Sakitu Oge Untung Masih Make Basa Sunda


Usum hujan, langit reup-bray, popoean remen jadi masalah, babakuna pikeun ibu-ibu. Kawas nu kajadian di Sanggar Indah Banjaran Kabupaten Bandung. Isuk-isuk langit bengras, panon poe karasana haneut kana awak. Meujeuhna ibu-ibu suka bungah rek moean pakean anu kamari encan garing. Ngan ku reup-bray tea, langit bengras teh ujug-ujug ceudeum bari teu lila cur bae cai ti langit kawas meunang ngucurkeun.

Mamah Aura anu keur di warung gura-giru satengah lumpat muru popoean di gigireun imahna. Da puguh lebar upama eta popoean anu geus eumbeul-eumbeul teh nepi ka baseuh deui. Bari masih hahehoh, Mamah Aura ngucapkeun alhamdulillah, bawaning ku atoh popoeanana teu nepi ka baseuh deui, da kaburu dijait ku carogena.

Isukna, eta kajadian teh dicaritakeun ka Ibu Drajat, tatangga hareupeunana. Bari hariweusweus Mamah Aura nyebutkeun, “Ayeuna mah hujan teh sok ujug-ujug. Kamari oge basa abinuju di warung, ujug-ujug beretekhujan....”

Puguh matak kapiasem. Geuning kitu lumrahna kolot jaman ayeuna mah dina ngalarapkeun basa Sunda teh. Kecap abdi diucapkeunana teh abi. Kecap panganteur pagawean oge pabaliut dipakena. Geura eta, beretek hujan.... Padahal beretek mah pikeun kana lumpat. Ari kana hujan mah geretek (kecap panganteur pagawean tilu engang). Ku kecap panganteur pagawean nu saengang oge bisa, nya eta make kecap ger hujan.

Tapi, saur eyangna barudak, sakitu oge untung arinyana masih daek make basa Sunda. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer