Mangpaat PON kudu Karasa ku Masarakat

Catetan Fendy Sy. Citrawarga


Kiwari Bandung keur diriung-riung. Apanan keur jadi pribumi PON (Pekan Olahraga Nasional) nu ka XIX nu baris lumangsung ti 17 - 29 Séptémber 2016. Puguh wé Bandung jadi "heurin" ku atlit nu sarumping ti unggal propinsi sanusantara.

PON téh hajat nasional, hajat nagara nu munggaran digelar 9 - 12 Séptémber 1948 di Solo. Mimiti prung mah mibanda ajén stratégis politis nyaéta keur ngéra-ngéra Walanda nu merekedeweng hayang ngajajah deui lemah cai. Nya para atlit harita padungdung dina rupa-rupa ketak gerak awak keur mangaruhan dunya internasional yén satemenna Indonésia téh éksis (aya). Kumaha hasilna? Berekah, pérs internasional ngabéwarakeun lumangsungna PON nu sakali deui jadi bukti yén Républik Indonsia téh enya-enya aya.

Dina PON munggaran, Jabar (harita mah disebutna Bandung/Priangan) ukur nyangking tahap kaopat tina 3 emas jeung 1 perunggu. Dina PON kadua (1953) nu diayakeun di Batawi, Jabar jadi jawara, ngagémbol emas 21, pérak 10, jeung 11 perunggu. Dina PON V, Jawa Barat kakara jadi pribumi. Éstu matak ngagumbirakeun sabab kajaba jadi pribumi téh kabiruyungan jadi Jawara Umum kalayan beubeunangan emas 41 siki, pérak 25, jeung 21 perunggu.

Kiwari, PON ka XIX lumangsung deui di Jabar, dipuseurkeun di Bandung jeung sababaraha tempat liannna. Udaganana sakumaha kabandungan ku urang sangkan Jabar jadi Jabar Kahiji alias nyangking Jawara Umum. Mugia wé tinekanan.

Tangtu wé hajat nasional ieu téh ngaluarkeun waragad badag, trilyunan rupia cenah gé. Naon atuh mangpaatna keur masarakat? Da geus moal boa jelema pantar Si Onyon mah bakal ngageremet, emh mun duit satrilyun téh dibagikeun ka unggal hulu terus dibeulikeun kana bala-bala, tada teuing medah-meduhna.

Nya tangtu wé mangpaat poko mah sangkan masarakat resep gerak awak siga para atlit. Sabab gerak awak téh kacida pentingna sangkan awak séhat bin walagri. Awak séhat, rohani atawa jiwana gé bakal séhat. Lamun rahayat walagri jasmani jeung rohanina, bakal hirup tumaninah, duit ladang kasab teu dipaké uubar alatan ririwit. Nu matak, najan PON téh ngaluarkeun waragad badag, teu jadi sual sabab hasilna gé leuwih mucekil nyaéta masarakat nu séhat awakna walagri batinna.

Ngan, geus tepi ka mana karesep masarakat urang kana gerak awak? Geuning rumah sakit kalah beuki dugdeg nu nandakeun réa masarakat nu ririwit? Rupaning kasakit narémbongan. Ieu téh cicirén yén masarakat di urang can mibanda budaya resep kana olahraga. Di Tegallega, baréto-baréto mah unggal poé Ahad isuk-isuk rabeng nu ngadon olahraga joging, na atuh ayeuna bet jadi olahdompét alias ngadon daragang jeung baralanja, gerak awakna mah cul wéh!

Ku kitu ku kieu, ayeuna urang Bandung, hususna, Jabar umumna keur jadi pribumi PON. Hayu urang deudeul kayaning jadi pribumi nu soméah hadé ka sémah. Harepan jadi Jabar Kahiji mugia tinekanan nu saterusna masarakat jadi resep gerak awak sangkan awak walagri geusan babakti ka nagri jeung Ilahirobi. []

Komentar

Postingan Populer