Hadena Tong Aya ‘Pahlawan Devisa’
Ku rupa-rupana pagawean jalma, istilah pahlawan oge jadi rupa-rupa. Pahlawan kamerdekaanpikeun nuduhkeun parapajuang kamerdikaan, pahlawan tanpa tanda jasa pikeun nuduhkeun kaum guru, pahlawan devisa pikeun nuduhkeun TKI (Tenaga Kerja Indonesia) anu gawe di nagara batur. Kadieunakeun jebul istilah “pahlawan keluarga” anu nuduhkeun PSK (Pekerja Seks Komersial). Eta istilah teh disebutkeun ku salasaurang pajabat anu make kurudung. Atuh puguh bae eta pajabat teh pada mentog, angot di media sosial mah loba jalma anu teu panuju kana eta omongan pajabat. “Piraku PSK disebut pahlawan keluarga, geus puguh pagaweanana oge salah,” cek balarea di media sosial.
Matakna, ulah sok gampang nyieunan istilah. Akibatna nya kitu tea: ibu pajabat oge pada nyarekan ku balarea. Istilah “pahlawan devisa” oge saenyana mah henteu merenah ari saukur pikeun nuduhkeun TKI mah. Hadena mah teu kudu aya eta “pahlawan devisa” teh. Hartina, nya teu kudu aya nu disebut TKI anu digawe di nagara deungeun teh.
TKI, kaasup TKW (Tenaga Kerja Wanita)-na, geus remen nimbulkeun masalah sosial anu sejenna. Geuning sok mindeng kabejakeun aya TKI anu balikna deui ka Indonesia teh kari ngaranna wungkul. Aya TKI anu disiksa dikaniaya ku dununganana. Aya TKI anu nyorang hukuman pati. Aya TKI nu jadi korban pelecehan seksual. Jeung sajabana ti eta. Teu saeutik TKI anu katurug katutuh ku pasualan. Lamun TKW, tempona balik ka lemah cai teh salakina geus kawin deui, anakna kabawakeun pergaulan anu goreng. Duitna ladang kuli di nagara deungeun teh beak teu nyesa dipake awuntah ku salakina salila ditinggalkeun ku eta TKW. Puguh matak ngerik karasana kana ati teh. Sakur nu bisa neuleuman hatena, tangtu bakal milu ngarasakeun kanyeri jeung kapeurih hatena. Kawasna, pamarentah oge kitu. Ku sabab milu ngarasakeun kana kanyeri kapeurih hatena tea, tuluy bae pamarentah nembongkeun rasa empatina ku mere “panglipur” mangrupa istilah “pahlawan devisa” ka TKI. Tapi da pasti moal lipur ku dibere istilah wungkul. Udagan TKI ka luar negeri teh apan dina raraga neangan nilai tambah anu salila ieu hese pisan kapanggihna di nagara urang. Hartina, rek nembongkeun kanyaah ka TKI mah gampang: ronjatkeun bae ajen kasejahteraan sosial di nagara urang. Ku cara kitu moal aya TKI anu rek ngadon sosoroh hirup di nagara batur. Dina ayana oge, TKI nu ka luar negeri mah lain pikeun jadi jongos, tapi pikeun jadi wisatawan atawa konsultan.
“Barina oge gawe bari jauh ti kulawarga teh teu genah,” cek hiji lalaki urang Cianjur anu kungsi salila dua taun ditinggalkeun ku pamajikanna ku lantaran gawe di Arab. Anak dua laleutik keneh geus ditinggalkeun ku indungna, atuh tungtungna mah jadi ngariweuhkeun ninina. “Sumuhun ninina teh pun biang,” pokna deui.
Lain saukur pamarentah anu kudu tanggap kana sual ieu teh. Majelis Ulama Indonesia (MUI) oge tong cicingeun. Da apan geus puguh numutkeun ajaran Islam mah, awewe ninggalkeun salaki jeung anak-anakna teh henteu bener kasebutna.
Lamun geus loba ekses anu gorengna tina akibat ayana TKI/TKW digarawe di nagara batur, naha angger urang rek mikareueusna ku nyebut maranehna pahlawan devisa? Hal ieu jadi PR pikeun gerakan revolusi mental. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar