Mulung Luang tina Dongeng Buhun

Ilustrasi tina anneahira.com
Kawasna tong boro barudak, dalah indung bapana ge ku kiwari mah geus loba nu moal wanoh kana tokoh-tokoh dongeng buhun saperti peucang, kuya, monyet, jeung sajabana. Baheula, eta tokoh-tokoh dongeng teh hirup dina alam pikiran barudak. Saperti hirupna tokoh-tokoh robot dina pilem animasi di televisi, atawa super hero saperti Superman, Batman, Spidermen jeung sejen-sejenna.

Hakekatna dongeng teh carita anu dicaritakeun deui sacara turun-tumurun. Tangtu wae daek teu daek bakal dipangaruhan ku jaman. Mun baheula barudak wanoh kana sato saperti peucang, atawa kuya, lantaran dina kahirupan sapopoena memang wanoh jeung kahirupan alam bebas; da tempat ulin barudak harita mah kebon, tegalan, sawah, leuwi, susukan, atawa leuweung. Sedengkeun barudak kiwari, pan umumna hirup di lingkungan anu gegek jeung rame. Jadi teu satempat jeung peucang, kuya, monyet, oray sanca, peusing atawa sasatoan sejenna.

Kitu ongkoh, katambah kolot-kolot kiwari bisa jadi geus langka atawa boa euweuh nu sok daek ngadongeng keur barudakna. Kaharti, lantaran keur nanahaon make jeung ngadongeng pan aya televisi, aya video, aya game, aya internet anu tangtu bakal leuwih narik batan dongeng nu saukur catur wungkul. Baheula ngadongeng teh biasana sok peuting samemeh sare. Bari gogolehean nungguan tunduh, bapa atawa indung, atawa nini atawa aki ngadongeng bari nyaliksik sirah budak. Angger dongengna teh dongeng-dongeng buhun nu barudak geus wanoh kana tokoh-tokohna.

Tina ngadongeng saperti kitu sabenerna aya efek psikologis nu ngadeukeutkeun emosi (rasa kajiwaan) antara kolot jeung budak. Sok komo mun kolotna luhung mah sok diselapan ku atikan-atikan nu disaluyukeun jeung dongeng. Upamana ngeunaan norma-norma kahirupan, budi parangi, tatakrama, kapahlawanan jeung sajabana.

Ajen ieu kiwari kawasna geus euweuh. Kolot-kolot kiwari sigana leuwih resep ningali sinetron, tinimbang mepende budak ku dongeng buhun. Padahal dina dongeng-dongeng buhun teh loba pisan atikan anu bisa ditepikeun ka barudak. Contona dina dongeng sakadang peucang jeung buaya. Didinya digambarkeun sanajan awak peucang leutik mun dibandingkeun jeung buaya, tapi peucang bisa ngelehkeun buaya lantaran ngagunakeun akalna. Jadi hartina akal teh kudu digunakeun ulah bodo katotoloyoh kawas buaya nu ukur awakna wungkul nu gede.

Dina dongeng Sangkuriang, digambarkeun yen Sangkuriang teh anak Nyai Dayang Sumbi tina hasil kawinna jeung si Tumang (anjing). Dina pungkasan caritana Sangkuriang keukeuh hayang ngawin Nyai Dayang Sumbi sok sanajan nyaho Nyai Dayang Sumbi teh indungna. Ieu ngagambarkeun hiji kalakuan nu teu uni. Ajen moralna, paktor bibit teh kacida pentingna dina ngarundaykeun turunan. Tina bibit anu goreng – contona si Tumang- hese nurunkeun rundayan anu hade (buktina Sangkuriang hayang ngawin indung sorangan) Nu matak kudu asak-asak dina milih pibatureun hirup.

Nu populer dina dongeng buhun salah sahijina dongeng si Kabayan. Tokoh Kabayan sok digambarkeun jelema ngedul, bodo, udik, kokoro jeung rehe; saperti dina dongeng si Kabayan Ngala Tutut. Tapi sabenerna tina tindak-tanduk Si Kabayan nu sok teu parok jeung batur, aya pulunganeun nu kawilang luhung. Saperti kieu, cenah si Kabayan mah mun keur manggih kabungah sok ceurik, mun keur manggih kasusah sok seuri. Waktu ditanya naha bet kitu, da umumna jelema mah mun keur bungah sok seuri, mun keur susah sok ceurik. Jawab si Kabayan, mun tas bungah pasti bakal panggih jeung susah, mun tas susah pasti bakal panggih jeung bungah. Jadi si Kabayan mah mun keur bungah sok inget engke bakal susah, nu matak nya ceurik . Atuh mun keur susah sok inget engke bakal bungah, numatak sok seuri.

Mun ku urang diteuleuman bener eta pilosofi teh. Dina kahirupan urang teu weleh aya papasangan, saperti beurang papasangan jeung peuting, bungah papasangan jeung susah. Hirup moal salawasna bungah, oge moal salawasna susah. Ma’na si Kabayan sok ceurik dina keur bungah, hartina dina keur bungah teh tong poho ka purwadaksina, kudu inget isuk-pageto bisa wae nyorang kasusah. Atuh dina keur susah sok seuri, maksudna ulah katalanjuran susahna nepi ka pondok harepan. Sing yakin hiji waktu Nu Maha Kawasa bakal maparin kabungah. Cindekna dina keur bungah kudu waspada, dina keur susah kudu optimis. Bener nya…?

Loba keneh ranggeuyan mutiara nu sejenna. Cag sakieu heula…[] Mang Nanang



Komentar

Postingan Populer