Diskoperindag Kabupaten Bandung Ngajak Masarakat Jaradi Pangusaha Sukses
![]() |
| Kepala Bidang Pengembangan Usaha Mikro, Kecil dan Menengah, Kabupaten Bandung, Pujo Semedi, SH.| sundaonline.com |
Alesan teu boga modal pikeun muka usaha ayeuna mah geus jadi alesan anu kuno. Para pangusaha atawa calon pangusaha teu kaci ngagem alesan sarupa kitu. Anu utama dina ngawangun hiji usaha mah nya eta kawani anu dibarung ku elmuna. Lian ti kawani, pikeun jadi pangusaha sukses kudu boga kreativitas, maher jeung pikatajieun dina hal komunikasi, boga sikep anu rasional, keyeng, dinamis, lincah, gesit, ngajenan kana waktu, luhur budina, mibanda visi anu eces.
Kitu cek Kepala Bidang Pengembangan Usaha Mikro, Kecil dan Menengah, Kabupaten Bandung, Pujo Semedi, SH, basa ngabagikeun materi “Kiat-kiat Jadi Pengusaha Sukses” dina acara “Sosialisasi Peningkatan Kemitraan dan Pemberdayaan Ormas di Kabupaten Bandung” anu diayakeun ku Badan Kesbangpol Kabupaten Bandung, di Hotel Saung Bilik Kabupaten Bandung, Kemis, 14 April 2016.
Di hareupeun para aktivis ti 60 Ormas, Pa Pujo nyontokeun Ibu Ida, tatanggana anu kiwari sukses jadi pangusaha kueh molen. Samemeh sukses, Ibu Ida kungsi balueng sabada ditinggalkeun maot ku salakina. Untungna, Ibu Ida ngadeukeutan ka Pa Pujo pikeun konsultasi ngeunaan solusi finansial pikeun kulawargana. Untungna deui, Ibu Ida boga pangabisa dina nyieun kueh molen. Nya, ti harita Ibu Ida meunang pangrojong ti Pa Pujo. Kueh molen beunangna Ibu Ida teh ku Pa Pujo diuruskeun ngarah meunang sertifikat halal. Pikeun meunang eta sertifikat, Ibu Ida mah teu ngaluarkeun duit. Alhamdulillah, buah tina kakeyengna teh, tina modal awal Rp 200 rebuan, kiwari Ibu Ida geus bisa nutupan pangabutuhna sapopoe, malah geus bisa mangmeulikeun sapedah motor pikeun anak-anakna anu sarakola. Kueh molenna geus sumebar ka meh saban pasar di Kabupaten Bandung. Bawaning ku marema, orderan ti Pa Pujo oge sok mindeng teu katedunan.
Ku kituna, konsultasi pikeun meunang pangrojong jeung pangdeudeul ti pihak-pihak anu kompeten teh kalintang pereluna. Lain modal duit anu kudu diheulakeun mah, tapi mentalitas anu mimitina kudu disiapkeun. Kalayan kabingahan, Pa Pujo ngahiap ka sing saha wae, warga Kabupaten Bandung, angot aktivis Ormas mah, pikeun jadi pangusaha—muka lapangan pagawean—geusan ngarojong pamarentah dina ngungkulan pangangguran. Ku sabab kitu, mangga diantos di Kantor Dinas Koperasi, Perindustrian dan Perdagangan (Diskoperindag) Kabupaten Bandung, cenah.
Leuwih jembar Pa Pujo netelakeun, aya opat lengkah pikeun jadi pangusaha sukses, nya eta ideu, kadaek jeung kaahlian, sumanget nu ngagedur jeung gawe nu hade, sarta loyalitas jeung tanggungjawab. Inget, cek Pa Pujo, modal mah bisa diteangan, kaahlian bisa dibeuli deuih, tapi nu ngaranna cita-cita jeung sumanget mah moal bisa dibeuli. Cita-cita jeung sumanget mah geus kudu dipibanda samemehna muka atawa ngembangkeun usaha. Salian ti eta, sing jujur dina prak-prakanana, sabab apan urang teh hayang beurat beunghar di alam dunya, tempona maot asup ka sawarga.
Sukses teh lain teu kahaja, tapi hal anu dihajakeun, hasil tina mikir, ladang tina ngararancang jeung gawe anu hade. Jadi, cek Pa Pujo, ciptakeun sabab musababna. Ku tayana motivasi, sumanget jeung cita-cita, moal matak jadi sukses. Jalma anu sukses teu weleh kaleuwihan ku hiji cara, tapi jalma anu gagal teu weleh kaleuwihan ku hiji alesan. Musuh urang sajeroning nyorang jalan sukses nya eta kahoream, kahengkeran, teu payaan jeung gampangna peunggas harepan. [] ram



Komentar
Posting Komentar