Nu Mumul Ngarayakeun May Day

ilustrasi engagemedia.org
Poe ieu teh poena kaum buruh sadunya, sabab tanggal 1 Mei geus ditetepkeun jadi Hari Buruh Sedunia anu disebut May Day tea. Dina taun ieu, 2015, Indonesia reueus, da ngarasa jadi nagara panggedena anu ngarayakeun May Day. Piraku teu rek reueus, apan dina poean May Day teh 3,5 juta kaum buruh tumplek ka jalan. Ku tumplekna jutaan jalma anu jolna ti rupa-rupa kota ngamuara di ibukota Indonesia, Insya Alloh cenah moal kajadian hal anu teu dipiharep kayaning demo-demo kaum buruh anu anarkis kawas nu atos-atos. Saur Pa Jokowi salaku Presiden Republik Indonesia, May Day teh poean kaum buruh geusan ngungkabkeun kabungahna. Ku sabab kitu, dina May Day taun ieu rupa-rupa acara hiburan digelar. Tangtu bae dina acara hiburan teh ngalibetkeun paraartis. Pokona mah pesta lah!

Sanajan Indonesia kasebut panggedena dina May Day taun ieu, angger bae jumlah 3,5 juta kaum buruh anu turun ka jalan rek ngarayakeun May Day teh kawilang saeutik upama dibandingkeun jeung jumlah kaum buruh anu sagemblengna mah. Hartina leuwih loba kaum buruh di Indonesia anu teu daek ngarayakeun May Day. Naha? Ah, wegah! Hoream. Kitu cek salah saurang kaum buruh di Sukaleueur Kota Bandung. Batan cape-cape turun ka jalan mah, mending oge ngasuh barudak atawa istirahat di imah. Naha? Eta disainer grafis di hiji perusahaan penerbitan di Kota Bandung teh keukeuh mugen pikeun ngarayakeun May Day. Tong boroning ukur rek curak-curak, sanajan rek demo kawas nu enggeus-enggeus oge teu kabita. Naha? Ah, kaheuras-heuras genggerong, rebuan kali demo oge angger we nasib kaum buruh di Indonesia mah taya menyatna. Angot dina May Day taun ieu, hahargaan pangabutuh sapopoe keur meumeujeuhna mahal. Bensin mahal. Gas mahal. Sembako mahal. Ari buruh murah. Jadi cumah miluan kana euforiana May Day oge, da geus balik deui ka imah jeung ka tempat gawe mah susah deui. Ngaheruk deui. Luh-lah deui. Ngarahuh deui.

Eta disainer grafis anu geus boga dua anak teh leuwih ti lima taun gawe di perusahaan penerbitan. Ari gajihna di handapeun standar upah minimum. Basa manehna menta tanjakan ka dununganana malar gajih disaruakeun jeung standar upah minimum, dununganana ukur nyebutkeun yen perusahaanana lain PT, tapi CV. Mun ngukur kana kapasitas jeung prestasina mah, eta disainer grafis teh geus pantes dibayar leuwih ti standar upah minimum. Atuh da manehna kawilang multitalenta. Eta jebolan ti jurusan karawitan Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung teh mibanda kamampuhan anu lain jore-jore. Manehna pinter ngaoprasikeun Mac OS X Version 10.4.11 jeung Windows XP 2, bisa kana program Aplikasi: Adobe InDesign, Adobe Photoshop, Adobe Page Maker, Corel Draw, Mathtype, Creo Preps Ver. 5, corel studio, editing video, jeung sajabana, oge tapis ngagunakeun Aplikasi Windows XP, bisa ngarakit Komputer (PC) jeung instal Windows, instalasi jaringan PC to PC.

Hartina, loba pangusaha di Indonesia anu tacan mampuh ngajenan tanaga jeung kaahlian pagawena. Loba pangusaha anu bedegong, teu satuhu kana aturan anu geus ditetepkeun ku pamarentah. Loba pangusaha anu umaing, rasa maneh geus mere pagawean ka pagawena. Loba pangusaha anu teu sadar yen saestuna andilna kaum buruh kana pausahaanana teh sakitu gedena. Moal jalan pausahaanana upama teu didideudeul ku kaum buruh.

Hanjakalna, pamarentah oge sok aya kalana meungpeun carang upama manggihan pausahaan anu teu ngajenan kaum buruh teh. Hadena mah pamarentah tandes. Pangusaha anu bedegong kudu diteke, ditakol, atawa didegungkeun. Ngan ulah nepi ka dieksekusi ku hukuman mati ari pangusahana lain pangusaha narkoba mah.

Karunya kaum buruh teh. Manehna oge sarua jalma, boga hak pikeun hirup sehat jeung sejahtera. Butuh jaminan sosial. Tong boro ku gajih sahandapeun standar upah minimum, sanajan gajih luyu jeung standar upah minimum oge saenyana mah kurang keneh. Angot anu imahna ngontrak keneh mah. Angot anu anakna reuay mah. Angot anu jarakna ti imah ka pagaweanana jauh mah. Kantenan bari kudu tumpak kandaraan umum. Leuh, ongkos angkot ayeunamah pantesna pikeun jalma anu bogaeun gajih gede.

Hadena we eta disainer grafis teh henteu ngontrak, da cicing di Mertua Indah. Hadena deuih boga sapedah motor sorangan, bati bibilintik ti jaman lalagasan. Lian ti kitu, di imahna muka game online jang nambah-nambah panghasilan. Mun teu kitu nya jangar tea kasebutna. Atuh da, gajihna di perusahaan penerbitan buku teh ukur hiji koma. Ku pangaji hiji koma, tanggal hiji oge geus koma.... Gajih nu katampa ti kantorna teh gajih kotor. Jadi upama butuh tunjangan sosial teh kudu ngayakeun sorangan. Kawas dina sual BPJS. Perusahaan tempat gawena henteu nga-BPJS-keun karyawanna. Ku sabab kitu, eta disainer maksakeun ngamodal sorangan pikeun meunang BPJS teh. Da ari idealna mah apan dununganana, atawa dununganana disubsidi ku pamarentah, nu nga-BPJS-keun karyawan teh. Mangkaning nyokot BPJS-na oge anu kelas hiji. Embung nyokot anu kelas tilu mah, da cenah remen kabejakeun pelayananana di kelas tilu mah awon.

Ku lobana kahanjelu samodel kitu, meujeuhna loba kaum buruh anu mumul ngarayakeun May Day. [] Endang GG






Komentar

Postingan Populer