TILEM, Naha Leres Kajadian?
![]() |
Dina “Kamus Basa Sunda” R. Satjadibrata, citakan kadua taun 1954 kaca 416, aya katerangan kieu: Tilem I = kalem, sabalikna tina timbul atawa muncul; bandingkeun jeung teuleum. Tilem II = dilarapkeun ku jalma nu maot ari mayitna ngaleungit. Di dieu aya bedana antara harti kahiji jeung nu kadua, tapi mun dirasakeun harti kagemblenganana eta dua rupa katerangan teh beunang dihartikeun sarua,nya eta leungit atawa teu katembong.
Ayeuna urang nyaritakeun harti kecap tilem II bae anu kateranganana dilarapkeun ku jelema nu maot ari mayitna ngaleungit. Eta katerangan geus eces tapi perlu ditambahan katerangan saeutik nya eta jelema nu maot teh henteu sabiasa cara jalma rea teu aya mayitna nu kudu dipulasara sakumaha biasa adat urang umumna ayeuna, da nu maot eta mah jelema istimewa (luar biasa).
Getol Ngisat Diri
Eta katerangan teu salah-salah teuing mun seug urang make perasaaan anu lemes tur rada jero ambahanana. Da mun seug ku pikiran anu lumrah mah bet teu matak kaharti ku akal aya nu maot mayitna ngaleungit. Apan ari kangaranan nu maot mah aya buktina ragana ngagoler teu usik teu malik teu empes-empes.
Maot nu aya buktina ragana ngagoler, eta mah jelema biasa cara kalolobaanana jelema-jelema jaman kiwari. Apan ari nu dimaksud ku omongan “maot mayitna ngaleungit” mah, nya eta nu maotna luar biasa, saperti nu luhung, sakti, aya wewesenna. Ari ilaharna baheula nu karitu teh nya eta nu mandita, ngawiku, ngaresi; teges nu ahli kana kabatinan jeung getol kana ngisat diri (prihatin, tirakat, puasa, tapa, jeung sabangsana).
Kecap “tilem” teh hartina (nga) leungit, ngiles atawa ngahiang; sok aya oge nu ngabasakeun “leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana”. Jeung ngaleungitkeun teh lain teu pupuguh cara upamana paeh tuluy ngaleungit lantaran dibawa ku jurig, ku jin, atawa kabawa ku sakaba-kaba, tapi ieu mah kalawan kasadaran ku wewesenna (kasucian) atawa kasaktenna hasil tina getol ngisat dirina tea.
Aya caritana ti karuhun urang baheula yen Prabu Siliwangi nu kamashur dina sajarah Sunda kungsi tilem. Kieu ringkesna carita:
Nalika Prabu Siliwangi nyepeng kakawasanan di nagara Pajajaran, harita di wewengkon Banten, geus aya kakawasaan Sultan anu balatantarana tohaga pisan. Pabru Siliwangi nampi surat ti Sultan Banten eusina nganasehatan supaya Prabu Siliwangi sarahayatna buru-buru lalebet agama Islam. Mun teu anut, tangtu bakal dirurug ku balatantara ti Banten.
Tapi ku lantaran Prabu Siliwangi teu kersaeun diereh jeung maksadna oge rek ngabela kayakinanana nya eta agama asal ti Hindu tur eta agama teh taya kasalahanana, eta nasehat ti Sultan Banten teh ditolak sapadamaian.
Barang balatantara Banten geus nepi ngarurugna ka Pajajaran, Prabu Siliwangi mindel sakeudeung tuluy sasauran: “Kami nyaho yen di dunya ieu taya nu langgeng, lantaran kersana Nu Murba Wisesa, ayeuna agama Islam kudu nanjung. Lamun terus perang matak ruksak rahayat jeung rugi ka sarerea”.
Sanggeus sasauran yen rahayatna meunang milih agama nu mana wae sakasukana terus anjeunna muja-semedi, neneda ka Nu Maha Kawasa nyuhunkeun lebet ka Sutalaya (alam lelembutan). Panejana dikabul ku Nu Maha Kawasa, les Prabu Siliwangi tilem, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Nu pada hadir harita garwa putra jeung para warga karajaan bati hookeun jeung nalangsa taya hinggana. (tina: Dongeng-dongeng Sasakala II karangan R. Satjadibrata, Jakrta 1952, kaca 36).
Saenyana Prabu Siliwangi teh lain maot tapi ngaleungit, tiasa nyampurnakeun raga badag tegesna suci beresih taya naon-naonna. Da ari nu disebut maot mah raga badagna aya tapi teu walakaya. Disebut lain maot soteh dumeh “hirupna” terus aya keneh ngan pindah alam, ti alam nu katenjo ku mata buncelik ka alam anu teu katenjo ku panon bolot; teges pindah ti alam lahir ka alam gaib. Dina agama Hindu eta alam disebutna ku basa Sansakerta: Suralaya, hartina tempat atawa alamna paralelembutan.
Anu bisa tilem cara kitu teh lain jelema sakadar jelema tapi jelema luar biasa wewesenna. Atuh Prabu Siliwangi tea raja jaman baheula. Apan kocap dina pantun atawa dongeng-dongeng ti karuhun oge yen raja-raja jaman baheula mah pada ngaragem kasakten jeung kasucian lahir batin anu sarat-saratna pikeun jelema alam kiwari mah kacida beuratna.
Kembang Malati
Aya deui carita anu memper ka dinya nya eta carita Seh Lemah Abang, wali nu kamashur di Pulo Jawa (pangpangna di wewengkon Cirebon). Dina kasusastraan Jawa katelah Seh Siti Jenar. Kieu ringkesna carita:
Seh Lemah Abang teh kaasup kana rengrengan Wali Sanga, kawentar wali di Pulo Jawa anu elmuna pasagi, boh bagbagan kalahiran (sareat) boh bagbagan kabatinan.
Cenah ku lantaran anjeunna kungsi ngajarkeun elmu tunggaling kawula Gusti ka jelema-jelma biasa (murid-muridna) anu nurutkeun anggapan para wali sejenna geus mengpar tina patokan agama Islam (nurutkeun sareat ti Nabi Muhammad SAW), nya ku para wali anjeunna dilarang teu kenging ngajarkeun deui elmuna jeung dilkaluarkeun tina rengrengan wali sanga. Nurutkeun pertimbangan para wali sejenna palajaran Seh Lemah Abang teh dianggap sasar, matak mawa kana jalan nu teu bener (dipandang tina jihat elmu sareat).
Ku sabab eta para wali sejenna baradami rek ngahukuman Seh Lemah Abang. Terus para wali ngiangkeun utusan geusan ngangkir Seh Lemah Abang. Saur anjeunna: “Taya Seh Lemah Abang, aya oge Allah”. Utusan balik lengoh.
Utusan diiangkeun deui geusan ngangkir Allah. Ari waleranana: “Taya Allah, aya oge Seh Lemah Abang”. Utuisan balik lengoh deui.
Katilukalina utusan disina iang deui ngangkir duanana, Seh Lemah Abang jeung Allah. Kakara Seh Lemah Abang kersaeun nyumponan pangangkir. Barang dongkap ka payuneun para wali, Sunan Kudus geus sayaga nyepeng keris ditubleskeun kana dada Seh Lemah Abang tapi teu mempan, dadana teuas lir waja. Parawali sasauran semu heureuy: “Piraku aya Allah bet teuas kawas batu?” geus kitu mah keris teh mempan, tina dada Seh Lemah Abang kaluar getihna bodas kawas cipati.
Wali Sanga sasauran deui semu heureuy: “Piraku Allah bet getihna bodas kawas cacing?” harita keneh kaluar getih beureum tina dada Seh Lemah Abang. Sanggeus ngaleupaskeun napasna anu panutup tuluy mayitna leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, tilem.
Ti dinya para wali sasauran deui semu heureuy: “Piraku aya manusa maot bari leungit jasmanina kawas setan atawa siluman.” Harita keneh mayit Seh Lemah Abang ngajanggelek aya deui. Tuluy ku parawali eta mayit dipulasara, disiraman, disolatan jeung saterusna dikubur sakumaha biasa.
Sanggeus meunang tujuh poe eta kuburan dikali, lantaran para wali palay terang kumaha kajadianana. Barang rengse dikalina di jero kuburan kasampak aya sapasang kembang malati bae wungkul, da mayitna mah geus ngaleungit, nya tilem tea. Eta tempat kuburan satuluyna dingaranan Kemlaten, katelah ku ayeuna kembang malati tea. (Tina: Buku Carita Babad Cirebon, alihbahasa S. Sastraatmadja, Batavia 1924, kaca 60).
Kajadian tilem dina lalakon Seh Lemah Abang beda deui jalanna. Ieu mah ngaleungitna sanggeus ngalaman jasmanina dipahala, ditewek ku keris nepi ka maotna. Di dieu Seh Lemah Abang (lelembutanana ) geus nembongkeun wewesenna, bisa ngulah-ngalih kaayaan raga badagna, nya eta teu mempan ku keris tuluyna mempan, getihna bodas tuluy robah jadi beureum, nepi ka maot tuluy ngaleungit….. Saterusna janggelek mayitna aya deui. Ari dina ahirna, sanggeus eta mayit dikubur sarta dikali, mayit tea geus leungit deui….
Kajadian tilem dina lalakon Seh Lemah Abang beda deui jalanna. Ieu mah ngaleungitna sanggeus ngalaman jasmanina dipahala, ditewek ku keris nepi ka maotna. Di dieu Seh Lemah Abang (lelembutanana ) geus nembongkeun wewesenna, bisa ngulah-ngalih kaayaan raga badagna, nya eta teu mempan ku keris tuluyna mempan, getihna bodas tuluy robah jadi beureum, nepi ka maot tuluy ngaleungit….. Saterusna janggelek mayitna aya deui. Ari dina ahirna, sanggeus eta mayit dikubur sarta dikali, mayit tea geus leungit deui….
Musna Saragana
Dina carita nu pangheulana, eta wewesen nu kadua bieu wewesen wali. Ayeuna urang nyaritakeun wewesen bujangga, nya eta R. Ng. Ranggawarsita, kieu ringkesna carita:
Raden Ngabehi Ranggawarsita teh hiji bujangga karaton Jawa jero abad ka-19 (1801-1873). Anjeunna katelah hiji ahli pikir jeung olah sastra (Jawa). Dina mangsa pupusna, waktu layonna rek dikurebkeun di pasarean Palar (daerah Klaten), layon teh diiangkeun ti bumina di Pasarkliwon. Barang nepi ka Pasapon, layon teh dipapagkeun ku Kangjeng Gusti Mangkunegara IV bari tuluy ngetrokkan pasaran sarta sasauran kieu: “Kang Rangga! Kang Rangga!..... Lali henteu kana piwejang Kiai Guru?”
Ti jero pasaran aya sora R. Ng. Ranggawarsita: “Henteu, henteu hilap.”
Sanggeus ngawangsulan kitu, layon teh ngiles, tilem. Nu harita pada ngagotong pasaran ngarasaeun hampang nanggungna, lantaran geus taya naon-naon di jerona. Ari nu ditanggung nepi ka pasarean Palar sarta nu diabuskeun kana kuburan teh ngan boeh bae wungkul. (Tina: Sekti Mandra Guna I, karangan Hadjar Ngeksiganda, Yogyakarta 1957, kaca 61).
Bujangga R. Ng. Ranggawarsita teh lain ngan wungkul kamashur dina bagbagan kasusastraan bae, tapi anjeunna oge kawentar ahli kabatinan jeung kasaksen kagungan kasaktian anu luar biasa. Ku kituna teu matak heran, yen dina pupusna teh kocap ku jalma rea: “Mulih ka jati mulang ka asal, sampurna musna saragana.”
