Mending Pa Naib anu Telat Sumping

Neng Risma sareng Andang Rahmat teu cios dirahpalan tabuh 10.00, 
da Pa Naib sumpingna meh tabuh 11.30. | sundaonline.com
Pikeun urang Bandung mah kasebut aneh upama parasmanan diheulakeun samemeh walimahan. Tapi pikeun urang Karawang mah hal eta henteu matak aneh. Pajarkeun teh geus biasa, jeung geus teu jadi masalah upama hal eta kajadian. Malah geus jadi tradisi.

Paingan atuh ari kitu mah, dina acara pernikahan Neng Risma ka Andang Rahmat, Ahad, 1 Pebruari 2015, ti rombongan calon panganten pameget taya nu komplen basa parasmanan diheulakeun samemeh walimahan. Pangna henteu komplen ku sabab sidik Pa Naibna tacan sumping. Da puguh ari calon pangantenna mah, boh nu istrina boh nu pamegetna, geus saged pikeun dirahpalan.

“Puguh sae keneh kitu,” cek Neng Risma basa dicaritakeun yen Pa Naibna tacan sumping. Naha bet nyebut sae? “Hih, mending Pa Naib anu telat sumping batan calon panganten pameget anu telat sumping mah,” pokna deui bari numpi di kamar panganten.

Cek Neng Risma, upama Pa Naib sumping tepat waktu, tapi calon panganten pameget telat sumpingna, eta pibahayaeun. Bahayana nya eta bisa bolay dirahpalan ku Pa Naib teh, lantaran lamun Pa Naib sumping tapi calon pangantenna can siap, Pa Naib bakal langsung mulih deui. Duka ku naon bet kitu. Duka pundung, duka saking ku ngajenanana kana waktu. Pokona mah kitu we. Masalah ieu geus remen kajadian, tur jadi hal nu dipikainggis ku urang Karawang.

Ku kituna, wios Pa Naib telat sumping mah, nu utami calon panganten pamegetna anu kedah sumping tepat waktu. Pa Naib telat sumping mah sudah tradisi. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer