Ubar Asma Tradisional
![]() |
| Beas, cikur, gula kawung, sareng jeruk nipis, tos kabuktosan sae kanggo landong sesek napas. | sundaonline.com |
Ku hujan wae jeung tiris anu nataku di Desa Nagrak Kacamatan Cangkuang Kabupaten Bandung, Ibu Djamilah (71 taun) remen anpal sesek napasna. Anjeunna tos katerap panyawat asma ti aalit. Teu kaop aya parobahan cuaca tina panas kana tiris sok kanceuh panyawatna. Tos rupi-rupi tarekah dipilampah, boh sacara medis boh sacara non-medis. Ngan angger we sesek napasna eureun janten.
Dinten Saptu, 10 Januari 2015, Bapa Herman Sidik Permana Tingal ngawartosan resep tradisional pikeun ngubaran panyawat asma. Saurna, ubar panyawat asma mah ku beas cikur dicampuran gula kawung sareng jeruk nipis. Geura cobi leukeunan sadinten dua kali ngaleueutna, enjing-enjing sareng sonten. Beasna dikeueuman heula sawengi. Enjing-enjing eta beas direndos sareng cikur, digulakawungan sareng jeruk nipis.
Alhamdulillah, ku cara kitu teh Ibu Djamilah ngirangan sesek napasna. Kiat ku hawa tiris oge. Malah basa di Kabupaten Bandung aya angin puyuh, Minggu, 25 Januari 2015, Ibu Djamilah henteu kanceuh sesek napasna. “Ayeuna mah dada teh henteu ngageletrek, napas teh hampang karaosna,” saur Ibu Djamilah kebek ku kabungah.
Bilih aya di antawis baraya anu kagungan panyawat sapertos Ibu Djamilah, cobian bae ku beas cikur digulakawungan sareng jeruk nipis. Cag ah! [] Endang GG



Komentar
Posting Komentar