Kasedek Pangabutuh Ngagadekeun Sawah

Di sawatara desa, ngagadekeun sawah masih jadi andelan. 
| sundaonline.com/ram
Ngagadekeun sawah atawa kebon keur nyumponan pangabutuh ngadadak, ilahar dipilampah ku urang desa di wewengkon Kabupaten Garut mah. Kitu cek Anang Suryana, S. Pd.I, urang Cibalong, Pakidulan Garut, basa ngawangkong jeung sundaonline.com.

“Pangabutuh nu sipatna ngadadak teh kayaning nyakolakeun budak, meunang musibat, diberedeg nu nagih jeung sajabana,” eta guru SD teh ngajentrekeun. Dina emprona mah ngagadekeun sawah teh teu bisa sakali jadi. Pihak nu ngagadekeun jeung nu ngagade, kudu aya kasaluyuan. Jumlah duit nu diinjeumkeun biasana gumantung legana sawah nu dipake boreh.

Anang netelakeun, pihak nu ngagade lolobana nginjeumkeun emas, lantaran kaerong moal pirugieun. Mun ngagade ku emas, nebusna oge kudu ku enas deui luyu jeung harga emas waktu nebus. Lilana ngagadekeun sawah tara ditangtukeun, ngan paling sakeudeung sausumeun. Geus boga duit mah ku pihak nu ngagadekeun buru-buru ditebus deui.

Di Cibatu, nu ngagadekeun sawah teh tara laporan ka pamarentah desa. Lantaran cenah geus papada percaya, piraku jeung batur salembur jalir jangji. Upama sawah nu digadekeun teh digarapna ku nu boga sawah, engke parena dibagi dua jeung nu boga duit. Beda deui lamun digarapna ku nu boga duit, hasil parena kabeh milik manehna.

Ku kituna, cek Anang, ngagadekeun sawah teh dina enas-enasna mah silih tulungan jeung tatangga. Nu jadi cecekelan ku dua pihakanana lain surat-surat tapi kapercayaan. Waktu ngagadekeun sawah, ketua RT tara dibabawa da geus percaya tea. Upama aya nu jalir jangji, kakara menta tulung ka ketua RT malah nepi ka tingkat desa. Jadi aparat mah ukur kabagean riweuhna, padahal lamun samemehna disaksian ku aparat desa, meureun kacurangan teh moal kajadian.

Saperti nu kajadian di Leuwigoong, pihak nu ngagadekeun geus nebus sawahna ku lima gram emas. Ku lantaran sawah nu digadekeun teh wariskeuneun, nu ngagadekeun keukeuh mementa deui nduit gadean. Cenah moal tulus ditebusan ku manehna, rek ditebusan ku lanceukna. Ari sawahna geus digadekeun deui ka nu sejen. Puguh we dua pihak parea-rea omong, itu ieu ngarasa bener. Malah nepi ka kajadian silih tonjok sagala, antara dulur jeung dulur tina perkara gadean sawah.

Boh pihak nu ngagadekeun boh nu ngagade, sarua teu boga data nu kuat, euweuh kuitansi-kuitansi acan. Tadina didadasaran silih percaya da jeung batur salembur ieuh. Ahirna mah eta perkara teh diberesan ku Ketua RW. 
Ku ayana perkara sarupa kitu, Anang netelakeun, Pegadaian anu diadegkeun ku pamarentah bisa mengatasi masalah tanpa masalah. Hanjakal we teu tiap kacamatan aya Pegadaian. Angot ka daerah anu nyingkur mah. [] ram

Komentar

Postingan Populer