Wayahna Taun Ieu mah Wartawan Kudu Sehat


Hari Pers Nasional taun ieu anu dirayakeun di Batam, 9 Pebruari 2015, temana “Pers Sehat Bangsa Hebat”. Alus eta tema teh. Dina harti anu jembar, eta kecap sehat geus tangtu ngawengku kasehatan wartawan. Loba wartawan anu ngamomorekeun kasehatan. Gaya hirupna henteu sehat. Ku alesan dibeberik jeung ngabeberik deadline, dahar sakasampeurna, nu didaharna oge sangeunahna, teu nolih kana pimatakeun. Roko jeung kopi geus jadi asupan poko. Sare teu puguh waktuna. Gawe jeung gawe bae nu digegedekeun. Meujeuhna seug loba wartawan anu nyeri angen jeung nyeri sirah. Geus loba kanyeri dina awakna teh angger bae maksakeun maneh ngabeberik deadline. Ku sabab kitu meujeuhna deuih seug remen kacaritakeun wartawan maot ku lantaran panyakit liver, maag kronik, tekanan darah tinggi, tipes, jantung koroner, stroke, jeung sajabana.

Tangtu bae geus katarajang ku panyakit mah si deadline teh henteu bisa diagulkeun deui. Da puguh enas-enasna mah nu matak urang bisa pakepuk sibuk ngudag-ngudag deadline teh ku lantaran sehat. Mun sehatna geus salin jadi kasakit mah nya ngabebengkang we nu puguh mah teu walakaya. Lain teu hade ayana deadline. Ngan ulah soteh ngudag-ngudag deadline bari teu nolih kana kasehatan.

Sehat teh anugrah anu sakuduna dimumule. Sehat oge amanah anu sakuduna dijaga. Cara ngamumule kasehatan nya eta ku gaya hirup anu sehat, kayaning ngajaga hate jeung pikiran ku rasa sukur jeung takwa ka Gusti Nu Murbeng Alam, ngajaga kalakuan ku pengkuh kana kajujuran, ngajaga kadaharan ku kadaharan anu halal dialana, tur ulah tambarakan, ngajaga kalenturan awak ku senam—ulah ku asal olahraga, da teu sakurna olahraga matak nyehatkeun awak, sarta ngajaga pakean ku pakean anu bener (conto: make kaos sangsang waktuna make sapedah motor, heg ngebut deuih, eta mah nyiar pipanyakiteun).

Pikeun ngalarapkeun gaya hirup anu sehat hadena mah urang aya dina lingkungan anu sehat. Dihenteu-henteu oge lingkungan gede pangaruhna kana pembetukan karakter. Ku kituna, sangkan kabawa sehat, digawe jadi wartawan oge hadena di perusahaan penerbitan pers anu sehat, nya eta perusahaan anu bisa mere kasejahteraan ka parawartawanna. Perusahaan anu teu boga komitmen ka palebah dinya, temahna ngajadikeun wartawan mikung tina jurnalisme anu saestuna. Jebul we wartawan-wartawan anu teu waras (baca: teu sehat lahirna batinna), da sapopoena sibuk di lapangan neangan angpau, lain neangan berita. Wartawan anu kitu teh sok disebut wartawan abal-abal. Tangtu wae munculna wartawan abal-abal teh ti perusahaan penerbitan pers anu abal-abal deuih. Dina Hari Pers Nasional anu kamari dirayakeun di Batam, eta anu abal-abal teh jadi salah sahiji sorotan. Teuing kumaha tah satuluyna teh, naha ka dituna bakal moal aya perusahaan penerbitan pers jeung wartawan abal-abal? Panuhun mah kitu nya. Da geus waktuna standar kelayakan pikeun perusahaan penerbitan pers ditanjeurkeun. Upama henteu, kawartawanan bakal terus bau kaangseuna. Bau tak sedaptea. Ari bau tak sedap apan bisa jadi bibit panyakit nu ngalantarkeun wartawan henteu sehat kahirupanana. [] Endang GG


Banjaran, samemeh mingpin Senam Perkasa Indonesia.




Komentar

Postingan Populer