Infak Lain Mere

Ustadz Lukmanul Hakim. | sundaonline.com
Minggu, 2 Nopember 2014, tabuh 06.00-09.00, jalan Blok B3 di Sanggar Indah Banjaran (SIB) Kabupaten Bandung ditutup, teu bisa dipake lalar liwat sakumaha biasana. Soalna aya pangajian bulanan jamaah Persatuan Islam (Persis). Pa Denny Pinto, warga Blok B3 kagiliran jadi tuan rumah-na. Ku sabab bumina teu bisa nampung jamaah anu sakitu lobana, nya kapaksa nyontang jalan umum pikeun ngayakeun pangajian teh.

Ku kituna, dina bubukana, Pak Denny Pinto nyuhunkeun dihapunten ka sakumna warga Kompleks Sanggar Indah Banjaran, utamana warga Blok B3. Bapa Eman Sulaeman, salaku Ketua Jamaah Persis Sanggar Indah Banjaran, oge teu petot-petot ngahiap sakumna jamaah anu hadir pikeun ngarojong program pangwangunan tempat ibadah ku cara sabilulungan ngalaksanakeun infak. “Lamun urang teu tiasa ngawangun tempat ibadah, nya kapaksa pangajian teh jiga kieu deui ngahalangan jalan,” saurna daria.

Suasana pangajian di tengah jalan Blok B3 SIB. | sundaonline.com

Patali jeung hal eta, dina tausyiahna, Ustadz Lukmanul Hakim ngajentrekeun yen infak teh beda jeung mere. Lamun infak disaruakeun jeung mere, geus tangtu dina waktuna mere teh eta jalma henteu leupas tina kakoretanana. Ku kituna tempona infak teh moal boa paleutik-leutik. Tapi lamun urang paham yen infak teh ngumpulkeun amal soleh pikeun kabagjaan hirup di aherat, geus tangtu jalma-jalma anu rek infak teh paheula-heula jeung paloba-loba infakna.

Dicaritakeun ku Ustadz Lukmanul Hakim ngeunaan sikep parasahabat Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Saurna, parasahabat Nabi mah paheula-heula jeung paloba-loba dina hal infak teh. Geura kieu riwayatna:

Dina hiji subuh Umar bin Khatab sumping ka Kangjeng Nabi bari nyandak harta kakayaanana. “Kanjeng Nabi, ieu sabagean harta abdi bade diinfakkeun,” saur Umar bin Khatab bari ngareret ka beulah juru. Kangjeng Nabi reueus ningal ketak Umar sapertos kitu teh. “Ke, dupi itu naon?” saur Umar bin Khatab bari nunjuk kana tumpukan harta banda anu di juru tea.

“Oh, eta teh infakna sobat urang, Abu Bakar As-Sidiq,” walerna Kangjeng Nabi kalayan marahmay.

“Iraha anjeunna sumping ka dieu?” Umar bin Khatab panasaran.

“Tadi,” saur Kangjeng Nabi.

Ngadangu kasauran Kangjeng Nabi kitu, Umar bin Khatab pohara reueusna bari gogodeg. Tetela, saurna, Abu Bakar As-Sidiq mah alim kaelehkeun dina perkara infak sareng ngalaksanakeun amal soleh nu sanesna teh. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer