Naha Enya Cai Botolan Naek Hargana?

Cai herang 600ml Rp 4.000 sabotol di mini market 
Jalan Gardujati Bandung. | sundaonline.com

Kaluar ti mini market di Jalan Gardujati Bandung teh Ibu Umayah mani kerung. Enya cenah aneh, harga cai herang 600 ml anu dibotolan di mini market anu eta mah mahal, nepi ka Rp 4 rebu sabotolna teh. Padahal, di mini market anu aya di sabudeureun Sanggar Indah Banjaran Kabupaten Bandung mah, cai botolan anu merekna sarua jeung nu eta mah Rp 2.800 sabotolna teh. “Teu kaharti ku abdi mah,” pokna ka sundaonline.com, Saptu, 1 Nopember 2014. “Bilih teu percanten, tuh tingal struk pembelianana,” pokna deui.

Malahan mah, cek Ibu Umayah, cai botolan merek sejenna di mini market sabudeureun Sanggar Indah Banjaran mah aya keneh anu hargana Rp 1.300 per botol. Pikeun meupeuskeun kapanasaranana, basa balanja di mini market Jalan Gardujati Bandung teh, Ibu Umayah nganaha-naha. Tapi, cek pelayanna teh duka, da tos ti dituna kitu.

Ku ayana kajadian sarupa kitu, Ibu Umayah miharep sangkan pamarentah turun tangan ngayakeun razia pasar, blusukan ka saban mini market. Da teu kaharti cenah, ari harga di pusat kota leuwih mahal batan di kampung mah. Lamun harga leuwih mahal di mini market nu aya di pasisian kawas di Pakidulan Cianjur mah rada kaharti. Sabab ari mini market nu di pasisian mah keuna ku ongkos distribusi atawa transfortasi anu mahal. “Ari Jalan Gardujati mah lebet ka puseurna Kota Bandung atuh. Akses pikeun distribusi teh kaetang gampil. Matakna teu kaharti ku abdi mah lamun eta harga cai botolan langkung awis,” pokna deui keukeuh can bisa narima kana kanyataan sarupa kitu. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer