Sakola Mahal? Ulah Peunggas Harepan


Taun ajaran anyar, pikeun anu baroga budak sakolakeuneun mah jigana ngarupakeun taun kabingung jeung taun katagiwuran hate, utamana pikeun masarakat kurang mampuh. Anu jadi kabingung nya eta masalah duit pikeun waragad sakola putra-putrina. Di antarana keur “Uang Pangkal” atawa DSP alias Dana Sumbangan Pembangunan.

Ari soal SPP mah bisa rada ngarenghap heula, da aya bantuan ti pamarentah nu disebut BOS alias Bantuan Operasional Sekolah.

Tapi keur masarakat miskin mah tetela teu cukup ku BOS, sabab nu jadi bangbaluh teh keur sapopoena, nya eta ongkos indit jeung balik sakola katut keur  jajanna, ditambah deui keur meuli kalengkepan sakola kayaning kantong (tas), buku,jeung sajabana. Cindekna, keur masarakat nu kasebut miskin atawa teu mampuh mah, nyakolakeun budak teh tetep wae jadi bangbaluh.

Beda jeung jalma jegud alias anu beunghar sacara ekonomi, waragad sakola teu jadi bangbaluh, anu penting mah tinggal kadaek. Umpamana wae anu nyakolakeun ka ITB, apanan aya nu disebut jalur khusus pikeun jalma benghar luhur kuta gede dunya. Ari anak jalma miskin, sanajan otakna encer, ari lain nasib-nasib teuing mah, pamohalan bisa nguliahkeun anakna ka Paguron kamashur. Tapi sok sanajan kitu, saha wae anu boga pikiran maju sarta  boga kahayang anu keyeng sangkan anak pinanggih jeung kasuksesan mangsa ka hareupna, poma ulah pondok harepan, atawa kumeok memeh dipacok, sabab sanajan luhur kuta gede dunya, rea ketan rea keton, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah baning ku jegud, lain jaminan pikeun pinanggih jeung kasuksesan hirup sacara ekonomi.

Tuh geuning, ari nu jadi kolotna di imah dina ngatik jeung ngaping anakna tulaten tur bener mah, lain hal anu mustahil anak cacah bisa bisa jadi dokter, anak tukang gulali bisa jadi teknokrat, anak tukang beca bisa jadi doktor, Jeung rea-rea deui conto sejenna. Lamun   budak ti leuleutik keneh diatik hirup basajan, peurih, prihatin, rikrik gemi bari dibarengan ku leket ngajalankeun ibadah luyu jeung agamana, geus dewasana sok pinanggih jeung kasuksesan hirup sacara ekonomi. Kacindekanna, anak nu beunghar teu jadi jaminan sakolana sukses tur geus dewasana jadi jalma linuhung.

Conto sejenna Fadel Muhamad, sukses jadi pangusaha gede, kungsi jadi Gubernur Gorontalo, kungsi jadi Mentri Kelautan dan Perikanan. Padahal mangsa kuliahna di ITB, estu peurih pisan, malah pikeun nambah-nambah waragad kuliah teh cenah, teu ngarasa gengsi pedah mahasiswa ITB, Fadel Muhamad dagang gantungan konci. Ieu lalakon pribadina teh dicaritakeun ku anjeunna di Aula Kampus ITB hareupeun para mahasiswa sawatara waktu katukang.
Saterusna Sony Sugema nu kiwari sukses dina widang lembaga pendidikan non-formal (bimbingan belajar) balik kuliah ti Bandung kidul ka ITB disorang ku ngaboseh sepeda. Tapi kiwari, ka ditu ka dieu tumpak mobil mewah milik sorangan.

Aya deui Prof. Djoko Sujarto, Guru Besar Jurusan Planologi ITB, keur jadi mahasiswana bari usaha leuleutikan.

Ngeunteung kana conto-conto nu disebutkeun di luhur, sok sanajan kahirup-huripan urang sacara ekonomi pas-pasan, ulah peunggas harepan pikeun nyakolakeun budak nu saluhur-luhurna.

Pasualan sakola mahal ulah dijadikeun alesan jeung rereged atawa halangan-harungan, nu penting sumanget sing ngagedur, niat sing panceg, ihtiar tetep disorang dibarengan ku ngadu’a munajat meredih pitulung sareng panuyun ka Alloh SWT. [] Ida Rukmana

Komentar

Postingan Populer