Pancasila Sakti Kaluli-luli


Anu apal kana sajarah Indonesia, tangtu apal yen tanggal 1 Oktober teh Hari Kesaktian Pancasila. Oge tangtu apal naon pangna disebut Hari Kesaktian Pancasila. Ngan jigana saeutik bangsa urang anu apal kana sajarah kabangsaan teh. Buktina loba anu nyata-nyata teu apal kana eta poe bersejarah.  “Oh, Hari Kesaktian Pancasila,” cek Ander (20), mahasiswi di salasahiji paguron luhur di Kabupaten Bandung basa sundaonline.comnyebutkeun 1 Oktober teh Hari Kesaktian Pancasila.

Leuwih parahna, Ander oge meh poho kana teks Pancasila. “Kapungkur mah, jaman abdi sakola, ti SD dugi ka SMA, abdi apal kana teks Pancasila teh,” pokna bari ngabelehem. Naha ayeuna jadi teu apal? Padahal apan sakola keneh di paguron luhur!

“Da di tempat kuliah mah tara aya upacara bandera,” Ander mere alesan. Naha? “Da abdi mah kuliahna oge di kelas karyawan,” cek eta guru les bahasa Inggris.

Anu poho kana hari bersejarah jeung teks Pancasila teh tangtu lain Ander bae. Kawasna batur sakelas di tempat kuliahna oge sarua. Lamun pantar mahasiswa geus kitu nyatana, atuh meujeuhna seug nu teu sakola atawa anu sakolana bangkar mah. Ku kituna deuih, ulah sok gampang nyeungseurikeun ka nini, aki, atawa buyut, anu tos lalieun kana hari bersejarah atawa teks Pancasila. 
Da buktina anu masih nyuprih elmu di sakola formal oge aya nu teu apaleun kana sual kabangsaan.

“Sumuhun abdi pisan eta mah,” cek Dadang Suhendar (40), urang Banjaran Kabupaten Bandung, anu sapopoena sibuk jadi operator di studio rekaman. “Duka bawaning ku belet, duka ku naon, da abdi mah apal-apalna lagu Garuda Pancasila oge kadieunakeun,” pokna deui bari keom.

Hartina, salila sakola mah, Kang Dadang teu apaleun lagu Garuda Pancasila. “Teu apalna teh lebah reff-na. Apan ari kedahna mah pribadi bangsaku ayo maju-maju ayo maju-maju ayo maju-maju.... Tah, lebah kitu teh abdi mah tibang-tibangsaku ayo maju-maju ayo maju-maju ayo maju-maju....” Kang Dadang nyapertikeun pangalamanana basa keur sakola.

“Tapi ayeuna mah apal,” Kang Dadang ngabelengeh seuri. “Ngan duka kumaha caritana pangna 1 Oktober disebut Hari Kesaktian Pancasila mah,” pokna deui ditungtungan ku nyerengeh. [] ram







Komentar

Postingan Populer