampak di istri. Geulisna istri henteu mung lahiriahna wungkul, nanging ogé kaayaan batiniahna nu nyumiratkeun kaluhungan budi. Tumali sareng éta, teu payus disebat Sunda, upami istri-istri teu acan cumpon kana “kageulisanana”.
Sunda hartosna éndah. Kecap éndah tuduh kana rasa kalemesan budi (estetika). Kecap éndah, diwangun ku kacindekan tina harti, payus, pantes, alus, merenah. Ku kituna teu merenah disebat Sunda, upami henteu nembongkeun kaayaan nu éndah. Sanés Sunda, upami kaayaan kusut awut-awutan, sareukseuk gareuleuh.
Sunda hartosna kamajaya. Dina mitologi Sunda, Dewa Kamajaya téh nya éta Dewa Cinta, nu nerbarkeun rasa deudeuh asih. Ma’na deudeuh asih, upami jembarna mah henteu mung antawis istri pameget, kolot anak, nanging kum ka papada manusa, jembarna pisan mah deudeuh asih ka sadaya mahluk dadamelan Gusti Nu Maha Kawasa. Mumbulna pisan mah bakal nuwuhkeun rasa deudeuh tur kumureb ka Nu Agung. Ku kituna kacida teu payusna nyebat Sunda, upami hirupna resep megatkeun silaturahmi, silih pikaceuceub, silih cilakakeun, teu resep répéh rapih, teu resep guyub sauyunan, aing-aingan.
Sunda hartosna panundaan (tempat nunda). Tiasa disebat ogé leuit. Tinangtos barang nu disimpen di tempat panundaan nya éta barang-barang nu aya mangpaatna, ageung gunana. Upamina bungbuahan atanapi beubeutian, paré, jagong, ssté. Nu disimpen di leuit mah iwal ti kanggo tuangeun téh tangtosna ogé kanggo pibiniheun. Ari nu dianggo binih téa, moal boa kalebet winih unggul, petingan. Upami kitu atuh nu ditunda di Sunda ogé, moal boa winih manusa unggul, manusa mulya, insan nu sampurna tur nyampurnakeun. Tumali sareng éta, kalintang henteu payusna upami ngangken Sunda, nanging kamanusaanana teu aya, sepi budi pakarti, tuna ahlak susila, ukur jadi runtah nyayed di jero leuit. Palias teuing binih hapa pisikieun, ku lanas lahir batinna. Lebar ku leuit dibrugbrugan congkrang-bongkrang, gagarubang ngaheurinan leuit Sunda. []
Komentar
Posting Komentar