Wartawan Ulah Rudin
![]() |
Teu nanaon ngaranna Udin atawa Rudini mah, ngan ulah soteh rudin. Upama jadi wartawan, heg rudin, bakal teu diajenan batur. Angot upama rek ngawawancara pajabat atawa inohong. Wartawan kudu kaciri elegan-na. Maksudna elegan teh lain resep ngeleg. Cindekna, di lapangan teh wartawan kudu pikaajriheun batur.
Upama wartawan rudin matak pikasediheun temahna. Hal ieu kaalaman pisan ku Ki Sobat, wartawan senior anu dina hiji peuting ngahaja datang ka hiji inohong Sunda di Jalan Cipaganti Bandung pikeun ngawawancara. Sajeroning wawancara teh, eta inohong anu parantos lansia teh nyebutkeun kieu, “Omat, ulah menta duit, nya!”
“Saha nu bade nyuhunkeun artos, ka dieu teh abdi mah bade ngawawancara,” cek Ki Sobat.
Wawancarana masih lumangsung. Pok deui eta inohong teh nyebutkeun kieu, “Omat, ulah menta duit, nya!”
Diitung-itung aya kana lima kalina eta inohong nyebutkeun kitu. Nyel bae Ki Sobat teh ambek. Bari rada nyeuneu, Ki Sobat tumanya, “Naha, Ceu, bet nyarios kitu wae?! Naon anu nyangkaruk dina emutan Euceu tug ka nyarios kitu wae ka abdi?!”
Ningali Ki Sobat nyeuneu kitu mah, eta inohong ngarenjag. Pokna teh, “Atuh da osok aya wartawan anu caritana rek ngawawancara tapi tungtungna mah menta duit jang nyitak koran.”
Ki Sobat ngaheneng sajongjongan. Cek gerentes hatena, “Paingan ari kitu mah.” Pok deui Ki Sobat tumanya, “Kumaha ciri-cirina eta wartawan anu tungtungna menta duit teh?”
“Cirina mah pikarunyaeun, rudin, kawas Ujang,” cek eta inohong. Puguh wae pok-pokanana eta inohong beuki nyeletit karasana kana ati Ki Sobat.
“Yeuh, Ceu, abdi mah katingali rudin teh pedah ti peuting kamari tacan sare,” Ki Sobat ngajentrekeun kaayaan sabenerna bari tuluy gejlig ninggalkeun eta inohong. [] Endang GG



Komentar
Posting Komentar