Murid Jaman Kiwari
Aya hiji murid cicing di leuweung jeung guruna. Dina hiji peuting, keur hujan ngagebret, lalangit imahna bocor. Pok nu jadi guru teh nyarita ka muridna. “Anaking, geura hanjat ka luhur, teangan anu bocorna, heg benerkeun ulah nepi ka bocor deui.”
Sajongjongan si murid ngahuleng. Karepna mah aya pikeun nurut kana parentah guruna teh. Ngan, cek pikirna, “Di luar teh poek jeung tiris, jadi tangtu kuring bakal rancucut. Ongkoh deui laleueur ari hujan mah. Kumaha lamun kuring tisoledat tuluy murag tug ka tulang awak atawa suku kuring potong. Ah, hadena mah kuring tong daek hanjat ka luhur.” Hatena terus ngagerentes. “Guru,” si murid teh ngalahir, “upami abdi naek ka luhur, atuh engke teh abdi bakal ngaluhuran Guru. Ampun paralun, teu wantun abdi ngaluhuran Guru!”
Ngadangu omongan muridna kitu teh Guru repeh bae teu lemek. Tuluy anjeunna kaluar, bari kaguyur hujan gede anjeunna hanjat ka luhur ngomekeun anu bocor tea.
Sanggeus turun, Guru ningali ka juru hawu suluhna geus beak. Ku kituna, anjeunna ngahuit ka muridna, “Anaking, jung indit ka leuweung pangalakeun suluh.”
Ngadenge kasauran guruna kitu teh, si murid anu caritana hayang satuhu ka nu jadi guru ngahuleng deui. “Aduh, mangkaning di leuweung teh poek mongkleng jeung loba sato galak. Kumaha lamun kuring dikerekeb maung, atawa dipacok oray,” cek pikirna. “Guru,” pokna teh, “upami abdi ngantunkeun Guru, atuh abdi bakal nukangan Guru. Teu mungkin abdi werat milampah peta sapertos kitu.”
Sakali deui guruna teu lemek. Jung bae anjeunna kaluar, mubus leuweung anu poek, pikeun ngala suluh.
Waktu mulang ti leuweung bari rebo mawa suluh, eta guru langsung bae pakpikpek di dapur, popolah jang dahar peuting. Sarengsena popolah, Guru ngahiap ka muridna. “Anaking, henam urang dahar,” pokna.
Ngadenge kasauran guruna kitu, si murid nyampeurkeun bari satengah lumpat. Barang deukeut hareupeun Guru, si murid sujud bari nyekel sampean guruna, tuluy pok manehna ngalahir, “Aduh, Guru, ulah kirang-kirang ngahapunten! Tos dua kali abdi mungpang, teu nurut kana pamundut Guru. Rupina, kalintang awonna seug abdi mungpang deui ka nu janten guru. Kana pamundut Guru anu ayeuna mah abdi bade nurut,” cek nu jadi murid. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar