Urang Sirnasari Neangan Sinyal
![]() |
| Kurnia Sudrajat, S.Pd.| sundaonline.com |
Baraya kagungan sinyal? Manawi aya langkungna mah sodakohkeun we ka urang Desa Sirnasari Kacamatan Leles Kabupaten Cianjur. Kaleresan di ditu mah sesah sinyal! Teu percanten? Geura ieu buktosna.
Saptu (1/11/2004), rebun keneh Pa Kurnia tos saged rek miang ka Batukasur. Ieu guru honorer di SD Negeri Sirnasari Kacamatan Leles Kabupaten Cianjur teh kapaksa kudu ninggalkeun sakolana demi muru sinyal pikeun internetan. Sanes rek ka warnet. Ka Batukasur anu pernahna di Kacamatan Agrabinta Kabupaten Cianjur teh Pa Kurnia bade seja ngalaksanakeun pancen ti kapala sakolana. Rek ngadon internetan di bumi sobatna, atawa di sakolaan, nya eta di SD Negeri Walahir. Kabeneran di Batukasur mah sinyalna hade.
Beu, aya ku tawekal Pa Kurnia mah. “Sanes kitu! Apan abdi teh operator sakola,” eta guru anu wasta lengkepna Kurnia Sudrajat, S.Pd. teh ngajentrekeun.
Saurna, untung ayeuna mah bisa make sapedah motor. Jadi nyorang lalampahan ti Sirnasari ka Batukasur teh ukur nyontang waktu 60 menit. Tapi eta teh lamun halodo. Lamun usum hujan mah bisa langkung ti sajam. Ma’lum kaayaan jalan di Pakidulan Cianjur mah seueur keneh anu renjul. Jadi kurang-kurangna tapis jeung ati-ati kana motor mah matak remen tiguling di perjalanan teh. Atuh naha demi sinyal mani dugi ka lintas kacamatan? “Hih, apan sesah sinyal di Sirnasari mah!” Pa Kurnia mani tarik nyariosna. Ieu guru honor anu tos babakti ka Ibu Pertiwi salami 10 taun teh ngarasa diriweuhkeun ku perkara sinyal, boh sinyal pikeun internetan, boh sinyal pikeun nga-hape. “Enya duka ku naon di Sirnasari mah werit sinyal. Matakna lamun bade nelepon atawa sms-an teh abdi sok hanjat ka pasir bari sakalian ngala jukut jang parab domba,” Pa Kurnia netelakeun.
Geus satekah polah ihtiarna pikeun aya sinyal hape di sirnasari teh. Di antarana Pa Kurnia nyieun kotak jang wadah hape anu bisa ditapelkeun kana bilik. Wadah kotakna oge rupa-rupa, aya nu tina urut cangkang roko, aya oge nu ngahaja dijieun tina kai. Eta kotak pikeun nadah hapeteh ditapelkeun kana bilik anu bisa ngayakeun sinyal. “Nya alhamdulillah, ku cara kieu teu balueng teuing ku sinyal teh. Tapi da ribet makena. Ari nelepon teh abdi kudu bari ngadaplok kana bilik,” saur Pa Kurnia bari ditungtungan ku ngehkey. Atuh angot lamun sms-an mah hese ari kudu bari ngadaplok mah. Ongkoh deui sinyalna oge teu full, ukur hiji dua. Ku kituna, saur Pa Kurnia, cara kitu teh teu bisa dipake andelan.
Ihtiar sejenna nu geus dilakonan ku Pa Kurnia nya eta gunta-ganti kartu hape. Angger gunta-ganti kartu hape oge teu jadi solusi. Anu cek iklanna kartu itu alus kartu ieu bagus teh wadul pikeun urang Sirnasari mah. Tong boroning gunta-ganti kartu, bet ku gunta-ganti hapeoge angger teu ngahasilkeun sinyal. Ku sabab kitu, BB anu pangmahalna oge di Sirnasari mah lain BlackBerrykasebutna, tapi Betem Bae dilandihna.
Padahal, saur Pa Kurnia, masarakat di Pakidulan Cianjur mah keur gandrung ku sabangsaning gadgetteh. “Da upami aya sinyalna mah, di Sirnasari teh abdi hoyong muka counter pulsa, hape, sareng asesorisna,” Pa Kurnia kahudang deui lamunanana. “Leuh tada teuing bungahna seug Sirnasari jadi tegalan sinyal,” lamunanana beuki manteng.
Geregetna pisan mah lamun peuting butuh nelepon atawa sms-an. Rek ka pasir nya poek nya jauh. Rek ka Batukasur piraku da leuwih jauh. Tungtungna Pa Kurnia sok ngawayahnakeun indit ka tonggoh pikeun ngadon nyempod dina para bumi mertuana. Enya lumayan cenah di dinya mah aya sinyalan, sanajan osok lup-lep oge sinyalna. “Ah, ketang taya mendingna! Da nyempod bae dina para oge cangkeul jeung eungap we,” saurna.
Matakna, Pa Kurnia netelakeun, sakumna baraya anu gampil ku sinyal mah kudu sukuran. [] Endang GG



Komentar
Posting Komentar