Hayang Nyaho Jin Bungkeuleukan

Teuing meunang informasi tina naon. Nu tétéla, jalma pagegelek di éta tempat bari mayar salawé rébu téh alatan boga anggapan baris aya demonstrasi dialog jeung jin. Ari pék nu nyata mah ukur medar perkara jin sacara téori baé. Geus loba éta mah dina buku ogé. Laporan Endang GG ti Bandung.

Basa Yayasan Nike Ardilla nyebarkeun pamplét rék ngayakeun “Forum Dialog Paranormal & Raja Jin” dina Fashnex (Fashion Exhibition) ’96 di Bandung Promotion Centre, Jl. Asia Afrika, Salasa (6/2) nu anyar kaliwat, réa anggota masyarakat anu curinghak.

“Dialog jeung Jin?” ceuk nu sawaréh panasaran.

“Enya, demonstrasi sual jin jeung dunya supranatural!” walon nu liana jiga nu geus nyaho.

Puguh baé, dina émprona jelema anu rék mareuli karcis téh nepi ka ngantay, bawaning ku harayangeun sidik: jiga kumaha saenyana ari jin téh?! Barudak sakola, mahasiswa, pangusaha, dosén, pangsiunan, ibu rumah tangga, pangurus RT, pangurus RW, seniman, jeung unsur-unsur masarakat séjénna, tumplek ka dinya, bari ngabuburit—mocélan kapanasaran haténa séwang-sewangan. Teu paduli ku gedéna harga karcis anu Rp 25 rébu. Nu penting mah, asal sugema, cenah.

Boa enya encan meunang kasugemaan pangna masarakat nepi ka bélaan ngantay rék “lalajo” jin jeung dunya supranatural téh. “Atuh da ti baheula ngan semet ngadéngé béjana wungkul, téoritis,” ceuk Pa Anis (50), urang Jl. Kebonbibit Bandung, kaciri geus teu sabarna hayangeun dialog jeung jin.

“Enya, sayah mah panasaran, kumaha ari bungkeuleukanana jin téh?!” ceuk Drs. Muharam (65), Dosén IKIP Bandung.

Encan sugemana masarakat kana pedaran-pedaran sual jin beuki katara atrana sanggeus kabéh tempat diuk anu aya ratusna, eusi. Kapaksa loba jelema anu arandekak na ubin. Malah Kang Ibing jeung Bah Ho Liang (H. Suryana Fatah) ogé ngawayahnakeun manéh nyisi diukna na tembok.

Harita jam geus nuduhkeun tabuh 13.15. Tapi acara anu carékna ti tabuh 13.00 nepi ka tabuh 16.00 téh encan waé dimimitian. Atuh angot arélékésékéng nu rék “lalajo” téh. Pangna ngarét téh lain duméh nu rék médar perkara jinna encan saraged, tapi éta forum dialog kaselang heula ku acara nakol bedug. Enya, nakol bedug nepi ka tabuh 13.30.

Barang jol patingsoloyong opat pakar nu rék medar perkara jin jeung supranatural haranjat kana panggung, kontan, kadéngé sora keprok nu “lalajo” ngabagéakeun éta opat pakar: K.H. Kasman Suja’i (nu katelah “Raja Jin”), Drs. H. Agus Rachmatullah Sanusi (anakna Buya Udin Cigondéwah), Cécép Alba, MA (Dosén ITB jeung JAILM Suryalaya), jeung Pa Sulaiman (nu sok babarengan jeung H. Kasman ngeusian acara “Lintas Dimensi” di Radio Madina FM).

Tapi teu der bae kana dialog atawa demonstrasi mah. Eta acarana teu bina ti seminar. Jaba ti make moderator téh, masarakat dibawa heula ngaregepkeun pedaran tiap pakar anu saurangna nyocéng waktu teu kurang ti 20 menit. Saban pakar téh rupa-rupa. Aya nu sumanget bari jeung ditalar kawas Drs. Agus Rachmatullah Sanusi. Aya ogé nu maca makalah kawas nu dipilampah ku Cécép Alba, MA.

Anu dipedar ku H. Agus mah sual élmu hikmah. Mun Cécép Alba nyawang dunya supranatural tina kacamata ilmiahna, ari H. Kasman? Spesial, medar perkara jin. Tur kawilang panglilana deuih.

Katempo, nu lalajo kacida pogotna ngabandungan H. Kasman medar perkara jin. Eta baé Kang Ibing mah nepi ka ti depong-depong ngabandunganana téh. Tapi tina sakitu panjang lébarna éta pedaran, H. Kasman ukur méré kacindekan sangkan manusa henteu gampang kahébos ku haréwos jin. Enya, teu perlu urang maké jeung hayang wawuh jeung jin. Angot nepi ka rék minangsaraya ka sabangsaning jin mah. Apan sidik ku Alloh SWT manusa téh geus diciptakeun jadi mahluk anu pangmulyana. Leuwih mulya batan jin. Geura ieu: pangbageur-bageurna jin sarua jeung pangédan-édanna jelema! Ku sabab kitu, “Jang naon maké hayang wawuh jeung jin! Matak dosa! Dosa!!!!” H. Kasman tuluy ngawawadian, saméméh mungkas pedaranana, anu nepi ka tabuh 15.00.

Atuh komo, ngadenge kacindekanana sarupa kitu mah, meh kabeh nu lalajo ngarasa hanjelu, gendok, medenghel. Masalahna? Enya apan daratangna kana eta forum the lain sakadar rek ngaregepkeun pedaran kawas dina tabligh akbar.

“Sakadar ngadéngé pedaran anu teoritis sarupa kitu mah geus mindeng. Sayah mah datang ka dieu sotéh bawaning ku hayang sidik, kumaha bungkeuleukanana jin téh?” Pa Anis anu diuk  pangtukangna  tungtungna kutukgendeng. “Kuciwa!” pokna deui tuluy gogodeg.

“Sumuhun ari sugan téh bakal aya démonstrasi raja jin, nya Pa?” kadéngé patingkecewisna jelema dina éta forum. Komo Magdalena (20) jeung Ny. Ettie Burstroum (49) mah. Jaba ti hanjelu ku alatan teu bisa “dialog jeung jin” téh, arinyana ngarasa kasigeung deuih dumeh H. Kasman dina skémana—anu dibagikeun ku panitia éta forum—nétélakeun yén paranormal téh, sacara teu langsung, kaasup salasahiji profési sétan. Ari kitu? “Atuh pagawean sayah téh geus disakompetdaunkeun jeung setan!” Ny. Ettie jeung Magdalena nembrak-nembrakkeun kateupanujuan haténa.

Enya rugi, cenah, jauh-jauh ti Swedia anggur disampakkeun katugenah.

Padahal, éta bulé anu di Swédiana, pernahna di Stockholm, ngalatih élmu kalimasada—meunang ngahaja ngalapna di Surabaya—téh cikénéh geus direugreugkeun ku pedaran H. Agus anu ngécéskeun yén paranormal téh ahli hikmah téa, nya éta jalma anu weruh sadurung winarah ku alatan meunang maunat tina getolna ibadah ka Alloh SWT. “Nilik kana éta katerangan, moal enya paranormal asup kana klasifikasi profesi setan!” ceuk Ny. Ettie geus pok deui-pok deui nyarita kitu.

Untungna nu jadi moderator geuwat muka acara tanya jawab. Ny. Ettie jeung Magdalena caruringhak. Asa dibéré luang pikeun meupeuskeun kapanasaran katut unek-unekna anu masih kénéh nyangkaruk dina kolbuna.

Ny. Ettie jeung Magdalena katempo geus tatan-tatan rék ngacungkeun leungeunna. Tapi waktu ngacung, moderator anggur méré kasempetan ka nu sejenna. Memang lain Ny. Ettie jeung Magdalena wungkul anu medenghel téh. Ti mimiti nu dariuk di hareup nepi ka nu narangtung di tukang ngaracung-ngacungkeun curukna. Enya, harayangeun sidik, kumaha ari bungkeleukanana jin téh?

H. Kasmankalah nyéréngéh. Bari rada gogodeg H. Kasman nétélakeun yén saenyana “bohong” upama aya jalma nu ngaku-ngaku bisa ningali jin. Tangtu baé ari jin mah bisa nempo kana kahirupan manusa. Ngan manusa anu kumelendang di alam tilu dimensi moal bisaeun nyeueung bangsa jin anu hirupna di alam opat dimensi. Ongkoh deuih jin mah teu beda ti éléktro (setrum), nya éta hésé dicindekkeunana. “Heueuh atuh da tong boroning sayah anu balilu kana éléktro, bet sarjana éleéktrona ogé teu apalaeun kumaha saenyana ari rupana setrum?!” ceuk H. Kasman méré babandinganana.

“Yeuh,” H. Kasman nuluykeun, “Apan jin téh asal tina kecap janna anu hartina poék. Ari poék téh mongkléng téa. Ari mongkléng téh teu kadeuleu. Jadi? Enya, moal kadeuleu ku urang mah, bangsa jin téh!” pokna deui langsung dipapag ku tingceuleukeuteukna nu lalajo.

“Sugema?”

“Encan!!!!” nu ngadago-dago “demostrasi” kalah ka tambah pogot ngabandunganana. Tapi Ny. Ettie jeung Magdalena mah ukur seuri konéng baé.

Pok deui H. Kasman ngajéntrékeun, cenah, sanajan teu kadeuleu, kudu ari urang caringcing pageuh kacing mah, sabab kangaranan jin sok nyiliwuri: sok nyurup ka nu leumpeuhwuni, sok ngagoda ka nu rek milampah amal ibadah. Apan jin—anu diciptakeun ku Alloh SWT tina seuneu teuas anu ngaluarkeun haseup—téh aya dua rupa: aya nu bageur aya nu jahat, aya nu Islam aya nu kafir. Tah, jin anu wangkelang kana paréntah Alloh SWT téh iblis téa kasebutna. Mun éta iblis tuluy aktif milampah kajahatanana mah sétan teéa ngaranna. Mun di urang mah jin téh sok disebut jurig, ririwa, siluman, dedemit, hantu, genderewo, mahluk halus, mahluk opat diménsi, khodam, ghost, jeni, jeung réa-réa deui.

Sakitu panjang lébarna H. Kasman ngadadarkeun perkara jin, angger baé réa nu encan sugemaeun. Di antarana masih kénéh aya nu hayangeun jéntré, naha bet aya nu bisaeun ngambat jin? Cing buktikeun, buktikeun!

Hanjakal moderator kaburu ngahuit. Enya, geus béak waktuna, geus tabuh 16.00. Atuh komo, sanajan ceuk moderator engké bakal diayakeun deui “Dialog Seputar Jin & Dunia Supranatural”, hadirin beuki ngarasa hanjelu. Magdaléna jeung Ny. Ettie kuciwa kabina-bina: naha paranormal asup kana profési sétan? Naha?

Jung naratung. Arinyana cengkat tina pangdiukanana. Budalan. Baralik. Mawa oléh-oléh kapanasaran ka imahna séwang-sewangan. Rét ka palébah panggung. Aya Kang Ibing keur mapag “Raja Jin”—K.H. Kasman Suja’i.

“Kumaha sugema, Kang?”
 
“Hih, teu sugema ayeuna mah, atuh iraha rék sugemana!” ceuk Kang Ibing ka nu nulis, da jeung enyana moal matak sugema mun udaganana ukur hayang “dialog jeung jin” mah, sabab dina pamplétna ogé lain “dialog jeung jin”, tapi “Dialog Seputar Jin & Dunia Supranatural”. [] 

Dicutat tina “Kaca Sawelas”, Galura, Syawal 1416 H.


Komentar

Postingan Populer