Ngamumulé Penca, Ngamumulé Budaya Sunda

Kiki Rosadi jeung Iip Hidayat, adi lanceuk nu mikacinta seni penca. | sundaonline.com

Saliwat mah moal nyangka yén maranéhna jarago penca. Atuh da henteu nyirikeun. Basa ngawangkong jeung nu nulis ogé maranéhna mani rengkuh, handap asor kalayan tata-titina merenah. Padahal maranéhna kasebut nonoman anu keur meujeuhna belekesenteng. Ngaranna téh Iip Hidayat (22) jeung Kiki Rosadi (19), urang Cikopo, Parungserab, Kabupatén Bandung. Iip jeung Kiki téh adi lanceuk, ngan sakaresep: ti bubudak resep kana penca. 

Apal maranéhna jarago penca teh basa nu nulis nungkulan acara Gelar Budaya di Kampung Kiaraeunyeuh, Désa Banyusari, Kacamatan Katapang, Kabupatén Bandung, Saptu, 21 Januari 2017. Harita dina panggung Iip jeung Kiki tarung, dipadungdungkeun ku tepak kendangna Mang Odod anu beuki lila beuki ragot jeung tarik. Kalayan rikat, Kiki ngagiwar basa nampa serangan ti Iip. Pon nyakitu sabalikna. Nu lalajo harookeun ngabandunganana. Bawaning ku reueus, lung Kades Banyusari, Drs Asép Dikdik T, BE, anu calik pangpayunna ngalungkeun artos lambaran kana panggung. Sora keprok ti nu lalajo kadéngé harusna basa Iip jeung Kiki mungkas atraksina.

Atraksi seni penca matak hookeun nu lalajo. | sundaonline.com

Ku ayana éta Gelar Budaya anu jejerna “Nyukcruk Galur Nyaah ka Lembur” téh, katangén yén warga Désa Banyusari loba kamonésanana. Enya, lain penca, calung jeung rupa-rupa kasenian wungkul anu digelar dina éta acara téh. Lomba tumpeng antar-RW ogé aya. Matakna rék teu ramé kumaha éta gelar budaya anu dialpukahan ku budayawan anu katelahna Ki Dénkur jeung H. Koko Harémoko tèh. Ongkoh deui acarana ti isuk-isuk nepi ka peuting.

“Abdi mah resep kana penca téh,” ceuk Iip ka nu nulis sabot diuk gigireun panggung. Resepna? “Atuh da ageung pisan mangpaatna penca mah,” pokna deui bari tuluy nétélakeun yén penca téh matak séhat kana awak, ogé méré kasugemaan kana batin. Malah, numutkeun sajarah, sumbangsihna parajawara penca kana kamerdikaan Indonesia pohara gedéna. Ingkahna parapanjajah ti lemah cai urang téh apan, salasahijina, ku andilna parajawara penca.

Kadés Banyusari, Drs. Asép Dikdik T, BE

Saméméh Iip jeung Kiki naék ka panggung, aya barudak satepak anu manggung mintonkeun kaéndahan seni penca. Pon nyakitu sabadana Iip jeung Kiki turun tina panggung. Mang Odod nu mupuhuan Paguron Penca Sinar Siliwangi ogé ngersakeun kaul metakeun sawatara jurus pencana anu kacida éndahna.

Sanajan kitu, ceuk Iip, nu mikacinta seni penca teu kaitung loba. Upama dibandingkeun jeung jumlah nonoman nu aya di Tatar Sunda, barudak ayeuna nu mikacinta seni penca kaitung saeutik. “Barudak ayeuna mah seuseueurna milih janten anak band,” Iip semu hanjelu. “Eta téh ku margi maranéhna teu apaleun kana sajarah sareng mangpaatna penca,” Iip medarkeun pamanggihna.

Eta pamanggihna Iip henteu mencog. Da geuning ari geus katempoeun mah alusna penca, barudak anu lalajo éta gelar budaya téh kabaritaeun ku penca. “Abdi ogé hoyong diajar penca ah,” ceuk Nadine, budak kelas lima SD nu dibawa lalajo gelar budaya ku uwana.

Iip jeung Kiki mah ti leuleutik geus diwanohkeun kana seni penca ku kolotna. Matakna ti bubudak geus tibelat kana seni penca. Angot sanggeus digembléng ku guruna, Encép Sutisna (suargi) mah. Iip jeung Kiki giak dipentés manggung mintonkeun kalangenanana. “Tampolana mah di rorompok ogé abdi sareng pun lanceuk sok gegelutan,” ceuk Kiki bari nyéréngéh. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer