Jalan Dialusan, Ari Trotoarna Mana?
![]() |
| Jalan Gandasari Kabupaten Bandung anyar dialusan,tapi trotoarna mah dibaekeun. | sundaonline.com |
Kabupaten Bandung keur giat ngomean jalan. Teu aneh lamun remen manggihan macet di perjalanan teh. Hanjakalna, ngomean jalanna teh henteu diimbangan ku nyieun atawa ngahadean trotoar. Akibatna, beuki pikarunyaeun nasib dulur-dulur anu geus biasa nikreuh tumpak sukuter mah. Disebut beuki pikarunyaeun teh dumeh ku alusna jalan, loba pangandara anu sagenahna ngajalankeun kandaraanana. Geuning dina jalan anu alus mah nu ngajalankeun sapedah motor atawa mobil teh kawas nu keur balap. Paheula-heula bari teu nolih kana kanyamanan jeung kasalametan nu keur laleumpang di sisi jalan.
Geus puguhning nu kasebutna di jalan raya kawas Jalan Kopo, atawa Jalan Soreang Banjaran mah. Bet di Jalan Gandasari bae oge sarua nu ngajalankeun kandaraan teh kawas nu keur balap. Ngan hiji dua jalma anu kasebut tartib berlalulintasna mah. Ketang Jalan Gandasari mah kaitung jalan gede, ieu mah di Jalan Ciluncat, Jalan Tenjolaya, atawa Jalan Desa Nagrak Kacamatan Cangkuang anu kasebut nyingcet jalanna, angger bae nu marake kandaraan teh henteu nolih kana kanyamanan jeung kasalametan nu keur laleumpang.
![]() |
| Lahan pikeun nu laleumpang mindeng disabot ku nu neundeun kandaraan. | sundaonline.com |
Anu keur laleumpang teh meh-mehan kaserempet ku sapedah motor jeung mobil. Nu pikapaureun mah lamun barudak SD keur laleumpang, heg teu dibarengan ku kolotna, leuh matak linu nu nempona. Ketang pantar kolot oge pikahariwangeun ari nuju mapah di sisi jalan teh. Komo lebah tikungan anu nanjak mah.
Duka kunaon pamarentah henteu ngutamakeun kana ngayakeun trotoar. Pedah sieun disorobot ku padagang kaki lima? Atawa sieun disorobot ku nu marake sapedah motor kawas di Jalan Kopo Bihbul lamun keur macet? Atawa memang teu kapikir yen trotoar teh penting pikeun kanyamanan jeung kasalametan baraya urang anu nalikreuh? [] Endang GG




Komentar
Posting Komentar