Bangsat Hade Milik


Baheula jero taun tilupuluhan, di Kota Bandung loba toko Jepang. Aya toko “Tjijoda” (baca: Ciyoda), toko gede jeung sagala aya (ayeuna mah “Toserba”). Perenahna aya di juru kulon-kaler Jalan Asia-Afrika/Jalan Alketeri. Di dinya urang bisa meuli rupa-rupa barang, kayaning bahan pakean jeung papakean nu geus jadi (calana, kameja jeung sajabana), erloji, parabot rumah tangga, kareta mesin, kadaharan nu dikalengan (daging, lauk, kueh, bungbuahan, jsb), parabot dapur (piring, gelas, baskom, katel, kompor, jsb), jarum, kapas, ubar-ubaran, jeung rea-rea deui sejenna. Pendekna lengkep sagala aya keur kaperluan hirup jeung rumah tangga; keur nu beunghar jeung nu miskin disadiakeun.

Unggal poe di toko Tjijoda taya towongna nu balanja ti isuk nepi ka peuting pukul sapuluh. Harga barang-barangna rada miring mun dibandingkeun jeung di toko-toko sejenna. Nu matak teu aneh mun pada ngajojo teh, da jelema mah rata-rata sok hayang nu murah bae.... (Padahal nu murah mah sok tereh ruksak jeung teu pati alus).

Dina hiji poe di eta toko aya jelema maling (ngabadog, da ti beurang) sadus piring poslen satengah losin kaperego ku palayanna. Jelema teh harita dipasrahkeun ka nu boga toko, tuan Jepang. Harita keneh pada ngadeugdeug ku jelema nu hayang nyaho. Geus teg bae jelema-jelema teh nyangka, tangtu bangsat teh diteunggeulan jeung dipasrahkeun ka pulisi.

Tapi henteu dikitu-kieu bangsat teh ku tuan Jepang, kalah ka hayoh piring teh dibikeun jeung sendok nekel salosin. “Jung, geura balik,” cek tuan Jepang mun ku Sunda mah.

Leos weh jelema teh indit bari angkaribung ku babawaan beunang pamere tuan Jepang. “Aya bangsat hade milik kitu,” cek jelema-jelema nu aya di dinya. [] S. Sauni 

Komentar

Postingan Populer