Carita Tukang Cau
![]() |
Ieu carita papanggihan dina jaman dijajah ku Jepang, jero taun 1943. Harita kuring boga kawawuhan tukang cau; wawuh soteh dumeh mindeng dibeulian cauna, jeung nyebut teh ka manehna sok “Abah” bae. Manehna teh urang Buahbatu Bandung, ari dagangna paling jauh ngan parapatan lima ka wetankeun, Jalan Papandayan harita mah (ayeuna mah Jalan Gatot Subroto).
Ari di Jalan Papandayan teh imah-imahna gedong wungkul, ma’lum baheula tempat pamatuhan tuan-tuan jeung nyonya-nyonya Walanda (da aya tuan jeung nyonya Indonesia ge), nu baleunghar eta teh.
Ari dina jaman dijajah ku Jepang, tuan-tuanna dipanggihan diasupkeun ka jero kamp (tempat) tawanan. Atuh di imah-imahna teh ngan tinggal nyonya-nyonyana jeung barudakna nu can manjing sawawa. Abah tukang cau dagangna ka Jalan Papandayan teh sok lar-sup ka gedong-gedong. Puguh we payu, da Walanda mah bareuki pisan kana cau.
Dina hiji poe, Abah nyimpang ka kuring, dibeulian cauna sasikat. Abah teh rada lila, ku kuring diandeg disuguhan cai jeung deungeunna saaya-aya. Abah nyaritakeun pangalamanana nu minggu tukang, nu kacida anehna, cek Abah, da saumur-umur kakara ngalaman harita. Caritana ku kuring di bandungan. Nya di handap ieu ku kuring dipindocatur sacerewelena nurutkeun pokpokan Abah:
Abah teh harita dagang cau ka Jalan Papandayan, aya nu ngageroan nyonya ti gedon rek meuli cau. Atuh Abah teh nyampeurkeun, tuluy nyonya teh milih cau Ambon nu galede sasikat. Sanggeus adu tawar hargana jadi, sup nyonya teh ka gedong bari mawa cau. Tapi rada lila nyonya teh di jero gedong, ari Abah geus kesel ngadagoan duitna, hayang buru-buru ngider mapay-mapay gedong sejen.
Teu lila jol nyonya teh kaluar bari ngaleleke, tapi ngan semet panto, reg eureun, gugupay bari gegeroan: “Mang ka dieu....” Abah teh nyampeurkeun, sangkaan Abah nyonya teh rek mayar ku duit. Tapi henteu, kalah ka ngabedol leungeun Abah. Abah teh nurut we dikitukeun teh nepi ka asup ka jero kamar, paduduaan, Abah jeung nyonya. Abah reuwas tapi bari jeung hayang nyaho kumaha tungtungna.... abah teh ku nyonya “diajak sare” paduduaan nepi ka rengsena....
Ti dinya bari menerkeun calana jeung sarung, Abah turun ti gedong, gap kana cau sasikat, milih nu panggedena jeung pangalusna, rigidig dibawa asup ka gedong, cau teh dipasrahkeun ka nyonya minangka “pamayarna”....
Cek Abah teh mungkas caritana bari seuri: “Saumur nyunyuhun hulu, kakara Abah mah nyorang nu kitu....” [] S. Sauni



Komentar
Posting Komentar