S. Sauni, Budayawan nu Basajan, Inohong nu Handap Asor
S. Sauni |
Basa kuring mitembeyan jadi tukang nulis, taun 1987, ngaran S. Sauni geus kakoncara di tatar Sunda. Da puguh anjeunna mah kaasup sastrawan (Sunda) opat jaman. Ti jaman Walanda mula anjeunna geus mitembeyan dina kasusastraan. Karya tulisna, boh nu mangrupa fiksi boh nu mangrupa non-fiksi, estu matak pogot nu macana. Lian ti genaheun gaya basana, utamana mah ku lantaran munel eusina.
Kuring mimiti tepung jeung S. Sauni taun 1988, nya eta basa kuring keur ngirim naskah ka Kang Aan Merdeka Permana di Kantor Redaksi Galura, Jl. Asia Afrika Bandung—sasuhunan jeung kantor redaksi Harian Umum Pikiran Rakyat. Sarua anjeunna oge nuju ngintun naskah ka Galura. Asa ngimpi bisa paamprok jonghok jeung eta sastrawan kahot. Enya oge matak pikagimireun mun maca eusi tulisanana, dikieuna mah S. Sauni kaasup jalma anu gancang loma jeung sasaha. “Oh, ieu Endang GG teh,” pokna basa Kang Aan ngenalkeun kuring ka anjeunna.
“Aeh, naha kumaha kitu, Pa?” cek kuring bari neuteup kana pameunteuna anu kalem tur teu weleh marahmay.
“Sumuhun, Den, ari kana jenengan mah tos apal Bapa teh, da apan sok maca seratan Aden dina koran,” saurna teu weleh nyebut aden ka bangsa lalaki teh—atuh nya enya, piraku nyebut eneng.
“Ameng ka rorompok, urang ngawangkong we, da aya bahan wangkonganana mah, nya eta seratan Aden perkawis filsafat wayang…” eta inohong anu bisa salapan basa teh ngahiap kuring. Tangtu bae ieu hate pohara bungangangna. Asa dibere naon mah…. Atuh da asa kakara aya pangkat inohong anu sakitu handap asorna. Teu diengkekeun deui, geus dihiap kitu mah, kuring remen datang ka bumina di Jl. Cikawao 32 Bandung.
Ari nganjang ka bumina teh kuring mah sok isuk-isuk atawa pasosore. Simpe kaayaan di bumina teh. Tapi pikabetaheun. S. Sauni teu weleh marahmay lamun kasemahan ku kuring teh. Ari kuring datang teh, anjeunna langsung ngabageakeun nitah kuring diuk di ruang tamu. Diuk na korsi jati bari nyanghareupan lalawuh anu dipidangkeun luhureun meja makan model baheula. Enya taya sopa di bumina S. Sauni mah. Di ruang tamu-na teh kawas di ruang makan.
Brahmacharya
Lamun diukur ku gaya hirupna jalma kiwari mah, kahirupan S. Sauni kawilang aheng. S. Sauni nganut jalan hirup anu teu pati guyub jeung batur pada umumna. Sababna S. Sauni mah henteu nikah, oge henteu kawin alias hirup ngabujang. “Aden, Bapa mah brahmacharya,” saurna sanggeus kuring sababaraha kali nganjang ka bumina.
Cek pikir, atuh paingan di bumina S. Sauni mani simpe. Aya eta oge hiji ibu anu geus sepuh maturan S. Sauni di bumina. Sugan kuring mah eta ibu sepuh teh garwana. Ari pek, “Eta mah pun adi,” saur S. Sauni ngajentrekeun.
“Dupi teteh-teteh anu nembe nyuguhan cai, saha?” kuring nanya deui.
“Oh, eta mah suan, anak adi,” S. Sauni ngajentrekeun deui.
“Pami aa-aa anu sok jajap Bapa angkat tebih, saha?” pok deui kuring nanya.
“Sami eta oge suan,” saur S. Sauni.
Enya ari kitu mah S. Sauni teh brahmacharya tea, nya eta jalma anu geus gilig hirup ngabujang, henteu daek nyorang hubungan seksual jeung awewe. Patekadan sarupa kitu teh geus nyangkaruk dina kolbuna ti jaman rumaja mula. Padahal, mun ningali kana rupa jeung pangawakanana mah moal enya embungeun wanoja-wanoja teh. S. Sauni mah hade rupa. Ongkoh deui resep kana olahraga yoga ti ngongora. Eta we, dina yuswa 70 taunan, S. Sauni mah salirana lentur, kiat calik lotus salila mangjam-jam. Apal kitu soteh pedah kungsi kuring diuk jeung anjeunna dina pakumpulan yoga di Jalan Lembong Bandung.
Enya ieu budayawan teh ahli yoga, malah lain yoga anu ngan ngolah awak wungkul, tapi nepi ka yoga anu museur kana perkara spiritual. “Bapa mah nganut yoga surat sabda,” saurna. “Sajeroning kumelendang di alam dunya, urang ulah lali ngawisik diri, ulah hilap ngisat salira,” saurna deui ngajentrekeun.
Sing inget, saur S. Sauni, diri urang asalna ti Allah, nya dina waktuna mulang oge kudu balik deui ka Allah. Pikeun bisa balik deui ka Gusti anu Mahasuci, urang kudu getol diajar paeh samemeh paeh. Saur Nabi mah, antal mautu qoblal maut. Cek urang Inggris mah die to live. Carana? Nya kudu guguru ka Guru anu Sampurna elmuna. Da apan ti baheula oge papatahna teh, moal weruh tanpa guru. Lamun diajar paeh samemeh paeh tanpa guru, bahaya, bisa kasasar jadina.
Saur S. Sauni, ulah sok ngalajur napsu, ngumbar kahayang. Utamana dina kahirupan seksual. Hubungan seksual alias kawin ulah lelewodeh. Saestuna, tujuan dina kawin lain pikeun ngalajur napsu, tapi pikeun boga anak alias turunan geusan lumangsungna hirup kumbuh manusa di alam dunya. Para raja butuh turunan, anak lalaki, pikeun jadi ahli waris karajaanana. Ku kituna, raja kudu kawin. Lamun pamajikanana teu bisa ngalahirkeun anak lalaki, si raja bisa ngawin awewe sejen tug ka boga anak lalaki. Dina hal ieu hubungan seksual kacida diwenangkeunana, sabab ngandung tujuan anu luhur, anu mulya. “Ari Bapa mah da lain raja,” S. Sauni ngabelengeh seuri basa kuring nganaha-naha henteu nyorang kahirupan rumah tangga.
Waktu harita kuring masih kuliah di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) anu ayeuna jadi Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung. Kapikir ku kuring pikeun nurutan gaya hirupna S. Sauni, nya eta jadi brahmacharya. Tapi, basa eta pamikiran dibalakakeun, S. Sauni giak ngahulag, “Ulah nurutan Bapa! Angot Aden tos gaduh papacangan mah. Nikah bae ari tos pakait ati sareng calon istri mah,” pokna. “Saur sepuh mah apan urang teh kudu tigin kana jangji, pasini kudu ngabukti,” pokna deui satengah ngagonjak ka kuring. Digonjak kitu teh kuring keom. “Ku sabab Bapa mah tacan kungsi pasini ka calon istri, nya kangge naon make jeung kudu mikiran kawin. Angot ayeuna mah geus aki-aki Bapana ge,” S. Sauni ngabelengeh deui seuri. Kuring oge milu seuri.
Vegetarian
Ku sabab milu yoga surat sabda, S. Sauni jadi vegetarian, nya eta pantang dahar kadaharan tina sasatoan, kaasup endog hayam, endog meri, jeung sajabana. “Soalna endog mah ngarangsang hasrat seksual,” saur S. Sauni ngajentrekeun. “Lian ti kitu, endog oge apan cikal bakalna kahirupan,” saurna deui.
Tanda urang nyaah ka sasama mahluk ciptaan Alloh, urang ulah sok ngagunasika mahluk lian. Hayam, meri, embe, domba, munding, sapi, jeung sato sejenna, oge hayangeun hirup kawas urang. Aya papatah ti karuhun, pikiran urang bakal kawas anu didahar ku urang. Hartina, S. Sauni ngajentrekeun, lamun urang resep dahar kadaharan tina sasatoan, pikiran urang oge bakal mibanda sipat jeung tabiat kawas sato. “Tabiat sato ulah nepi ka kajadian pikeun jalma anu resep ngisat salira geusan ngudag kasampurnaan hirup,” saurna.
Lamun sipat sato masih ngancik dina diri, S. Sauni ngeceskeun, urang bakal hese nyorang paeh samemeh paeh. Batin urang moal tingtrim. Pikiran urang baris ngacacang. Rasa marudah. Hirup nguluwut, marungkawut, jadi jalma goreng patut.
Dua Setel Pakean
Sanajan boga duit gaji pangsiunan ti Dinas Pendidikan dan Kebudayaan, oge duit honor tina tulisan anu dimuat ku sawatara surat kabar jeung majalah, S. Sauni resep nyorang kahirupan anu basajan. Anjeunna henteu resep monyah-monyah. Dina hal pakean oge S. Sauni mah irit. Raksukanana oge ngan dua setel. Ari angkat teh karesepna nganggo acuk koko bodas, calana warna gading atawa semu abu-abu S. Sauni mah. Teu lali dikopeah hideung mastakana, jeung disendal capit sampeanna. “Ah, kangge naon seueur-seueur, nu utami dina anggean mah beresih sareng rapih,” saurna.
Tina dua setel pakean teh, S. Sauni netelakeun, lamun pakean anu hiji dipake, nya nu hijina deui diseuseuh. Intina, dina hal pakean mah, ulah odoh. Memang lila-lila mah pakean teh bakal belel, dudus, atawa soeh. Lamun geus soeh? Masih ditarekahan ku S. Sauni mah. Eta pakean anu soeh teh ditambal ku kaen anu meh sarupa, atawa dijerekjek ku mesin jait. “Kaleresan we Bapa tiasa ngajait ngangge mesin,” pokna.
S. Sauni oge tara tinggaleun sapu tangan. Sarua deuih sapu tanganna oge ngan dua. Ana kitu mah atuh tada teuing ngagunungna artos S. Sauni teh. Da mani sakitu iritna pangabutuhna teh. “Ah, henteu, henteu nepi ka ngagunung duit mah,” saurna.
Ku S. Sauni, si duit ladang tina pangsiunan jeung honor nulis teh lolobana mah dibagikeun ka dulur-dulurna, oge ka batur anu merelukeun bantuanna. S. Sauni mibanda rasa teu tegaan. Anjeunna tara werat ka nu keur tigerat. Tara tega ka nu keur tunggara. Da jeung enyana, basa anak kuring anu cikal rek gumelar ka alam dunya, bulan Desember 1990, S. Sauni ngeupeulan ka kuring, milu mauran pikeun waragad persalinan pamajikan kuring di Bidan Uum anu pernahna di Jalan AMD (Babakan Irigasi) Bandung. “Ieu mah ngan sasieureun sabeunyeureun we,” saurna. Padahal mangsa harita teh kuring teu tigerat-tigerat teuing, da puguh keur digawe jadi wartawan Koran Sunda Galura, Grup Pikiran Rakyat Bandung.
Dina hal babagi atawa barangbere, sabisa-bisa mah ulah nepi ka geruh. Komo nepi ka hayang katangar ku balarea mah. Eta bisa kaasupna riya. Alloh teu resepeun ka jalma nu sok riya. Hadena, maksud jeung tujuan dina barangbere teh sangkan urang henteu kapidunya, sangkan hate henteu nyantel kana barang dunya anu pana. Cirining jalma anu kapidunya nya eta ngarasa leungiteun ku harta banda anu leungit. Lian ti eta, jalma anu kapidunya, resep dudunya bari koret ka sasama.
Tilar dunya
Enya, pikeun naon dudunya ari rek jadi jalma koret alias medit alias cap jahe jeung meregehese mah. Sakur naon anu dikumpulkeun ku urang, tungtungna mah moal aya nu bisa dibawa balik ka aherat, kajaba amal-amalan urang sorangan. Harta jeung tahta baris ditinggalkeun dina mangsana urang maot. Kahormatan jeung kamashuran oge bakal diecagkeun.
Sakur nu nyawaan bakal keuna ku maot. Sakur nu kumelip di kolong langit pasti nepi kana titis tulisna. “Urang sadayana bakal maot,” saur S. Sauni dina hiji waktu di bumina. Anu gering, anu sehat, oge bakal maot. Anu kolot, anu ngora, oge bakal maot. Ku sabab kitu, urang kudu waspada. Tatahar ti ayeuna. Geus waktuna ngumpulkeun bekel jang bawaeun balik ka Gusti nu Mahasuci. “Bapa oge ayeuna keur tatahar,” saurna deui sabada netelakeun yen ibu sepuh tea, raina S. Sauni, tos tilar dunya.
“Maksadna?” kuring kerung bari teu ngeunah rarasaan.
“Enya Bapa rek pindah ka Karapitan,” S. Sauni ngajentrekeun. Bumina di Jalan Cikawao geus dijual. Anjeunna bade ngalih ka Jalan Karapitan, ngiring ka nu janten suanna.
“Naha bet diical bumi teh?” kuring panasaran.
“Nya eta apan di Cikawao mah taya batur. Sabada ditinggalkeun maot ku pun adi teh Bapa jadi hirup sorangan. Henteu jadi masalah saenyana mah, ngan suan-suan pada ngahiap ngajak Bapa cicing jeung maranehna,” S. Sauni ngajentrekeun.
Duit ladang tina ngajual imah di Cikawao teh dibagikeun ka dulur-dulurna.
Dina waktuna pindah ti Cikawao ka Karapitan, henteu loba parabot anu dibawana. Mun tea mah disebut loba paling buku lolobana. Bukuna teh ngaleuya. Dilomarian, dikoperan, sawareh diteundeun di kolong ranjang. Loba buku anu karandel dina basa asing. Oge kliping-kliping koran, majalah, jeung naskah-naskah karanganana. “Naon deui atuh da Bapa mah teu gaduh harta banda, ari sanes buku, koran, jeung naskah mah,” saurna. Harita teh S. Sauni keur nyusun karangan ngeunaan Wali Songo. Cita-citana eta karangan rek dibukukeun. “Pasti bakal jadi buku anu kandel,” pokna bari mesem.
Memang geus pada nyaho kana carita Wali Songo mah, da geus loba buku anu nyaritakeunana, malah pilemna oge geus aya. Atuh naha bet dikarang deui? Lain ku nanaon, saurna, aya hal anu kudu dilelempeng dina pamahaman balarea ngeunaan carita Wali Songo. Utamana lebah nu aya kaitanana jeung Seh Siti Jenar.
Di Karapitan mah haneuteun. Bumina heureut, ari pangeusina rame, da puguh suanna geus rumah tangga. Tapi ti saprak S. Sauni di Karapitan mah kuring jadi carang nganjang ka bumina. Lain ku nanaon, bisi ngabaribinan suanna.
Tapi taun 1992 S. Sauni teu damang. Duka ku naon cukang lantaranana. Basa kuring ngalongok ka bumina, salirana ngaageungan. “Sanes lintuh ieu mah, bareuh,” saurna bari ngabelengeh seuri, teu weleh marahmay. Harita mah teu pati ngaler ngidul teuing ngawangkong sareng S. Sauni teh. Ngan ti kuring aya dua hal anu dipiharep ku anjeunna. Kahiji, kuring kudu tetep renggenek jadi penulis atawa wartawan. Kaduana, hadena kuring boga anak deui jang baturna si cikal. “Karunya putra ari taya baturna mah,” saur S. Sauni. “Tos cageur mah Bapa rek pindah deui,” pokna deui sanggeus sajongjongan pabetem-betem.
“Ngalih ka mana?” kuring curinghak.
“Ari cek suan anu di Pasirluyu mah mending ka Pasirluyu,” pokna bari neuteup ka kuring. “Tapi kumaha engke bae. Ke diwartosan mun tos waktuna mah,” pokna deui bari mesem.
Teu lila ti harita, persisna 12 Pebruari 1992, paman kuring anu sok nyitak di percetakan suanna S. Sauni anu di Jalan sadakeling Bandung, ngawartosan rehna S. Sauni tos tilar dunya. Teu diengkekeun. Ngadenge beja kitu geuwat kuring indit ka Karapitan. Barang gok ka bumina, tetela layonna S. Sauni keur digimbung rek disolatkeun. Alhamdulillah, kuring sempet nyolatkeun janasahna, tug ka milu ngurebkeunana di pamakaman Cibangkong Bandung. Di dinya mah kakara kapikir ku kuring, sihoreng kecap pindah anu diucapkeun ku S. Sauni teh silib. Saenyana mah anjeunna wawartos rek mulih ka jati mulang ka asal sakumaha anu dipiharepna salila kumelendang di alam dunya.