Nyata sakitu kaluhunganana mungguh jeneng bujangga dina jaman baheula. Pangabisa tilem sakumaha nu dicaritakeun ti heula, jaman kiwari oge tanwande aya di jelema-jelema anu tangtu, tegesna teu di sambarangan jelema. Sim kuring kungsi meunang carita hiji sobat ahli kasenian, nyaritakeun lalakon anu sarupa jeung carita-carita heulaeun ieu, kieu ringkesna carita:
Sobat teh kungsi manggihan kajadian aneh. Harita teh anjeunna keur nungkulan nu ngurebkeun nu maot. Mayit geus diturunkeun tina pasaran, tuluy dipernahkeun sarta ditutup ku padung sakumaha mistina. Ari mungkaskeunana nerapkeun padung teh lebah sirahna mayit. Memeh diterapkeun padung anu pamungkas tea, pangangguran jelema nu lebah sirah mayit tea ngasupkeun leungeunna ka jeroeun padung. Eta jelema ngadak-ngadak reuwas jeung ngarasa heran, dumeh bungkus mayit jadi kempes. Tuluy disasar rada jero, enya bae geus taya eusian, ngan boeh bae wungkul ngalumburuk. Teu loba carita, terus bae direngsekeun sakumaha biasa….
Ieu hiji deui carita nu pokona sarua jeung nu ti heula. Ieu katarima ti hiji tokoh ahli kabudayaan jeung ahli kabatinan. Anjeunna nyarioskeun kungsi nu keur kapapatenan. Kieu ringkesna carita:
Mayit geus dipernahkeun di tengah imah sakumaha biasa (dirurub jeung jaba ti eta). Harita teh, saurna, aya keneh dagoaneun, wargina ti jauhna, jadi mayit teh teu buru-buru diiangkeun ka kuburan. Harita aya nu nangenan, yen rurub eta mayit jadi ngempesan. Tuluy dinasehatkeun ka ahliwarisna, yen kudu buru-buru eta mayit diiangkeun, ulah ngadagoan nepi ka eta mayit leungit di dinya keneh, karunya didagokeun lila-lila teuing mah….
Maksud nu nganasehatan, nya eta mun nepi ka leungitna di dinya, bisi aya matakna, jadi omong jelema anu teu sajalan (saperti omong jelema-jelema nu dicaritakeun dina carita tilemna Seh Lemah Abang).
Ulah Nyusahkeun Batur
Sakumaha nu geus dicaritakeun tadi aya lima rupa kajadian jaman baheula jeung beh dieuna, nu disebut aneh cek jelena biasa jaman kiwari. Tapi mungguh keur jelema–jelema ahli atawa panghayat kabatinan mah, eta teu aneh teu sing. Nu kitu mah biasa bae di kalangan para ahlina mah.
Geura ieu saeutik katerangan ti ahlina: Nurutkeun ajaran kabatinan, jelema maot teh nu paehna mah badan kasarna wungkul, lantaran ruksak geus teu beunang dipake deui ku lelembutan. Ari badan-badan lemesna mah, kayaning badan pikiran, badan kahayang jeung sabangsana masih keneh hirup, ngan geus pecat tina badan kasar nu geus ruksak tea. Pikeun nu geus sampurna ngelmu kabatinanana jeung sembada (cukup sarat-saratna) metakeun pangabisana, badan-badan jeung kakuatan-kakuatan lemesna teh masih keneh beunang digunakeun ku lelembutan, geusan nyampurnakeun badan kasarna….
Jadi pikeun jelema nu geus sampurna elmuna mah (lahir-batin), dina waktuna ngaleupaskeun raga-badagna teh terus bisa sakalian ngamusnakeun eta badan nu geus teu kapake deui, ulah nepi ka jadi bangke anu nyusahkeun ka nu ditinggalkeunana (nu harirup keneh raga badagna).
Ngan ku lantaran di sabagian gede jelema ngajina henteu (atawa tacan) nepi kana kasampurnaan ka lebah dinya pangabisana, jeung karereanana jelema teu nyaho atawa teu percaya, nya kajadianana aya nu ngamohalkeun atawa nganggap mustahil, anu ahirna ngahukuman yen pangabisa kitu teh kaasup elmu setan, elmu sihir, atawa elmu siluman….
Ahli nu geus terang nepi ka lebah dinya, dina maot, lelembutanana teh henteu ujug-ujug meresan badan kasarna, tapi didagokeun nepi ka badan kasarna reres dikubur (ku nu harirup keneh). Ku jalan kitu kajadianana teu matak jadi omong jelema nu lain-lain. Ku lantaran eta pisan, nu matak nepi ka kiwari langka atawa teu aya bejana jelema nu bisa tilem… [] S. Sauni



Komentar
Posting Komentar