Guru, tina Gu jeung Ru
![]() |
Ilustrasi |
Loba nu nyebutkeun, kecap guru teh kancahan tina digugu jeung ditiru. Enya kancahan numutkeun basa kirata (dikira-kira tapi nyata) tea. Tapi, cek Hira Karmachela, S.Pd., ACA mah kecap guru teh asal tina basa Sangsakerta, nya eta tina kecap gu jeung ru. Ari gu teh poek, ru mah caang. Jadi, eta guru multimedia di SMK Al-Wafa Ciwidey Kabupaten Bandung teh ngajentrekeun, guru teh anu bisa mawa jalma tina poek kana caang. Hartina poek nya eta taya kanyaho, caang nya eta kanyaho anu disebut elmu atawa pangaweruh tea.
Hiji jalma anu bisa nungtun nuyun jalma nu lianna tina taya kanyaho kana kanyaho, tina tuna kabisa kana loba kabisa, tina salah kana bener, eta jalma pantes disebut guru. Jadi guru geus sawadina bisa nuduhkeun wiweka ka murid-muridna. Ari wiweka teh kamampuh ngabedakeun nu goreng ti nu alus, atawa nu salah ti nu bener. Pancen guru anu sajatina nya eta mawa jalma kana jalan anu bener, boh bener cek agama pon nyakitu bener cek darigama. Anu ngajarkeun salah, jahat, basilat, ngarampog, maling, nipu, korupsi, jeung sajabana, teu pantes disebut guru. Da kajahatan mah sipatna gu, nya eta poek tea alias jahiliyah. Jalma jahat ngajarkeun kajahatan ka jalma anu boga niat jahat, sarua jeung jalma lolong nungtun jalma anu lolong. Duanana baris tigebrus kana kasangsaraan. Ari sipatna guru apanan kudu bisa mawa jalma kana kabagjaan di dunya rawuh aherat.
Tetela, ana kitu mah pancen guru teh kacida jembarna, pohara jerona, kalintang luhurna. Ku sabab kitu, ngahontal kaluhungan elmu sarta kasampurnaan diri teh geus sapantesna jadi udagan jalma anu (hayang) jadi guru. Tekad, ucap, jeung lampahna nu jadi guru masing ngahiji ngarah eta guru pantes pikeun digugu jeung ditiru tea. Teu bener kasebutna seug nu jadi guru saukur mibanda elmu ajug, nya eta bisa nyaangan ka batur ari dirina sorangan balilu alias poek. Oge teu hade kasebutna upama nu jadi guru boga sipat kawas lilin, nya eta bisa nyaangan batur ari dirina sorangan beak kaduruk ku seuneu. Lebah dieu, sangkan teu beak kawas lilin, nu jadi guru kudu satuluyna getol ngaeksplorasi jeung ngaoptimalisasi potensi dirina. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar