Kecap Panganteur Pagawean

URANG MUMULE BASA SUNDA TEH, NYA....
Dina basa Sunda aya hiji rupa kecap nu sok dipake ngabarengan kecap pagawean. Biasana nu dipigawena teh kakara pisan atawa dipokkeun bareng jeung kecap pagaweanana. Minangka conto nu pondokna: “Manehna jol datang, gek diuk, cong nyembah, jung deui nangtung, leos indit, berebetlumpat, les bae ngaleungit.”

Ku make kecap panganteur pagawean, maksud urang jadi leuwih anteb kana sarupa-rupaning kalakuan hiji jelema nu dicaritakeun, jeung susunan kalimahna jadi matak lancar jeung babari kaharti deuih, sok mun merenah ngalarapkeunana eta kecap panganteur pagawean.

Kalan-kalan sawareh kecap panganteur pagawean sok beunang dijadikeun kecap pagawean nu mangrupa kecap rundayan, contona saperti:

Leos, jadi ngaleos = nyingkah.
Berebet, jadi ngaberebet = lumpat tarik.
Les, jadi ngiles = ngaleungit.

Jumlahna kecap panganteur pagawean teh kacida lobana, beunang disebutkeun meh sakabeh kecap pagawean sok aya kecap panganteurna. Loba jelema, dalah ahli basa oge, nu teu nyahoeun kana sakabeh kecap panganteur pagawean, lantaran aranglangkana tea dipakena. Bakat ku lila, tuluyna poho weh, nepi ka teu nyaho deui.

Dina ngomong Sunda (nyarita, nyaritakeun) urang teu kudu terus-terusan teuing make kecap panganteur pagawean, ku cepak pagawean wungkul oge geus matak kaharti ku batur. Ngan ari bisa (nyaho) mah, hade make kecap panganteur pagawean oge, sok mun perlu atawa ngarah anteb ngedalkeun maksudna. Da ngaranna oge “kecap panganteur pagawean”, ngan nya tangtu bae “nganteur” teh kudu merenah gekgekanana dina eta omongan.

Saperti, mun urang nyokot conto omongan nu di luhur (alinea mimiti), heg dileungitkeun kecap-kecap panganteurna, tangtu jadi kalimah kieu: “Manehna datang, diuk, nyembah, nangtung, indit, lumpat, ngaleungit.” Ieu tanwande matak rada sareukseuk kadengena atawa katenjona (mun tulisan). Kaharti, kahartina mah ku nu surti, ngan alusna kudu diropea deui ku ditambahan kecap-kecap sejenna, saperti jadi kieu: “Barang datang teh manehna diuk, tuluy nyembah, ti dinya nangtung deui bari indit, tuluy lumpat jeung terus ngaleungit.” (Ieu cara ngaleungitkeun kecap-kecap panganteurna). Ayeuna urang make cara ngaleungitkeun kecap-kecap pagaweanana, tinggal kecap-kecap panganteurna wungkul, dimimitian ku dongeng nu keur nguseup:

“Aya nu keur nguseup, useupna kacida bangenanana. Teu lila, barang useupna dianclomkeun kana cai oge ujug-ujug karasa aya nu nyantok mani ngunyunyud, tuluy dipecatkeun useupna bari laukna beunang ngagiriwil.”

Ieu omongan beunang ngaleungitkeun kecap-kecapna teh, iwal tilu kecap pagawean (rundayan) nu dipulangkeun deui kana asalna (kecap panganteur pagawean), tinggal aya tilu kecap saperti ieu di handap:

“.... clom, kunyunyud, giriwil.” Di dieu tanwande matak kaharti ku nu ngarti kana kecap panganteur pagawean, jeung kagambarkeun ku nu ngadenge atawa maca (mun tulisan) kumaha ebrehna ku eta tilu kecap, nyaritakeun nu nguseup ti barang clom nepi ka giriwilna lauk beunang ku useupna (Ieu teh lian jaba ti mawatna kecap panganteur pagawean nu dipakena).

Wangunan kecap panganteur pagawean teh aya rupa-rupa, golongan nu saengang, dua engang, tilu engang jeung nu opat engang. Di dieu moal diebrehkeun sakabehna, tapi ngan rek nyokot saperluna bae, nya eta 20 nu saengang, 20 nu dua engang, 20 nu tilu engang, jeung lima nu opat engang, minangka conto dipintonkeun di dieu.

Golongan nu saengang: blak nangkarak, blug labuh, bluk nangkuban, cur nyicikeun, der pasea, ger hujan, hos paeh, jleng luncat, ker kerek, neut hirup, ngeng leweh, nyot udud, pluk ragrag, pok ngomong, ras inget, reup peureum, rot nginum, top nyokot, wel ngahuap, wer kiih.

Golongan nu dua engang: becir lumpat, ceprot manah, cetrok ngokos, dengek ngajerit, gabrug ngarontok, gauk ceurik bedas, gedak tidagor, gubrag ngaragragkeun, gutrut nulis, habek neunggeul, haok nyarekan, heong disada, jebet nampiling, jegoh batuk, jekok nonjok, kepros molongo, leong palid, sebreng nyongsring, sebrut narajang, segruk ceurik laun.

Golongan nu tilu engang: belewek ngahuap, belewer maledog, burudul daratang, celebek dahar ponyo, celengok nyium, celenun barangcokot, celetit nyiwit, celetot nyoco, dorokdok rungkad, geleser maju, kalacat unggah, kelepus udud, keteyep leumpang laun, koleang ngalayang ragrag, korejat hudang, porosot udar, serengeh seuri, sirilik ngudag, sirintil rek narajang, terekel naek.

Jaba ti eta loba deui sejenna, nu jumlahna aya ratusna rupa bari tara dipake kabeh.

Ari golongan nu opat engang mah ngan saeutik pisan, nu kapanggih teh ngan aya lima, geura ieuh: baragadal ditaranjang, barakatak seuseurian, birigidig sieuneun, calakatak seuri ngeunah, celegedeg diuk teu sopan. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer