Loba Warga Can Asak Jeujeuhan

Masih aya warga nu sok miceun runtah ka susukan. | sundaonline.com
Banjir, jalan ngalogak, macet di mana-mana, eta teh ciciren kurangna kasadaran masarakat kana pentingna mulasara sarta ngamumule lingkungan. Piraku lamun banjir rek nyalahkan hujan atawa cai. Geus puguh banjir teh ku lantaran solokan, susukan, walungan, pinuh ku runtah.

Saptu, 7 Pebruari 2015, isuk-isuk di Sanggar Indah Banjaran aya ibu-ibu ngalungkeun kantong keresek hideung ka susukan. Basa ditanya, “Nuju naon, Bu?”, ngawalonna teh bari kalem jeung nyerengeh, “Ieu nuju miceun runtah.”

Tuh, eces pisan, loba keneh anggota masarakat anu kudu ditatar teh. Pantar ibu-ibu can asak jeujeuhan, atuh komo anak-anakna. Upama can asak jeujeuhan, hartina kari ngasakkeun. Tah, lebah ngasakkeunana bagean saha? Tangtu wae bagean anu ngarti, utamana pamarentah. Tapi da pamarentah oge siga nu geus beak dengkak ngawarah masarakat pikeun paduli kana lingkungan teh. Rupa-rupa penyuluhan geus dilaksanakeun. Ngan hasilna can nyugemakeun. Penyuluhan mah penyuluhan, nu miceun runtah ka mana wae mah angger loba. Duka ku naon, duka penyuluhanana anu henteu alus, duka masarakatna anu bedegong. Disebutkeun henteu alus, da sidik apan pangwarah ti pamarentah mah sakitu ecesna. Geura eta buktina spanduk di Jalan Raya Gading, Kabupaten Bandung. Geus sidik benerna Bupati Bandung, Bapa Dadang M. Naseer, mepelingan balarea. Saurna dina eta spanduk, “Pilih mana? Dapat uang dari sampah, atau dapat banjir karena sampah.”

Ku sakitu oge kuduna mah masarakat ngarti, surti, runtah teh ulah dipiceun—angot ka mana wae mah, tapi dikokolakeun sina jadi artos. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer