Nyarang Hujan Ngalawan Alam

Patugas hajat nuju mahekeun cai hujan nu ngagayot dina terpal. | sundaonline.com
Ku ngaririncikna hujan dina acara pernikahan Neng Risma ka Andang Rahmat, Ahad, 1 Pebruari 2015, geus ngahudang balarea nganaha-naha ka Pa Dede Suhada nu kagungan alpukah hajat. “Naha henteu disarang heula samemeh hajat teh?” cek balarea.

Pa Dede Suhada henteu aneh ku pananya kitu ti balarea teh. Di Karawang mah geus lumrah perkara nyarang hujan teh. Angot dina rek ngayakeun hajat mah. Lain teu percaya deuih, da memang aya tukang nyarang hujan teh. Malah samemeh hajat teh aya ahli nyarang hujan anu nawarkeun jasana ka Pa Dede Suhada. Ngan Pa Dede Suhada nolak pikeun nyarang hujan teh, lantaran henteu biasa kitu. 

“Abdi mah alim ngalawan alam,” saur eta urang Karawang Timur anu asalna ti Bandung. “Ongkoh deui naon lepatna hujan turun dina acara pernikahan?” saurna deui.

Nu puguh mah, turunna hujan dina acara pernikahan Neng Risma ka Andang Rahmat teh jadi momentum anu luar biasa. Buktina, sanajan hujan ngaririncik, sanajan Pa Naib sumpingna telat, sanajan hadirin rancucut kahujanan, walimahan henteu burung kalaksanakeun kalayan lungsur-langsar. Pikeun panganten tangtu bakal jadi pangalaman anu endah jang caritakeuneun ka anak incuna. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer