Hartina Sunda dina Basa Jawa

Sunda hartosna angka dua nu ngandung siloka-sasmita nu teu kinten jerona. | gemintang.com

Ieu seratan téh dumasar kana pedaran inohong Sunda, Hidayat Suryalaga, anu diwawancara ku Endang GG, di bumina, taun 1990. Aya 25 hartosna Sunda anu diwengku ku opat basa; Basa Sangsakerta, Basa Kawi, Basa Jawa sareng Basa Sunda. Anu dipedar di dieu nya éta hartosna Sunda numutkeun Basa Sunda. Wilujeng ngama’naan. 


Sunda hartosna nyusun. Nyusun ngandung gambaran bérés-roés, ngéntép seureuh, nécé tarajé nincak hambalan (mapay ti handap ka luhur). Henteu rogok saropsopan, henteu renjul paluhur-luhur tangtungan, henteu balatak-pasoléngkrah. Kitu nu Sunda mah, ngéntép seureuh, puguh gékgékanana (aturanana: sagala perkara ogé kudu puguh gékgékanana).

Sunda hartosna ngarangkep. Dina babasan ‘Boga pikir rangkepan’ hartosna henteu bolostrong, dipikir heula nu asak, wiwaha. ‘Ngarangkep’, ngajodo, ‘Batu turun keusik naék, kalapa tonggoheunana, itu purun ieu daék, sarua pada bogohna’. Ieu ngagambarkeun rasa nu silih pikadeudeuh, silih pikanyaah, silih asuh, silih asih, silih asah (pangaweruh). Ku kituna teu merenah disebut Sunda, upami pikiranana kosong-bolostrong, harung-gampung taya rangkepan. Kitu deui sanés Nyunda, upami hirupna henteu daék ngarangkep (patojaiah) boh lahir-batinna, boh sareng kulawarga-masarakatna. Teu merenah disebat Sunda, upami hirupna henteu silih pikadeudeuh, kalah silih sereng silih herengan, silih réngkas silih téngkas, silih leyek silih idek, tétéla nu kitu sanés Sunda.

Sunda hartosna angka dua. Angka dua ngandung siloka-sasmita nu teu kinten jerona. Lalawanan: panas-tiis, suka-bungah. Papasangan: istri-pameget, siang-wengi, itu-ieu, ssté. Ngeunaan aworna nu dua, Haji Hasan Mustapa nyaurkeun: “Sapanjang néangan itu, ieu deui ieu deui, sapanjang néangan bungah, susah deui susah deui, ....”. kacindekanana, sanés Sunda upami teu tiasa nepungkeun lahir jeung batin, kuring jeung anjeun, rasio jeung rasa. Kasadaran kana palasipah angka dua ngabalukarkeun manusa bakal jadi mahluk nu aya rasa rumasa. Rumasa jadi mahluk Gusti, ngabalakukarkeun raketna manusa ka Gusti Nu Mahasuci, rumasa jadi mahluk, ngabalukarkeun tumuwuhna rasa deukeut-deudeuh jeung sasama.

Sunda hartosna naék. Kecap naék ngagambarkeun kaayaan nu leuwih luhur, leuwih maju, leuwih hadé, leuwih positif. Kecap naék tuduh kana ‘pagawéan’, tuduh kana ayana tarékah, usaha, ayana prosés. Tumali sareng éta teu merenah disebat Sunda, upami hirupna ngajeten, teu aya majuna. Langkung-langkung upami sareng mundur atanapi turun mah. Sunda ngandung ma’na maju, naék, henteu ngarandeg.

Sunda hartosna ngapung. ‘Ngunda langlayangan’, hartosna ngapungkeun langlayangan dugi ka mayung. ‘Ngunda jangkrik’, hartosna nimbulkeun, ngahudangkeun wawanén supaya tandang deui. Ngapung (mayung) di manusa mah nya éta luhur darajatna. Ngunda atanapi ngahudangkeun wawanén, tegesna kedah tapis ngamotivasi diri malar tumuwuh wawanen pikeun hirup nu nyunda. Ku kituna teu kalebet Sunda, upami hirup ukur kakayapakan di handap, langkung-langkung upami seug nyirorot-nutug mapag. Dalah mumpul ngapung, nanging pegat talina ogé sanés Sunda pibasaeunana. Kitu deui sanés Sunda upami leutik burih, bodas ceuli, inggis ku bisi sieun ku biheung. Sunda mah gedé wawanén. []

Komentar

Postingan Populer