Saragam Tentara jeung Pulisi Teu Hade keur Kasehatan
Pikeun sehat, dina hal make pakean oge ulah sagawayah. Ulah asal gaya tapi jadi mamala. Upamana waktu keur tumpak sapedah motor, teu hade ukur make kaos sangsang wungkul mah. Angot bari jeung ngebut mah ngajalankeunana. Eta teh sarua jeung nangtang angin, alias ngondang pipanyakiteun. Oge ulah sok make baju atawa calana anu merecet. Make pakean anu ngepas teuing kana awak teh henteu hade pikeun kasehatan.
A.M. Isran, BSC, MBA, Ph.D, kungsi ngajelaskeun ka kuring perkara cara hirup anu sehat. Saurna, aya lima hal anu perlu diperhatikeun dina ngarawat kasehatan. Kahiji, jaga hate jeung pikiran. Kadua, jaga kalakuan. Katilu jaga kadaharan. Kaopat, jaga kalenturan awak. Kalima, jaga pakean.
Jaga hate jeung pikiran ku cara sukuran dina sagala hal. Ulah sok ngarasula. Ulah sok kabitaan ku barang milik batur. Jaga kalakuan ku cara hirup anu jujur. Ulah sok ngahalalkeun sagala cara. Ulah sok kabawakeun ku sakaba-kaba. Jaga kadaharan ku cara milah jeung milih kadaharan anu matak sehat kana awak. Ulah tambarakan. Ulah ngadahar kadaharan ladang tina kalakuan nu teu jujur. Jaga kalenturan awak ku cara ngamalkeun Pijat Getar Syaraf jeung Senam Perkasa Indonesia kalayan sabar ngamalkeunana. Jaga pakean ku cara ngajaga naon-naon anu dipake ku urang. upamana sapopoe urang make sapedah motor. Jaga eta kandaraan teh ulah nepi ka eremna blong, dan lamun blog tangtu jadi mamala kana awak urang. Oge jaga pakean urang, kayaning baju, calana, jeung sajabana. Ulah nepi ka make pakean anu matak ngaruksak kana kasehatan awak urang. “Baju, calana, atawa pakean anu sereg, merecet, atawa meureut, henteu hade pikeun kasehatan awak urang,” saur A.M. Isran.
Ku kituna, A.M. Isran ngajentrekeun, karunya baraya urang anu digarawe jadi tentara atawa pulisi, sabab pakean anu dipakena rata-rata ngepas teuing kana awakna. Geus mah baju calana ngepas, katambahan deuih ku beubeur jeung kaos kaki anu meureut, atawa ransel jeung sapatu anu beurat. Waktu dines mah eta pakean teh kawas henteu jadi masalah. Malah katempona asa gagah jeung wibawa. Tapi kahareupna baris karasa akibatna. Loba urat syaraf pangsiunan TNI jeung pulisi anu kaganggu balas ku lila teuing kabeungkeut ku pakean saragamna. Loba tombol anu nutup dina sakujur awakna. Loba pangapuran dina saluran getihna. Loba panyakit anu tumiba kana awakna ku sabab sistim kelistrikan awakna geus pagujud. “Upami dietang mah tos teu kaetang seueurna pasen pangsiunan tentara sareng pulisi anu diterapi di dieu,” saur A.M. Isran anu kaceluk Great Master Pijat Getar Syaraf jeung penemu Senam Perkasa Indonesia. “Aya anu jantung koroner, diabetes, stroke, impotensi, parkinson, jeung sajabana,” saurna deui ngajentrekeun.
Naha standar saragam tentara jeung pulisi kedah dibebenah deui kitu? [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar