Dicabut Huntu


Ieu mah carita nyaritakeun kuring keur nyeri huntu. Nyeri huntu teh kasakit teu sabaraha, tapi ari geus jadi pisan, nyerina alah batan ti nanahaon: teu ngeunah dahar, teu paya ngadenge nu gandeng. Karepna ngan aduh-aduhan jeung hayang ambek-ambekan mun aya nu ngadeukeutan ngangganggu teh.

Dina hiji poe tanggal 30 Desember 1982 kuring datang ka Puskesmas di Jalan Pasundan Bandung. Sanggeus meunang giliran kudu dipariksa, kuring balaka menta dicabut huntu, careham handap nu kenca, sisina koropok jeung geus ungger.

Dokterna awewe ngora keneh jeung geulis deuih, nanyakeun ka kuring, mun ku basa Sunda mah “Bapa boga kasakit tekanan darah tinggi?” Dicaritakeun ku kuring, yen bareto mah enya kungsi boga kasakit kitu, ngan ayeuna mah duka, da teu karasa naon-naon jaba ti nyeri huntu, mani nyanyautan karasana....
Dokter teh teu kebat ngaragamangna rek mariksa huntu teh. Ana pok teh: “Pariksakeun heula ka Dokter panyakit umum”, bari tret nulis nyieun surat panganteur, nu kudu dibawa ka dokter sapanunduhanana, jeung nanyakeun umur kuring, tuluy dicatet dina suratna. Di dokter sapanuduhan tea kuring diukur tekanan darahna, kanyahoan tekananana 200/100, nu hartina teu meunang keur nyabut huntu, bisa kajadian pingsancenah (kapaehan). Ayeuna mah berobat (tatamba) bae heula keur nurunkeun tekanan darah tinggina.

Kuring dibere ubar tilu rupa tablet laleutik keur saminggueun, teu diduitan, da kuring boga kartu Askes.

Sanggeus saminggu kuring datang deui ka dinya. Ari diukur leungeun, dokter katembong rada ngarenjag, da parabotna nuduhkeun tekanan darah kuring tina 200 jadi 220. Atuh teu tulus deui dicabut huntu teh. Ayeuna mah dibere obat sejen, tapi kudu diduitan (dibeuli) Rp 1500,-. Cek kuring: “Sanes ari aya kartu Askes mah teu kedah mayar?”

Ari dokterna mah ngan ukur imut, ngan mantrina nu ngajawab teh: “Upami ku obat nu teu mayar mah moal lungsur-lungsur tekanan darahna.” Cek hate, ari nu ti heula obat naon atuh? Lain keur nurunkeun tekanan darah? Sanggeus dibayar Rp 1500,- sarta obatna katarima, tuluy kuring balik, bari teu weleh huntu mah karasa nyeri bae sajajalan.

Bakat ku embung lila-lila nyeri ku huntu cabuteun, isukna kuring indit ka rumah sakit Rancabadak, rek nyabut huntu tea. Kumaha behna bae, atuh mun kapaehan, da keur diuk ieu dina korsi....
Sanggeus meunang panggilan, bus, gek, huleng.... mikiran maneh bari ngadagoan gilian dipariksa....
Barang meunang giliran dipariksa, kuring nyarita hayang dicabut huntu. Dokter (ieu mah lalaki) teu nanyakeun naon-naon, atuh kuring teu nyaritakeun kungsi boga kasakit tekanan darah tinggi; duanana paheneng-heneng we. Sanggeus dirampa huntu cabuteun tea, leos dokter teh rek barangcokot.... teu lila jol deui bari mawa panyuntik keur ngabaalan. Kuring calangap, kococos gugusi disuntik dua kali luar jero. Kuring tenang we, teu kitu kieu.... Tapi barang dokter datang deui nyampeurkeun bari mawa gegep mah, na da awak ngadak-ngadak panas-tiris jeung leungeun ngadaregdeg.... sieun.... kapaehan.... sakumaha caritaan dokter nu ti heula tea.

Ragamang dokter kana gado, sungut dicalangapkeun, gegep dideukeutkeun kana huntu, giriwil huntu beunang dicapit ku gegep.... Sajeroning kitu, kuring nginget-nginget, eling atawa kapaehan.... bari ngararampa awak ku dua leungeun.... Ah, teu naon-naon geuning.... [] S. Sauni 

Komentar

Postingan Populer