“Teh Pait” di Serang, di Bandung mah “Obat”


Keur waktu kuring ngemban tugas kudu ka Serang (Banten Kaler) jero taun 1960-an manggih kaanehan (maksud teh beda ti di Bandung).

Sanggeus rengse ngajalankeun pagawean sakumaha pancen ti dunungan, peutingna memeh muru ka pamondokan (panginepan deukeut setatsion Serang beulah kidul), kuring nyimpang ka hiji elos panjang pinuh ku nu daragang, dagang sangu, gado-gado, sirop, cikopi, sate, kueh, malah aya nu dagang jajamu sagala.

Harita kuring pesen gado-gado lengkep sapiring jeung citeh pait sagelas. Nu dagang segut pisan ngaladanganana kalawan someah jeung hade budi pikaresepeun (da kudu kitu, sangkan nu meuli resep jeung deudeuieun meuli ka dinya). Di dinya geus aya sababaraha lalaki nu entas jeung eukeur tuang gado-gado. Ku kitu tea mah da nu ngaladanganana oge istri ngora keneh tur boga rupa tegep.

“Mangga, Bapa,” bari song gado-gado sapiring diteundeun dina meja hareupeun kuring. “Teh paitna mah,” pokna bari ngareret ka lebah nu keur nyieun teh pait, nu teu jauh ti dinya, ngan kahalangan ku dua nu dagang sejenna.

Teu buru-buru dihanca gado-gado teh, da nungguan citeh, maksud teh memeh kana gado-gado hayang maseuhan heula tikoro ku citeh, sangkan lancar ngaliwatna kana tikoro.

Teu lila jol teh pait tea. Tapi barang rek disuruput, kaambeu bau jajamu, saperti nu ilahar di Bandung mah obat, teh pait buatan toko obat Cina di Cikakak tea.

“Ih, geuning ieu mah bau jajamu,” cek kuring. Ari jawab nu ngasongkeun teh: “Apan mundut teh pait Bapa teh.”

“Maksad teh citeh we teu digulaan,” cek kuring ngajelaskeun.

“Atuh eta mah citeh we, teu kedah nganggo pait,” cek nu dagang. “Kajabi upami nu digulaan, eta mah teh manis.”

Ku lantaran teu maksud rek “berobat”, atuh teh pait teh dipulangkeun we bari dibayar, da geus dipesen, sasat geus dibeuli. [] S. Sauni 

Komentar

Postingan Populer