Tiap Jalma Ceuli Monyet

Abah Curya | sundaonline.com
Jaman sakola lamun meunang peunteun tilu teh sok disebutna ceuli monyet. Meunang peunteun sabaraha, euy? Ah, angger ceuli monyet! Kitu babasaanana teh. Sakapeung ngomong kituna teh bari ngarahuh jeung humandeuar, sakapeungna deui mah bari seuri ngabarakatak. Enya nyeungseurikeun dirina sorangan jeung babaturanana anu pada-pada ceuli monyet.

Saenyana teu kudu hemeng ku eta peunteun ceuli monyet teh. Saestuna saban jalma anu kumelendang di alam dunya mo leupas tina peunteun ceuli monyet. Naha? “Enya, tiap jalma boga peunteun tilu, nya eta mo leupas tina tilu perkara,” saur Abah Curya, tokoh masarakat Desa Ciluncat Kacamatan Cangkuang Kabupaten Bandung basa ngawangkong jeung sundaonline.com, Saptu, (13/9).

Eta anu tilu perkara teh, saur Abah Curya, nya eta, dipikaresep, dipikaceuceub, jeung dihare-harekeun. Saban jalma di ieu kolong langit pasti ngalaman dipikaresep, dipikaceuceub, atawa dihare-harekeun ku batur atawa dulur. Di mana bae urang cicing, pasti aya nu mikaresep, mikaceuceub, atawa ngahare-harekeun.

Lamun dina sasatoan mah, anu sok dihare-harekeun teh kadal. Geura tingali, lamun pareng aya kadal ngaliwat, jalma teh hare-hare we. Aya jeung tayana eta kadal teu jadi pangaruh naon-naon. Beda jeung lamun kawenehan ku oray. Komo orayna oray kobra mah. Sakur jalma anu ningalina sok hayang ngagunasikana. Enya awahing ku ceuceub eta teh. Tapi lamun ningali manuk mah umumna jalma sok hayang newak, hayang miara, awahing ku resep. “Tah, naon anu disebutkeun bieu teh silib yen sakur jalma anu kumelip di kolong langit nyorang pangalaman kawas eta sato, nya eta dipikaresep, dipikaceuceub, atawa dihare-harekeun. Ayeuna mah kari kumaha urangna. Urang hayang dipikaresep, dipikaceuceub, atawa dihare-harekeun? Eta mah kumaha sikep hirup urang,” saur Abah Curya kalayan daria.

Intina, saban jalma ceulina monyet, aeh maksad teh baris meunang peunteun ceuli monyet alias angka tilu sakumaha anu digambarkeun ku Abah Curya. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer