Maha Patih Gajah Mada Codeka
![]() |
Kawasna keur nu kungsi maca sajarah nasional mah moal aya nu bireuk ka ngaran Gajah Mada, Mahapatih karajaan Majapait di tatar Jawa dina abad ka 14. Gajah Mada kawentar digjaya, bisa naluk-nalukkeun karajaan di sabudeureun Majapait nepi ka ambahan kakawasaan Majapait ngalegaan. Dina sajarah kacatet nya dina mangsa dipatihan ku Gajah Mada Majapait ngalaman mangsa kajayaan.
Ngaran Gajah Mada sasat dicatet ku mangsi emas. Dianggap pahlawan anu bisa ngahijikeun kakawasaan di Nusantara dina cangkingan Majapait. Nu matak teu aneh mun ngaranna atawa nu patali jeung inyana loba diabadikeun. Contona di Yogyakarta, aya paguron mashur nu dingaranan “Universitas Gajah Mada”. Atuh di jaman Presiden Soeharto, satelit domestik dingaranan “Satelit Palapa”. Ari Palapa teh nyaeta sumpahna Gajah Mada nu cenah moal ngadahar buah palapa saacan kapuloan Nusantara bisa dikawasa sakabehna.
Tapi keur urang Sunda Gajah Mada teh dianggap boga codeka. Hal ieu lantaran aya pakta sajarah dina taun 1357 nu katelah “Perang Bubat”. Nu sok sabenerna mah lain lain perang, tapi serangan pasukan Majapait nu samagreng ku pakarang dilawan ku tamu ti Kawali nu teu mawa pakarang. Dina “Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat”, anu tangtu wae kuat dasarna aya sempalan nu ngeceskeun dosa Gajah Mada ka urang Sunda harita. Kieu caritana:
Harita waktu Prabu Hayam Wuruk ngaprabon di Majapait, inyana mileuheungkeun putri Dyah Pitaloka geusan dileler janten permaisuri. Ari Putri Dyah Pitaloka teh nyaeta putra Prabu Linggabuana raja Kawali di tatar Sunda. Yuswa putri Dyah harita nembe 18 taun. Nuju meumeujeuhna mencrang pinuh ku mamanis, sareng kawentar kageulisanana dugi ka dilandih “wajra” nu hartosna permata.
Prabu Hayam Wuruk nimbal utusan ngalamar Nyi putri. Caritana lamaran ditampa ku Prabu Linggabuana, sarta tuluy babadamian dua pihakanana. Hasil babadamian: Nyi putri bade dijajapkeun ka Majapait, engke di tapel wates dipapag ku pihak Majapait salaku calon panganten pigarwaeun raja. Tangtu wae make upacara karajaan.
Dina waktuna, Prabu Linggabuana kalawan diiring ku para gegeden jeung pangiring sejenna miang ka Majapait ngajajapkeun pipanganteneun, nyaeta Putri Dyah Pitaloka tea. Kulantaran niatna ge seja ngiringkeun pipanganteneun, atuh mariangna teh teu dikawal ku pasukan perang. Malah jumlahna ge teu nepi ka saratus urang.
Cunduk ka alun-alun Bubat, rombongan nyarieun kemah bari ngadagoan panyambutan sakumaha nu dibadamikeun. Ari sihoreng Patih Gajah Mada mah geus boga niat sejen. Ceuk inyana, putri Dyah teh kudu diserenkeun salaku seba, lain calon panganten. Alhasil ku Gajah Mada mah Kawali teh dianggap patalukan. Tangtu wae pihak Kawali kasigeung asa dihina jeung dihianat. Kungsi patorong-torong heula. Tapi Gajah Mada jumawa boga rasa digjaya tea, inyana ngancam rek ngucuhkeun angkatan perangna mun rombongan ti Kawali teu ngagugu kahayangna.
Prabu Linggabuana sok sanaos ringrang kedah ngayonan pasukan Majapait, anjeunna langkung milih kahormatan tibatan risiko nu baris karandapan. Ku kituna kalayan teteg, anjeunna mutuskeun mending ngalawan tibatan kudu ngagugu. Ancur tutumpuran leuwih hade tibatan dihinakeun kudu daek dianggap patalukan.
“Sanajan getih bakal ngocor kawas walungan di medan Bubat ieu, kahormatan kami jeung kabeh satria Sunda moal rek ngantep kana panghianatan ka nagara jeung rayat kami. Ku sabab kitu arandika ulah gimir.” kitu kasauran Sang Prabu ka rombonganana harita. Kabeh pangiring sapuk kana tekad raja.
Gancangna carita der perang campuh. Puguh teu saimbang da ti Majapait mah memang geus disayagakeun angkatan perang nu samagreng ku pakarang, ari ti pihak Kawali teu mawa nanaon bari saeutikan. Prabu Linggabuana katut rombongan perlaya teu nyesa pisan. Kaasup sang putri nu milih mati - bela ku jalan nelasan anjeun. Ieu kajadian teh poe Salasa Wage, samemeh tengah poe.
Prabu Hayam Wuruk nu nganti-nganti pigarwaeun, pohara reuwaseunana nguping kajadian kitu. Anjeunna langsung ka Bubat. Mireng putri nu sakitu dipikatineungna tos ngababatang, kitu deui raja Kawali katut para gegeden jeung pangiring sejenna nu geus jadi layon bari pinuh ku tatu jeung guyang getih, manahna ngaleketey sedih jeung hanjelu. Teu nyana saeutik-eutik acan baris kitu kajadianana.
Saterusna ku alpukahna Sang Prabu - malah anjeunna nyalira ngiring icikibung - layon-layon teh dipulasara dina upacara karajaan sacara agama nu dianut waktu harita. Geus kitu tuluy lebuna dipulangkeun ka Kawali bari sanduk-sanduk menta dihampura, dibarengan ku pameredih muga urang Kawali ulah rek papanjangan. Malah mun bisa mah duduluran silih ajenan.
Numutkeun sumber bacaan, ieu kajadian di Bubat teh tanggal 13 bagian caang bulan Badra taun 1279 Saka. Atawa ku taun Masehi mah taun 1357. Satuluyna kacaritakeun Prabu Hayam Wuruk teh dugi ka teu damang wales ngemutan wae eta kajadian. Anjeunna ngaraos hanjelu ku dua ku tilu. Geus puguh teu cios mipit nu geulis putri Kawali, katambah deui ngaran Majapait sasat jadi bau, da meureun ceuk batur teh piraku karajaan gede boga lampah nista kawas kitu. Sang Prabu hariwang bisi eta kajadian teh kaemper-emper ka nagara deungeun.
Kulawarga karajaan Majapait bendu ka Gajah Mada. Arinyana yakin nu boga dosa jeung ulon-ulon teh pasti Gajah Mada. Kukituna eta Mahapatih teh cenah kudu ditibanan hukuman. Nya Gajah Mada dikepung rek ditewak, tapi da puguh jelema jago, inyana kaburu kabur sarta nyumput buni pisan.
Prabu Hayam Wuruk pamustunganana nikah ka Ratu Ayu Kusumadewi. Ari Gajah Mada sababaraha taun ti harita dihiap deui ka karajaan, sarta dijenengkeun deui kana kalungguhanana bareto…. [] Mang Nanang
Desember 2014 katompernakeun.



Komentar
Posting Komentar