Pangarti Tukang Daging
![]() |
Sajeroning kitu di saban desa (kalurahan di Kota Bandung) oge aya wawaran pikeun sukarelawan, tapi di dieu mah ngan aya PBO wungkul jeung teu aya bakal hukumanana.
Kuring harita ngadapterkeun ka nu kasebut ti heula, jeung kalawan sukarela kuring ngadaptarkeun ka kalurahan di bale desa daerah kuring, milu jadi anggota PBO. Jadi dina derna perang teh (Jepang narajang Hindia Walanda) tanwande kuring meunang panggilan ti dua badan, nya eta Palang Merah jeung PBO.
Ari latihanana di Kompleks Pekerjaan Umum Kotamadya Bandung di Kebonwaru, meunang lima poe noron ti tanggal 17 Juli 1940.
Sukarelawan nu dilatih loba pisan aya puluhna jelema campuran ti desa-desa sejenna, dibagi-bagi jadi sababaraha regu. Saregu aya kurang leuwih 25 jelema. Kungsi ku kuring kajugjugan yen kabeh lain kaluaran HIS, tapi jelema awam nu teu kungsi tamat Sakola Sunda jeung nu tamat Sakola Sunda.
Nu diajarkeunana rupa-rupa, kayaning: make kedok panyegah gas racun, mareuman kahuruan (balukar bom), baris, gerak badan, P3K, kanyaho bab bom jeung sajabana.
Di nu sakitu lobana sukarelawan, aya saurang tukang (padagang) daging nu teu wudu sonagar, pinter carita, bari dianggap ku babaturanana (pada-pada awam). Kuring oge kabawakeun milu ngabandungan caritaanana. Manehna nyaritakeun rupa-rupa bom, cenah: “Bom teh rupa-rupa, aya nu gede jeung aya nu leutik, nu lima kilo, 25 kilo, malah leuwih.”
Aya saurang nu dilatih nanyakeun: “Kilo naon? Kilogram?”
“His, lain kilogram, kilo! Kilogram mah atuh leuwih hampang!” jawabna nandeskeun bari jeung jiga nu enya bener kanyahona.
Di antara nu ngadarengekeun aya nu seuri (nyeungseurikeun) jeung kawas nu ngajebian. Kuring mah cicing we. Ari geus rek dikumahakeun, da puguh nimbang daging mah sakilo, dua kilo. Tara ieuh ku kecap ‘kilogram’.
Meureun pikiranana atawa kanyahona, ari ‘kilogram’ teh ‘gram’, nu sarua jeung 1/1000 kilogram tea, ari ‘kilo’ mah sarua jeung ‘kilogram’. [] S. Sauni



Komentar
Posting Komentar