Napkah anu Halal


Raja Nasiruddin téh urang Islam di Délhi, India, anu kakoncara kajujuranana. Anjeunna tara wantun nyocéng duit nagara pikeun kapentingan pribadina. Samulihna damel di istana, anjeunna ngadamel lukisan kaligrafi Al-Qur’an di bumina. Tuluy éta kaligrafina dipasrahkeun ka palayanna pikeun dijual di pasar. Sabaraha waé duit tina ladang ngajual kaligrafi téh ditampi ku Raja Nasiruddin kalayan kebek ku rasa sukur. Kitu carana Raja Nasiruddin nutupan sagala pangabutuh dirina katut kulawargana.

Kacaritakeun, palayanna nampa surat ti kulawargana sangkan geuwat balik. Manéhna ngadeuheus ka Raja Nasiruddin, nembongkeun éta surat bari sakalian rék ménta gajih anu geus mangbulan-bulan tacan katampa.

“Duh, hampura, ayeuna mah kuring can boga duit,” saur Raja Nasiruddin ka palayanna. 

Sawatara bulan ti harita, éta palayan nampa deui surat ti kulawargana, nitah gancang balik ka imahna. Atuh si palayan téh ngumaha deui ka Raja Nasiruddin. “Heug atuh ari kitu mah,” saur Raja Nasiruddin bari tuluy ngasongkeun duit dua rupéé. Gebeg, si palayan téh ngarénjag barang sidik duit anu ditampana ngan dua rupéé. “Eta duit téh duit halal,” Raja Nasiruddin nétélakeun, “Duit ladang gawé anu halal bakal ngadatangkeun rejeki anu gedé. Geura jung rék indit mah, mugia Alloh nangtayungan,” saurna deui.

Palayan teu bisa majar kumaha. Manehna indit rék balik ka imahna mekel duit dua rupéé bari mawa kahariwang, inggis kulawargana nanyakeun oléh-oléh. Piraku ngadunungan ka hiji raja teu werat meuli éleh-éleh acan mah. Kitu cék pikiranana si palayan. 

Harita téh keur usum buah dalima. Di perjalanan katempo buah dalima anu galedé jeung pikauruyeun. Teu panjang pikir deui, duit dua rupéé téh dibeulikeun kana buah dalima. Ngan barang diladangan ku tukang dagangna, si palayan ngarenjag deui baé, sabab manéhna meunang buah dalima anu kalintang lobana. Buah dalima nepi ka dikarungan. Jung deui manéhna nuluykeun lalampahanana. 

Di tapel wates, kabéjakeun ratu di nagara tatanggana teu damang wales. Para dokter sapuk, piubareunana kanggo ratu téh jus buah dalima. Hanjakal di éta nagara euweuh tangkal dalima. Ku kituna raja ngabéwarakeun, sing saha baé anu bisa mawa hiji buah dalima pikeun piubareun nu jadi ratu rék diburuhan sarébu rupéé. Ngadéngé béwara kitu, si palayan curinghak, manéhna gancang muru istana rék ngasongkeun sakarung buah dalima. Raja kalintang bungahna ningali buah dalima anu dibawa ku si palayan. 

Loba buah dalima anu dicandak ku éta raja téh. Sakumaha nu dijangjikeunana, éta buah dalima dihargaan sarébu rupéé sahijina. Sanggeus ngasongkeun duit rebuan rupéé ka si palayan, raja nimbalan ka dua prajuritna pikeun nganteurkeun si palayan balik ka imahna. Puguh baé si palayan kacida bungangang haténa. Ayeuna mah kahartieun ku manéhna kasauran Raja Nasiruddin téh bener. Duit dua rupéé tina ladang pagaweén anu halal téh barokah jadi ngadatangkeun rébuan rupéé. 

Nepi ka imahna, si palayan dibagéakeun ku kulawargana. Maranéhna pohara suka bungahna, sabab sidik ayeuna mah si palayan téh kacida beungharna. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer