Geus Waktuna Aya “Pulisi Runtah”

Soenardhie Yogantara
Enya, kawasna mah kudu aya “Pulisi Runtah” anu husus nalingakeun perkara runtah. Utamana di tempat-tempat anu geus dicadukeun ku pamarentah pikeun ayana runtah. Guru Multimedia SMK Al-Wafa Kabupaten Bandung, Hira Karmachela, satuju pisan seug tiap jalma anu miceun runtah sambarangan teh ditilang, tuluy ditibanan hukuman. “Tos waktosna, hukum teh ditanjeurkeun,” pokna basa nganjang ka dapur redaksi sundaonline.com, Jumaah (20/5).

Hira bati kabitana basa manggih beja ngeunaan pamarentah jeung masarakat Jepang anu pohara telikna kana perkara runtah. Kawas di Kota Kyoto. Di ditu mah masarakat geus palinter ngokolakeun runtah. Lain sakadar misahkeun runtah organik jeung anorganik wungkul. Runtah anorganik oge dipasing-pasing deui jadi sababaraha rupa. Mun runtah plastik, plastik wungkul. Runtah kaleng, kaleng wungkul. Jeung sajabana ti eta. Mun geus dikumpulkeun jeung diwadahan kalayan rapih, teu langsung dikaluarkeun, sabab dina jadwal pangangkutan runtah teh aya aturanana. Mun rek ngaluarkeun runtah plastik, kudu
Hira Karmachela
poe Rebo, sabab poe Rebo jadwalna pangangkutan runtah plastik. Mun runtah kaleng mah poe Jumaah. Pokona saban poe aya patugas kabersihan anu ngangkut runtah, ngan tiap poe runtah nu diangkutna beda-beda. Ku ayana aturan kitu, masarakat teu bisa sagawayah ngaluarkeun runtah ti jero imahna. Mun ngarempak eta aturan, geus tangtu aya sangsina. Hebatna deui, tiap runtah anu dikaluarkeun teh runtah anu beresih. Upamana runtah kaleng urut soft drink (inuman). Samemeh dipiceun teh jero kalengna kudu dikungkurahan nepi ka beresih, tuluy digaringkeun ulah nepi ka aya cai anu nyakclakan tina jero kaleng. Geus beresih jeung garing mah eta kaleng diringsekkeun samemeh diasupkeun kana kantong palastik teh.

Masarakat Jepang mah ngarasa wirang seug katohian miceun runtah sambarangan teh. “Isin upami miceun runtah di sambarang tempat teh,” cek Hira kebek ku kareueus.

Samemehna, poe Rebo (18/5), sundaonline.com oge ngawangkong jeung pupuhuna Warga Peduli Lingkungan (WPL), Soenardhie Yogantara, di sekretariatna, Jalan Bojongbuah, Kabupaten Bandung. Eta konsultan lingkungan hidup anu geus ngalanglang buana teh netelakeun yen Bupati Bandung geus waktuna “galak” ka nu sok mariceun runtah sambarangan. Hartina, warga masarakat Kabupaten Bandung anu sok mariceun runtah sambarangan teh geus waktuna dibere sangsi. Sangsina mah sakumaha nu geus kaunggel dina aturanana. Geus teu kudu nyieun deui aturan. Kari diajegkeun aturan mah. Ngan pikeun ajegna eta aturan, tangtu butuh pasukan pikeun ngalaksanakeunana.

Mun teu “galak”, warga masarakat Kabupaten Bandung anu sok mariceun runtah sambarangan moal euih-euih milampah kabiasaanana anu goreng patut. Buktina, sanajan TPS Gandasari geus ditutup, dipager, diwawadian ngaliwatan sepanduk anu ngajeblag, angger bae maranehna miceun runtah ka dinya, kawas anu ngangkrang, nangtang kana hukuman ti pamarentah. Lebah dieu kajudi yen kabedegongan maranehna geus teu teurak ku disingsieunan wungkul. Maranehna geus teu teurak ku diomongan wungkul. Pamarentah geus kudu jeung prakna dina nanjeurkeun hukum.

Pa Yoga—landihanana Soenardhie Yogantara—anu harita disarengan ku garwana, Ibu Wierdha Miharti, ngama’lum kana hengkerna Pamarentah Kabupaten Bandung dina ngungkulan perkara runtah. Hadena, saur Pa Yoga, urusan runtah diprivatisasi kawas di Kota Bandung anu nyerenkeun urusan runtah ka PD Kebersihan. Lian ti eta, patugas kabersihan—kaasup nu sok ngeduk atawa ngangkutan runtah—geus waktuna diraharjakeun kahirupanana sangkan maranehna menyat martabatna, teu asa dihinakeun ku balarea.

Apan di nagara maju mah, kawas di Walanda, patugas nu ngangkut runtah teh matak pikagimireun warga masarakat lianna. Pangna bisa kitu? Lian ti diraharjakeun kahirupanana, eta patugas kabersihan dibere wewenang pikeun ngaluarkeun sangsi ka warga masarakat anu ngarempak aturan. Upamana, aya warga anu nyampeurkeun runtah organik jeung runtah anorganik. Eta warga geus pasti bakal meunang surat tilang ti patugas kabersihan. Ku ayana patugas anu tandes nanjeurkeun aturan, warga masarakat di eta nagara mibanda ahlak anu bener: tara kumawani miceun runtah sambarangan.

Kalayan reueus, Pa Yoga oge ngadadarkeun tingkah polah masarakat Vietnam anu pohara alusna dina ngungkulan perkara runtah. Taun 2004, basa di urang aya musibah di Leuwigajah, 90% warga masarakat di Vietnam mah pikayungyuneun: jaba ti tara mariceun runtah sambarangan teh, maranehna palinter ngokolakeun runtah. “Ayeuna mah jigana tos saratus persen,” saur Pa Yoga. Alusna ahlak eta masarakat Vietnam teh tangtu wae henteu ujug-ujug, tapi ku lantaran diwangun ku pamarentahna.

Masarakat Indonesia, utamana warga masarakat Kabupaten Bandung, kawasna moal hese upama diarahkeun mah. Buktina, Pa Yoga netelakeun, urang Indonesia anu tuman miceun runtah sambarangan, basa manehna nganjang ka Singapur mah teu wanieun miceun runtah sambarangan teh. Sabab manehna sadar—boga kasieun jeung boga kaera, di Singapur mah jalma anu miceun runtah sambarangan teh pasti dihukum.

Ayana sangsi hukum pikeun jalma anu sok miceun runtah sambarangan teh payus pisan. Ibu Wierdha anu sok ngalanglang buana sareng carogena mah kalintang satujuna. “Atuh da miceun runtah sambarangan mah sami sareng biadab,” saurna. Biadab teh jahat. Kiriminal. Sabab, ku miceun runtah di mana wae, bisa nyilakakeun batur, bisa jadi mamala pikeun balarea. Matakna lain antepeun jalma nu sok miceun runtah sambarangan mah. Kudu dihukum.

Ku sabab kasebutna biadab, jahat atawa kriminal tea, meujeuhna seug Hira Karmachela boga pikiran ayana “Pulisi Runtah” pikeun ngungkulan warga masarakat Kabupaten Bandung anu sok mariceun runtah sambarangan. Naha bet “Pulisi Runtah”? Sabab ari ngandelkeun “Pulisi Tidur” wungkul mah runtah angger amayacak di Kabupaten Bandung. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer