Ngaping Tresna ku Papagon Agama

Ilustrasi | sundaonline.com
Sasih Muharam atanapi Rayagung di urang mah tos galib seueur janur tingarulang. Éta téh tawis usumna kariaan jatukrami, réndéngan, geusan ngojayan sagara rumah tangga. Tumali sareng hal éta, aya saéna napakuran pidawuh Alloh: "Jeung di antara tanda-tanda (kaagungan) Mantenna nyaéta Mantenna parantos nyiptakeun jodo pikeun maranéh ti bangsa maranéh sorangan, supaya maranéh ngarasa tengtrem sarta manteng ka maranéhna, sareng Mantenna ngajadikeun di antara maranéh rasa silih pikanyaah. Saéstuna, dina anu kitu téh bener-bener aya tanda-tanda (kaagungan Alloh) pikeun kaom nu malikir." (Al Quran Surat Ar Ruum: 21) 

Laki rabi atawa rumah tangga antara dua insan, salaki jeung pamajikan, geus pasti didadasaran ku rasa cinta atawa tresna. Numutkeun ayat di luhur, éta téh bagéan tina kakawasaan sareng kaagungan Alloh SWT. Sangkan teu matak jadi mamala dina kahirupan, rasa cinta téh kudu diaping ku papagon agama dina hal ieu nya nikah téa. Jadi, cinta numutkeun papagon agama mah mibanda harti nu jembar lain sakadar keur ngamalirkeun napsu birahi. Lamun cinta ukur dihartian napsu birahi, ajén manusa teu bina ti sato da sato gé hakékatna mah sarua boga rasa cinta jeung papadana.

Munasabah mun sato nepungkeun jodo jeung papadana ukur keur nyugemakeun napsu birahina jeung boga turunan keur ngalanggengkeun habitatna. Demi manusa mah teu kitu. Di sagédéngeun keur kasugemaan lahir nu sarua jeung sato, aya pancén poko di antarana keur ngajaga kamulyaan harga dirina salaku mahluk nu dibéré akal jeung agama nu ku Alloh teu dipaparinkeun ka mahluk séjénna. 

Ku kituna, keur jalma iman mah tepungna rasa cinta téh teu ukur semet napsu birahi, tapi kudu ditumbu ku jatukrami nu disahkeun ku pertikahan numutkeun papagon agama. Éta téh bagéan tina nimat paparin Gusti. Demi nu ngaranna nimat apan kudu disukuran. Cindekna, keur jalma iman mah rumah tangga téh kaasup ibadah. 

Nya munasabah, nalika néangan jodo téh boh muslim boh muslimah kudu nyoko kana rido Alloh. Dina hal ieu hadis nerangkaeun: "Sohabat Abu Huraéroh r.a. sasauran yén Rosululloh saw. ngadawuh: hiji awéwé dikawin téh alatan opat perkara. Alatan hartana, alatan turunanana, alatan kageulisanana, jeung alatan agamana. Bagja temenan jalma anu ngawin awéwé alatan agama." (HR Bukhori & Muslim) 

Hadis di luhur nandeskeun yén nalika néangan jodo téh keur muslim mah ulah leupas tina bekel hirup anu poko nyaéta agama. Sabab nya agama pisan nu méré pituduh sangkan urang meunang karidoan Alloh. 

Kituna mah teu ngabibisani da geuningan nalika milih jodo nu didadasaran ku cinta téh sok dibarengan ku hawa napsu. Ari napsu téa watekna kana kagoréngan, tara jeung jeujeuhan. Munasabah lamun dina mikahayang awéwé téh lalaki mah sok dapon démplon, nya kitu awéwé gé mikahayang lalaki sok asal kasép. Sabab ceuk ukuran napsu mah nya nu kitu pisan nu matak nyugemakeun téh. Jaba ti rupa, ogé turunan/pangkat, jeung harta pakaya. Cindekna mah nu sipatna duniawi. 

Naha ulah néangan jodo nu rupana alus, turunan ménak, nu pakayana balatak? Hih, pék téh teuing, malah aya alusna. Ngan tetep nu kudu jadi pilihan poko mah agamana. Sabab, pilihan harta, rupa, jeung turunan, teu dijejeran agama mah sok matak cilaka. 

Mugia, nu jalatukrami ayeuna, pangantén anyar, pangantén heubeul, tiasa ngaping tresna ku agama sangkan salamet di dunya rawuh ahérat. Aamiin. [] Féndy Sy. Citrawarga

Komentar

Postingan Populer