Waktu anjeunna ngantunkeun, taya inohong atawa koleha-kolehana anu ngaluuhan. S. Sauni, budayawan anu basajan, inohong anu handap asor teh, ngan dijajap ku balarea jalma biasa. Geus kitu titis tulisna. Taya wartawan—kaasup kuring—nu ngaliput atawa ngabewarakeun pupusna S. Sauni. Tapi teu jadi sual. Eta sakabeh geus jadi kanyataan: hirup mah sewang-sewangan.
Sababaraha bulan ti harita, kajadian kasauran S. Sauni teh, pamajikan kuring ngandung anak nu kadua, anak awewe anu lahirna bulan Agustus 1993. Ayeuna anak kuring jadi sajodo, cikal lalaki, bungsu awewe. Alhamdulillah adi lanceuk teh rukun.
Ka mana titinggalna?
Hanjakal, salila babarengan, kuring tacan kungsi motret S. Sauni. Anjeunna henteu resep dipotret. Anjeunna kersa dipotret teh lamun aya kapentingan bae, upamana dipotret pikeun dina ijazah, nyieun Kartu Tanda Penduduk (KTP), atawa dina acara-acara pormal. Untungna, kuring dibere potretna S. Sauni ku suanna anu di Jalan Sadakeling Bandung.
S. Sauni teu resep pamer. Anjeunna teu palay katangar ku balarea. “Bapa mah henteu perelu publisitas jeung popularitas,” pokna dina hiji waktu basa ngawangkong di Cikawao. Ku sabab kitu jigana mah, ku naon taya hiji-hiji acan media massa—utamana media massa Sunda—anu ngaekspose profil atawa biografina S. Sauni. Padahal karya-karyana S. Sauni dina kasusastraan teh kawilang hade tur munel, leubeut ku kakayon batin anu tangtu gede mangpaatna pikeun balarea. Contona wae, “Seureuh”. Ieu buku karangan S. Sauni teh apan munel pisan mangpaatna. Salian ti mere pangaweruh ngeunaan adat jeung filosofisna Sunda, ieu buku oge mere info ngeunaan kasehatan, sabab diguar dina eta buku ngeunaan paedahna seureuh pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit. S. Sauni resep pisan mun geus nyaritakeun sual sajarah, filsafat jeung seni.
Salila 75 taun kumelendang di alam dunya, geus teu kaitung lobana karya sastra (tulisan) S. Sauni anu diterbitkeun ku rupa-rupa koran jeung majalah, boh anu dina basa Sunda boh anu dina basa Indonesia. Tulisanna anu diterbitkeun dina wangun buku oge geus loba.
Hanjakal deui bae, kuring teu boga bukuna. Duka kumaha nasibna buku-buku, kliping-kliping, jeung nasakah-naskah titinggalna S. Sauni. Basa kuring nyoba nanyakeun ka suanna di Jalan Sadekeling Bandung, cenah harta banda anu mangrupa kakayon intelektualna S. Sauni teh geus diborong (dibeuli) ku hiji kolektor buku-buku jadul (jaman dulu).
“Urang mana kolektorna?” kuring panasaran. Maksud teh rek diburu ka alamatna.
“Nya eta teu sempet naroskeun,” walon suanna S. Sauni.
Bati hanjeluna kuring ngadenge eta omongan suanna teh. Untungna, dina mangsa-mangsa katompernakeun babarengan jeung S. Sauni, kuring kungsi dibere salinan naskah “Carita Pondok Tina Pangalaman jeung Papanggihan Kuring, S. Sauni”. Lian ti eta, oge kuring dibere salinan kliping seratanna anu judulna “Tilem”. Eta naskah carita pondokna S. Sauni teh tacan kungsi aya nu nerbitkeun. Lain tacan kungsi dikapenerbitkeun, tapi, saur S. Sauni, “Ieu tulisan teh ditolak, malah dicawad ku redakturna.”
“Alesanna?” kuring kerung.
“Alesanna mah pedah beda paham bae. Redaktur teu daek nampa lamun pangalaman jeung papanggihan kuring disebut carpon, da cenah carpon mah karya fiksi anu geus aya patokan-patokanana. Padahal ari maksud Bapa nyebut carpon kana ieu tulisan teh dumeh caritana henteu panjang alias pondok,” S. Sauni ngajentrekeun bari ditungtungan ku ngabelengeh seuri.
Ari pangna anjeunna mere tulisan ngeunaan tilem, eta mah ku lantaran kuring samemehna menta pandangan ngeunaan tilem. Da harita teh keur ngawangkong sual mulih ka jati mulang ka asal. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar