Teu Kudu Jujur
Di hiji leuweung, nu kumawasa téh sato maung. Pikeun nganyahoankeun sikep anak buah ka manéhna, dina hiji waktu si maung ngageroan kelenci.
“Cing ambeuan sungut kuring, bau henteu?”cenah bari calangap, didangohkeun kana beungeut kelenci. Ari kelenci téh jujur, da bau nya disebutkeun bau. Atuh maung téh ambek, ngan haup baé kelenci téh dicapluk.
Geus kitu, maung téh ngageroan embé. Kitu embé ogé ditalék. Embé nyaho, mun jujur baris cilaka. Atuh geuwat manéhna nyarita yén sungut maung téh teu bau teu sing.
Tapi maung teu percaya. Meureun si embé téh cenah niatna ukur ngabubungah wungkul. Atuh haup deui embé ogé dicapluk.
Giliran peucang anu ditalek téh.
“Ari sungut kuring bau henteu, Cang?” ceuk maung.
“Duka atuh nya, da irung kuring mah salesma teu bisa ngambeu nanaon.” ceuk peucang. Manéhna ngaléos da teu dinanaon.
Nu apatis jeung teu nembongkeun sikep mah salamet. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar