Bawang Daun Sapanjang Jalan Boulevard
![]() |
| Bawang daun mapaesan taman sapanjang Jalan Boulevard, di Perumahan Gading Tutuka Kabupaten Bandung. | sundaonline.com |
Barang sup ka perumahan Gading Tutuka I ti Jalan Gading Raya, Kabupaten Bandung, geus katangen taman di sapanjang Jalan Boulevard dihias ku bawang daun. “Tos aya kana dua sasihna melak eta bawang daun teh,” saur Pa Akir (60 taun) ka sundaonline.com, Salasa, 3 Pebruari 2015. “Saleresna mah tos tiasa dipanen, mung saur Pa RW engke wae sina jarangkung heula,” eta urang Kampung Cipeer teh ngajentrekeun.
Pa Akir teh sapopoena mah ngabeca ti yuswa 17 taun. Ti saprak ngadeg eta perumahan, Pa Akir ngetemna di dinya. Bari nungguan muatan, Pa Akir sok pirajeunan kurad-kored atawa ngadudutan jukut anu geus jarangkung di sabudeureun tempat ngetemna. Tug ka dina hiji poe, ku Pa RW 13 Desa Cingcin Kacamatan Soreang Kabupaten Bandung Pa Akir diperedih pikeun ngored taman di tengah-tengah Jalan Boulevard. “Kenging sapuluh dinten abdi duaan sareng rerencangan ngored eta taman teh,” saurna. “Lumayan aya kana dua jutana Pa RW boborot kangge meresihan eta taman,” saurna deui.
![]() |
| Ku alpukahna PA RW 13, Pa Akir dipercaya melak eta bawang daun. | sundaonline.com |
Sangkan teu kudu ngored unggal usik, Pa Akir usul ka Pa RW malar eta taman dipelakkan bawang daun. Pa RW satuju, nepi ka ahirna boborot deui meser binih bawang daun 60 kilogram anu harga per kilogramna Rp 7 rebu. Alhamdulillah, kalayan teu hese cape nyeboran da ku usum hujan, eta binih bawang daun teh jaradi kalayan alus.
Upama engke dipanen, ku Pa Akir eta bawang daun teh dipasrahkeun ka Pa RW. Tina hasil panen teh Pa Akir mah sadipasihanna ku Pa RW bae. Resep cenah ngurus pepelakan teh. Angot ku ngabeca tiiseun mah. Seug boga lahan sorangan mah Pa Akir oge pasti pepelakan. “Sumuhun tiiseun ayeuna mah ngabeca teh, margi panumpangna ngaranggo motor nyalira atanapi tumpak ojeg,” saur Pa Akir semu ngaheruk. “Ongkoh deui dina ayana oge panumpang teh sok pinter kodek, ari tempona ridu ku cacandakan tumpak beca, ari tempona ngaligincing tumpak ojeg. Padahal ongkosna mah sami lima rebu rupia,” saurna deui bari tuluy nembrakkeun pangajina tina ladang ngabeca teh ngan meunang Rp 30 rebu sapoe. Anu dimaksud sapoe teh ti isuk-isuk nepi ka beurang. Mun diparatkeun nepi ka sore mah bisa meunang Rp 60 rebu sapoe. Ngan teu kuat ayeuna mah ngabeca ti isuk-isuk nepi ka sore teh. Ma’lum cenah geus kolot mah awak teh teu payaan.
Untung bae Pa Akir mah becana milik pribadi. Da mun kudu setor kawas batur mah, eta pangaji Rp 30 rebu teh bakal kabancang ku setoran Rp 7 rebu sapoe. Untung deui bae Pa RW 13 kersa maparin proyek ngored sareng melak bawang daun, da upama teu kitu mah Pa Akir bakal remen huleng jentulna di pangeteman beca teh, lantaran ku carangna panumpang. Hanjakal, kopean.com teu pareng tepung jeung Pa RW 13. Saurna anjeunna nuju angkat. [] Endang GG




Komentar
Posting Komentar