Nu “Ngaheureuyan” Kuda

Ilustrasi tina pixabay.com
Baheula dina taun lilikuran, deukeut imah kuring aya istal kuda, bogana tatangga duaan; kudana aya opat, sok dipake nambangan keretek. Istalna beresih pisan, da aya nu ngurusna budak duaan, rarajin, keur meujeuhna buta tulang buta daging, keur mangkat beger deuih.

Budak nu ngurus kuda teh, nu saurang keur meujeuhna resep ulin; ari geus beres ngurus kuda, peutingna sok tuluy ulin nyiar hiburan kana panglalajoan jeung sejabana. Ari nu saurang deui mah tara liar, ari ti peuting teh ngagoler bae di para luhureun kuda, paranti mondokna, disamakkan dianggelan beresih.

Aya bejana, nu saurang tea mah geus boga pangalaman tina panglalajoan di deukeut pasar Kosambi; basa lalajo longser, katarik ku hiji awewe bangor tuluy nganteur ka imahna, nepi ka nyorang birahina ka eta awewe.... Ari balik subuh-subuh purat-perot, da kudu nngurus kuda jeung masangkeun keretekna. Kitu teh geus mindeng, malah pangalamanana teh dicaritakeun ka nu saurang deui, baturna tea. Ari baturna tea kacida saregepna ngabandungan carita pangalamanana ka awewe.... Tapi teu wani nurutan; ari hayang mah aya, eta cenah kabita ku lebah rek ngangeuskeunana....

Lila-lila dina hiji poe, nu saurang tea (nu boga pangalaman) keukeuh ngajak baturna tea ka deukeut pasar Kosambi, da aya deui di ditu oge awewe hiji deui keur baturna tea. Tapi keukeuh deuih baturna teh embungeun, jang naon cenah make ka nu jauh-jauh ulin mah....

Barang ngadenge omongan baturna kitu, nu saurang teh rada heran, boga curiga, kawas-kawas di deukeut oge aya awewe nu cara di deukeut pasar Kosambi.

Ari dina hiji peuting kira-kira pukul satengah duawelas, nu saurang datang, biasa bae balik tipanglalajoanan. Barang geus deukeut ka istal, kadenge sada sora kuda hihiem, sesegor jeung tetejeh bae. Tuluy ku manehna diintip bari ngadeukeutan istal lalaunan ti pongpokna. Ditempo ka para, baturna tea euweuh dina tempatna (enggonna). Ti dinya tuluy lalaunan kana deukeut kuda nu hihiem tea. Ari kasampak teh baturna tea keur ngalehleh nyarande kana tihang bangun nu capeeun, da kadenge ambekanana mani hah-heh-hoh....

“Naha sialing teh make ngurus kuda wayah kieu, isuk oge apa aya waktuna,” cek nu saurang, samarukna enya baturna teh entas ngurus kuda cara biasa sapopoe. Baturna tea teu buru-buru nembalan; ari geus rada rineh, ngomong: “Lain ngurus kuda.... ieu mah dewek nurutan sialing; ari silaing mah ka Kosambi jeung jelema, dewek mah di dieu we jeung kuda.... da ngangeuskeunana mah sarua we karasana....”

Nu saurang bengong ngadenge omong baturna tea, tuluy nanya deui: “Geus sabaraha kali kikituan teh?” Ari jawabna: “Aya we meureun genep kali maj....” Ngadenge kitu nu saurang kalah ka seuseurian nanya deui: “Sabot dewek keur euweuh we meureun, nya?” “Heeh” jawab baturna tea pondok.

Isukna isuk-isuk ibur di sakurilingeun istal, jelema-jelema pada ngomongkeung kalakuan baturna tea, da dibejakeun ku nu saurang ka dununganana....

Ari baturna tea mah, enya nu “ngaheureuyan” kuda, kalah ka ngiles, lila pisan teu embol-embol.... [] S. Sauni

Komentar

Postingan Populer