Nu Teu Ngaroko Can Karuhan Sehat


Basa Ibu Susi Pudjiastuti jadi paguneman balarea dumeh diekspos ku media massa yen eta Menteri Kelautan dan Perikanan teh resep nyesep alias ngaroko, kuring mah teu pati satuju. Lamun ngaroko dianggap kabiasaan goreng ku sabab merokok bisa membunuhmualias matak ngaganggu kasehatan, saenyana da lain roko wungkul anu matak ngaruksak kana awak mah. Jalma anu anti-roko oge bisa ruksak awakna lamun cara hirupna henteu sehat.

Cara hirup anu sehat teh apan ngawengku lima hal. Kahiji urang kudu bisa ngajaga hate jeung pikiran. Saur Kangjeng Nabi Daud mah hate anu gumbira teh ubar. Sangkan hate urang teu weleh gumbira, nya wayahna urang kudu bisa sukuran dina sagala hal ku cara berpikirpositip tea.

Kadua, jaga kalakuan ku cara hirup anu jujur. Ti baheula urang midangdam pamingpin anu jujur. Tah, ayeuna waktuna tumanya ka diri sorangan, naha urang siap dipingpin sangkan hirup jujur? Ulah sok ngahalalkeun sagala cara.  

Katilu, jaga kadaharan. Dina barangdahar ulah sok tambarakan. Pilih kadaharan anu matak sehat kana awak. Andang Gunawan, ahli food combining netelakeun yen kadaharan anu sehat teh nya eta kombinasi makanan serasi anu sipatna basadina awak urang. Lamun tambarakan, kadaharan malah nimbulkeun sipat asam dina awak urang anu beh dituna jadi bibit ayana rupa-rupa panyakit kayaning asam urat, kolesterol, hipertensi, jantung koroner, diabetes, stroke, jeung sajabana ti eta. Dokter Yamato ti Jepang netelakeun, ubar (maksudna obat-obatan kimiawi) ulah nepi ka dijadikeun kadaharan, sabab hadena kadaharan anu kudu jadi ubar pikeun awak urang. Lian ti kitu, sangkan barokah kana diri urang, kadaharan anu didahar teh kudu ladang tina pagawean anu jujur. Kadaharan hasil tina pagawean nu teu jujur bisa jadi mamala kana lahir batin urang. Saur papatah ti Cina, urang teh bakal saperti anu dipikiran ku urang, ari pikiran bakal saperti anu didahar ku urang. Lamun ieu papatah diguar tangtu bakal panjang lebar. Matakna lenyepan bae ku sorangan.

Kaopat, jaga kalenturan awak ku cara olahraga anu matak nyehatkeun kana awak, kayaning Senam Perkasa Indonesia, senam yoga, tai chi, jeung samodelna.

Kalima, jaga pakean. Ulah sok make pakean anu matak pipanyakiteun. Umpamana make baju lekbong, atawa kaos sangsang, bari tumpak sapedah motor. Apan salah kitu peta teh, da sarua jeung nangtang angin. Angot sapedah motorna taya ereman. Wah, picilakaeun we kana awak teh. Ku kituna, jaga pakean teh nya eta ngajaga naon-naon anu dipake ku urang. Lamun erem sapedah motor blong, nya benerkeun eremna. Lamun lampuna pareum, nya hurungkeun, angot dipakena peuting mah.

Upama lima hal eta dirempak, atawa teu dilaksanakeun, sanajan ti oorok nepi ka kolot tara ngaroko, nya wayahna we jadi jeger tea alias jelema gering, alias hirup teu jeung huripna, atawa hurip teu jeung warasna. Ti semet ayeuna mah ulah sok openan ka nu sok ngaroko satungtung urang can ngalaksanakeun cara hirup anu sehat mah. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer