Lomba Kaligrafi di Masjid Sabilunnajah
![]() |
Barudak Sanggar Indah Banjaran keur miluan lomba kaligrafi di Masjid Sabilunnajah |
Isuk keneh, puluhan barudak ti rupa-rupa SD ngagimbung, tuluy asup ka Masjid Sabilunnajah anu ngajengleng di Sanggar Indah Banjaran, Kabupaten Bandung, Ahad, 8 Pebruari 2015. Eta barudak teh rek miluan lomba kaligrafi anu diayakeun ku DKM eta masjid dina raraga mieling Maulid Nabi Muhammad SAW.
![]() |
Bisa jadi peserta lomba kaligrafi oge geus sakitu bungahna barudak teh, angot mun jadi juarana. | sundaonline.com |
Acarana mah basajan. Ngan matak pikaresepeun barudak, sarta pikareueuseun kolot-kolotna. Bawaning ku pikaresepeun, Salma (3 taun) ngerewih ka kolotna hayang miluan eta lomba. Hanjakal we Salma mah henteu didaptarkeun,
da puguh can kasebut budak sakola. Babakuna mah Salma teh kabitaeun ku nempo lanceukna, Salwa (9 taun), anu keur miluan lomba kaligrafi. Angot deuih Salma oge nempo Nadine (8 taun), jeung Aura (7 taun), anu sasarina sok jadi batur ulinna.
Awahing ku resep, Salma ngajanteng nempo eta lomba nepi ka cacapna, samemeh lohor. Salma katajieun pisan ku nomer peserta lomba kaligrafi anu ngadaplok dina dada peserta lomba. Ku sabab kitu, tempona bubar teh, karepna Salma hayang ngajewang eta nomer peserta anu ngadaplok dina dada lanceukna. Untung bae Aura surti. Aura ngaleupaskeun nomer pesertana, nomer 22, tuluy ditapelkeun kana dada Salma.
Duka saha anu kapeto jadi juarana, da tacan diumkeun. Ngan Salma atohna kabina-bina. Bari lunggak-lenggok manehna leumpang ngabring muru imahna. [] Endang GG




Komentar
Posting Komentar