Jeung Alam gé Kudu Silih Asah Silih Asih, katut Silih Asuh
Catetan Féndy Sy. Citrawarga
Ngan lamun rék nyusul tepus naon sababna --jeung mémang kitu kuduna kangaranan jelema walagri lahir batin mah--, moal hésé. Pan tadi gé geus dicaritakeun samangsa-mangsa hujan gedé jaba lila, terus caina palid ka walungan heureut jaba loba runtah, pasti caah. Ana kitu, lamun hayang ulah caah nya bebenah kumaha alusna. Teu hésé saenyana mah. Mun walungan heureut nya legaan, mun ngadéétan nya keduk, mun loba runtah cik ulah mariceun runtah ka walungan najan ukur sakantong kérésék gé. Da meureunan mun anu minceunna sarébu urang nya sarébu kantong kérsék. Lamun gawir, pasir, jeung gunung ulah urug, nya pelakan kakayon nu akarna kuat. Jaba ti éta kakayon ulah dituaran sagawayah. Éta tarékah téh minangka bukti urang geus ngajadikeun alam mitra hirup kumbuh ku cara silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Jadi jeung alam gé urang téh kudu silih asah, silih asih, jeung silih asuh.
Ari sababna alam gé geus ngasah, mikaasih, jeung ngasuh urang. Taneuh upamana mun hayang ngahasilkeun tatanén nya manusa kudu ngasah kabisa dina widang tatanén, nya kitu deui laut, walungan, kakayon, jst. Asihna alam, manéhna sayaga dimangpaatkeun ku manusa keur naon baé. Ari ngasuhna alam ka urang? Tong jauh-jauh, lamun urang leumpang kapanasan, terus néangan nu iuh linduk bari digeberan angin lirih nya ka mana deui nyalindungkeun diri iwal ti ka tangkal kai nu gomplok daunna. Sigana pangna alam ngamuk téh alatan jelema pinter kodék, ukur hayang diasah, diasih, diasuh ku alam, tapi manusana sorangan teu migawé hal nu sarua.
Luluhur urang keur nyegah amuk alam téh cukup ku nyebut pamali. Ulah ulin di sirah cai pamali, aya nu ngageugeuh. Wajar sepuh urang kitu da can aya papagon agama, angot sakola siga jaman ayeuna. Tapi ku ukur sakitu gé aya mangpaatna ku cara nerapkeun hirup silih asah, silih, asih, katut silih asuh jeung alam. Tutuwuhan hirup di mamana, gunung subur, pasir teu bulistir, cai cur-cor, walungan caina beresih, pirang-pirang sato cai bumetah. Kumaha ayeuna? Kuduna mah alam téh leuwih subur lan mamur batan jaman kolot urang baheula da papagon hirup gé teu cukup ku pamali, malah diseungseurikeun nu gugon kana pamali téh da apan ayeuna mah alam sakolaan, alam modérn. Kanyataanana alam lingkungan beuki ruksak nu ahirna alam ogé ngarasa ditincak hulu, nya wajar wé ngamuk gé.
Ku jelema jaman kiwari, lingkungan téh lain dijadikeun batur hirup katut papagon silih asah, silih asih, jeung silih asuh, tapi sabalikna dijadikeun musuh nu kudu dilawan lamun kahayang napsu sarakahna dihalang-halang. Hayang duit gedé tangkal kai dituaran, hayang boga imah agréng bari tiis tingtrim, pasir diadegan wawangunan. Sisi-sisi walungan diadegan imah, malah luhurna ditutup. Mokaha mun alam ngamuk nu témahna tamiang meulit ka bitis.
Papadaning kitu, keun wé nu enggeus-enggeus mah. Yu, ti wangkid ayeuna mah urang silih asah, silih asih, katut silih asuh jeung alam tempat urang hirup kumbuh sangkan musibat siga nu geus kajadian teu datang deui. []
Papadaning kitu, keun wé nu enggeus-enggeus mah. Yu, ti wangkid ayeuna mah urang silih asah, silih asih, katut silih asuh jeung alam tempat urang hirup kumbuh sangkan musibat siga nu geus kajadian teu datang deui. []
Komentar
Posting Komentar