Seblak


Lain agul ku payung butut, lain akon-akon deuih, da jeung enyana urang Sunda rea kamonesanana. Geura tingali we dina perkara kadaharan. Rupa-rupa pisan ngaran kadaharan teh. Tina sabangsaning aci oge sakitu ngaleuyahna; aya cireng, cihu, cilok, cilung, cilor, jeung rea-rea deui. Ieu teh tandaning urang Sunda rea kamonesanana. Ku sabab kitu, teu kaleuleuwihi seug Bandung, ibu kotana Jawa Barat, disebut kota kuliner. Ti waktu ka waktu, ngaran kadaharan di Tatar Sunda terus nambahan.

Duka saha nu nyiptakeunana. Tug ka wangkid ieu, tara kasabit-sabit ngaran nu nyiptakeun eta kadaharan. Nu tangtu, tina jebulna rupa-rupa kadaharan, aya kareugreug jeung kareueus yen urang Sunda moal nepi ka poho kana basana. Rek teu kitu kumaha, apan urang Sunda mah resep pisan kana nyieun wancahan teh. Geura eta cireng, apan wancahan tina aci digoreng. Cilok wancahan tina aci dicolok. Comro wancahan tina oncom di jero. Misro wancahan tina amis di jero. Ku lobana wancahan dina rupa-rupa kadaharan urang Sunda, nya jebul harepan kana langgengna basa Sunda di Tatar Sunda. Ku ayana harepan, timbul kareugreug jeung kareueus tea. Angot Kang Emil, Walikota Bandung, ngaluluguan ayana Rebo Nyunda. 

Balik deui kana kadaharan anu pakuat-pakait jeung basa Sunda. Lian ti cireng, cilok, comro, misro, jeung rea-rea deui, aya kadaharan anu kiwari keur meujeuhna dipikaresep ku balarea, nye eta seblak. Ti mimiti barudak nepi ka kolot resep kana seblak. Sakali deui, duka saha anu nyiptakeunana. Kuring mimitina apal kana seblak teh ti taun 1990-an, basa cicing di Jalan Bojongloa Bandung. Harita teh keur tengah poe ereng-erengan, kuring diajak nyeblak (dahar seblak) ku Neng Santi, kapiadi kuring anu kabeneran resep pisan kana popolah, sanajan manehna masih sakola di SMA.

Puguh bae, ku seuhahna dahar seblak, kesang ngagarajag saawak-awak. Cimata rambay. Irung oge ngucur. Sirah jangar jadi cenghar. Tetenjoan asa ngempray. Cindekna, cap jempol pikeun kadaharan anu ngaranna seblak teh. Harita mah seblak anu didahar ku kuring teh masih seblak rasa orsinil, nya eta anu bahan bakuna ukur kurupuk beureum. Teu kawas ayeuna, seblak teh geus rupa-rupa bentukna.

Cek Neng Santi, pangna bisa nyieun seblak teh meunang resep ti babaturanana anu nganjrek di wewengkon Margahayu, Kabupaten Bandung. Ari babaturanana meunang resepna teh ti babaturanana deuih. Duka kumaha jujutan anu saestuna mah. Nu tangtu kiwari seblak geus nyebar ka mana-mana. Basa kuring ka Pakidulan Cianjur oge manggihan seblak.

Jadi, kiwari mah kecap seblak teh ngandung harti anu jembar. Lian ti jadi ngaran kadaharan, ku urang Sunda kecap seblak teh dipake pikeun ngagambarkeun rasa anu nyaliara dina dada. Ku ayana kadaharan anu ngaranna seblak, nyeblak jadi kecap pagawean anu hartina dahar seblak. Tapi, di pilemburan anu can apaleun kana kadaharan anu ngaranna seblak mah, nyeblak, tingsareblak, atawa seseblakan, geus tangtu ngagambarkeun rasa tea.

Saur Mang Nanang mah, seniman ti Cicalengka Kabupaten Bandung, seblak teh nuduhkeun rasa hate anu ujug-ujug kagagas, rus-ras bari sakapeung ngahudang rasa waas. Nyeblak hartina hate keur ngalaman kaseblak. Seseblakan hartina terus-terusan kaseblak. Dina nyeblak sok aya oge rasa hariwang, paur. Jadi tingsareblak teh nuduhkeun kaayaan hate anu keur marojengja.

Di hal kadaharan, seblak lain kancahan. Cek Neng Santi, pangna eta kadaharan dingaranan seblak teh dumeh waktu ngadaharna matak nyeblak. Ku kituna, di palebah dieu mah seblak teh harti injeuman pedah rasa seblak teh lada matak reuwas. [] Rakhmat Margajaya

Dicutat tina Majalah Sekolah Juara Edisi Mei 2016

Komentar

Postingan Populer