Dasar, Urang Sunda!
Kari hiji deui, éta bala-bala téh pada ngantepkeun. "Dasar, urang Sunda!" cék barudak ayeuna. | sundaonline.com |
Geus beunang dicirikeun, ari lalawuh téh sok disésakeun hiji. “Dasar, urang Sunda!” cék Raihan Abdan Syakuran, mahasiswa Unikom Bandung. Basa ngumpul “ngabahas” bala-bala, témpona kari hiji mah éta bala-bala téh pada ngantep. Basa ngumpul ngabahas ciréng, cilok, cibay, géhu, goréng sukun, goréng cau, goréng témpé, singkong melepuh, martabak, pizza, jeung kadaharan lianna, angger wé sok disésakeun hiji. Tangtu baé lain Raihan wungkul anu nyésakeunana téh, tapi sakabéh nu ngumpul ngabahas éta kadaharan kawas nu geus sapuk nyésakeun hiji. Sanggeus tétéla kadaharan anu kari hiji pada ngantep, pok deui maranéhna nyarita, “Dasar, urang Sunda!”.
Padahal mah babaturan Raihan lain urang Sunda wungkul. Urang Jawa jeung Bali ogé aya. Ku sabab geus kaitung lila cicing di Tatar Sunda, nya maranéhna ogé kabawakeun, ari ngabahas kadaharan téh sok nyésakeun hiji. Naha enya éta téh kabiasaan urang Sunda? Lamun enya, naha?
Sawatara urang anu diajak ngawangkong ku kuring nétélakeun yén kitu peta téh kabiasaan urang Sunda. Pa Haris, urang Cianjur Kidul, ogé nyarita kitu. Pa Anang Suryana urang Garut, Téh Rismayanti Prémitasari urang Kuningan, Kang Omas urang Pangandaran, Pa Dadang Irawan urang Sumedang, jeung urang Sunda ti wewengkon séjénna, nyarebutkeun kitu. Nyésakeun hiji geus jadi ciri yén urang Sunda henteu hawék. Kadaharan anu disésakeun hiji téh hancengan pikeun batur, bisi aya anu hayangeun, atawa hayangeun kénéh. Ari nu dimaksud batur, bisa nu lian, bisa ogé babaturan anu milu ngumpul.
Intina, urang Sunda anu sayakti mibanda sipat béréhan ka batur, boh batur sasama urang Sunda boh batur lianna. Hartina urang Sunda anu sayakti mibanda rasa sosial anu luhur. Henteu korét. Henteu kékéd méngkéné atawa merégéhésé alias cap jahé. Urang Sunda anu sayakti resep tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Ulah boroning ka dulur, dalah ka batur balangbangan ogé urang Sunda anu sayakti mah balabah ku kanyaah.
Naha bet disebut urang Sunda anu sayakti? Atuh da ayeuna mah pasipatan urang Sunda anu sayakti geus luntur ku usum. Ayeuna mah apan usumna paaing-aing. Urang Sunda kiwari lir budah luhureun sagara. Kacirina ngagunung, ari tempona katebak angin mah éta budah téh leungit, euweuh, kosong. Enya, pasipatan anu sayaktina anu kosong téh. Aéh, kétang, teu dileuleungit, kari hiji anu nyésana téh. Kitu gé disésakeun: dasar, urang Sunda! [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar